Ki Raden Tumenggung Rangga Gading, nu sanggeus dijujut silsilahna , masih katurunan Adipati Madiun Akina Adipati nu ayeuna; atuh Ki Rangga diaku pisan.
Sanggeus manehna ngabukbak leuweung nu can dibuka; ngajadikeun hiji karaton katumengungan; saterusna Ki Rangga ku para abdi dalemna disarankeun supaya gaduh Prameswari, Nya akhirna indit ka Losari, nu ayeuna geus diadegkeun deui, ku urut anak buah Singa Barong nu geus bubar; dipimpin ku Nyoman Sakarta; nu teu hayang milu balik ka Bali. Tapi barang Ki Tumenggung Rangga ngalamar tangtu we ditolak sapajodogan. Cenah Nyi Lasmini teu hayang nikah; geus kapalang lalagasan. Atuh Ki Rangga nyamos. Nyi Padmini nganasehatan terus2an Nyi Lasmini supaya ulah terus lalagasan wae. Nya sanggeus leuwih ti saratus kalina dipapatahan, malah diduakeun ku loba ustadz; akhirna Mawar Hideung daek nikah ka KI Rangga saratna Ki Rangga kudu ngelehkeun Mawar Hideung ! Atuh tangtu we eta syarat kacida beuratnaa; di na hal ieu Jalma ngadukung pisan ; nya bari samuni manehna ngabantuan Ki Rangga ti kajauhan; Nyi Padmini apaleun; tapi manehna api2 teu nyaho we. Akhirna bari jeung susah pisan Mawar Hideung bisa oge ditalukeun. Nya akhirna Mawar Hideung Lasmini Dewi resmi jadi prameswari Tumenggung Rangga Gading. Ari Ki Nurustunjung milu ka Ki Padmarasa rek neuleuman masalah kailahian. Kumaha ari Nyi Epon ? Manehna mentegeg pisan lantaran Nyi Ipah teu jadi kawin ka Jalma; malah jadi ka Cakramana. Tapi nya akhirna manehna ge teu bisa kukumaha. Kumaha Ajengan Salim jeung K.H. Syarif ? tadina mah hanjakaleun oge; tapi sanggeus diterangkeun panjang lebar ku Kebo Rarangin, maranehna bisa narima; nya maranehna tiluan dipangnyieunkeun imah di Wanayasa; Ki Bejo oge nu geus nikah ka santri urang dinya; nyieun imah sorangan; deukeut ka nu tiluan. Hanca
