Amiinn....
Salajengna urang nungguan sugan aya Produser anu terinspirasi jeung
ngangkat carita ieu jadi Film.
^_^
On 02/20/2013 11:47 AM, Dede Sukaryana wrote:
Al Fatihah.......Alhamdulillah dangeut ieu parantos rengse kalayan
berkah salamet cersil sunda anu di pedar ku kasepuhan...mangga urang
do'akan Jalma sareng istrina sing tiasa ngalalakon deui kanggo
medarken cersil2 sunda liannya...amiiiin.
Baktos
Wassalam
------------------------------------------------------------------------
*From:* Abbas Amien <[email protected]>
*To:* kisunda <[email protected]>; urangsunda
<[email protected]>
*Sent:* Wednesday, February 20, 2013 11:31 AM
*Subject:* [kisunda] Cersil Sunda 397
Kumaha ari Sari ? Manehna kaget barang kadatangan Anggraeni, nu
nyembah2 menta supaya Sari daek dimaru ku Anggraeni; nikah ka Jalma.
Atuh tangtu we Sari beuki kuat kayakinanana ngamajukeun Paguron Walet
Hideung.
Manehna nolak bari ngahargaan ka Anggraeni; terus wae duanana jangji
rek jadi dulur angkat, nu bakal silih asih silih asuh; cenah ke mun
Kang Jalma galak atawa bengal; Sari bakal turun ngabela Anggraeni.
Kumaha ari Utari ? Bejana mah ditikah Ku Demang Wirareja di
Ngayogtakarta Hadiningrat. Utari apal yen Jalma geus boga papacangan
urang Wanayasa, cenah.
Nya akhirna Jalma indit ngajauhan Cirebon, duaan jeung pamajikanana ,
nya eta Anggraeni. Duka ka mana inditna. Euweuh beja euweuh carita deui.
TAMAT