Alhamdulillah, geuning geus tamat. Hatur nuhun pisan Bah. Mudah2an teu lila deui uing, bisa maca carita lalampahan anak-anak para pandekar sunda, Jalma, Mawar Hideung, Nyi Ipah, Nyi Epon jst...
Mangga Bah Abbas, didoakeun pisan ku uing sing sehat wal afiat supaya bisa terus nyieun cersil hehehehehe..... On Wed, 2/20/13, Abbas Amien <[email protected]> wrote: From: Abbas Amien <[email protected]> Subject: [kisunda] Cersil Sunda 397 To: "kisunda" <[email protected]>, "urangsunda" <[email protected]> Date: Wednesday, February 20, 2013, 11:31 AM Kumaha ari Sari ? Manehna kaget barang kadatangan Anggraeni, nu nyembah2 menta supaya Sari daek dimaru ku Anggraeni; nikah ka Jalma. Atuh tangtu we Sari beuki kuat kayakinanana ngamajukeun Paguron Walet Hideung. Manehna nolak bari ngahargaan ka Anggraeni; terus wae duanana jangji rek jadi dulur angkat, nu bakal silih asih silih asuh; cenah ke mun Kang Jalma galak atawa bengal; Sari bakal turun ngabela Anggraeni. Kumaha ari Utari ? Bejana mah ditikah Ku Demang Wirareja di Ngayogtakarta Hadiningrat. Utari apal yen Jalma geus boga papacangan urang Wanayasa, cenah. Nya akhirna Jalma indit ngajauhan Cirebon, duaan jeung pamajikanana , nya eta Anggraeni. Duka ka mana inditna. Euweuh beja euweuh carita deui. TAMAT
