Kumaha ari Sari ? Manehna kaget barang kadatangan Anggraeni, nu nyembah2 menta supaya Sari daek dimaru ku Anggraeni; nikah ka Jalma. Atuh tangtu we Sari beuki kuat kayakinanana ngamajukeun Paguron Walet Hideung.
Manehna nolak bari ngahargaan ka Anggraeni; terus wae duanana jangji rek jadi dulur angkat, nu bakal silih asih silih asuh; cenah ke mun Kang Jalma galak atawa bengal; Sari bakal turun ngabela Anggraeni. Kumaha ari Utari ? Bejana mah ditikah Ku Demang Wirareja di Ngayogtakarta Hadiningrat. Utari apal yen Jalma geus boga papacangan urang Wanayasa, cenah. Nya akhirna Jalma indit ngajauhan Cirebon, duaan jeung pamajikanana , nya eta Anggraeni. Duka ka mana inditna. Euweuh beja euweuh carita deui. TAMAT
