Aanalisaan Pilkada Cagub Jawa Barat Sok sanajan embaran resmi saha calon resmi anu dibendo (pajabat) gupernur Jawa Barat 1 Maret, tapi itungan gancang (quick count) sababaraha lembaga netelakeun, cagub nomer 4 anu unggul. Tapi urang lembur Kusnet mah adem ayem wae. Beda upama Persib ngadu jajaten jeung kleub sejen.
Jawa Barat lain siga Jakarta, anu ngan “sacangkewok”, dimana kasadaran masyarakat dina perkara hak jeung kawajiban diluhureun provinsi sejenna di Endonesia, nyobat ka media cetak/elektronik, jrrd. Jadi asana rada hese ngabeuli hate masyarakat Jawa Barat ku ngan sakadar “ngetop” di tingkat Jawa Barat/nasional, mamawa tokoh selebritis tingkat nasional dina kampanye, kritis dina masalah kaadilan, kabebasan, nawarkeun program anu ngabebaskeun haratis berobat ka rumah sakit, atawa nawarkeun rek mere 500 juta perak ka satiap desa sa Jawa Barat, unggal taunna. Jadi pondok caritana karakteristik masyarakat Jawa Barat “rada aneh”, kumaha ngabeuli hate masyarakat Jawa Barat. Anu jadi tanda tanya naon kasuksesan calon dina narik sora masyarakat Jawa Barat. Samentara ieu faktor anu utama mah, colonna “incumben”, geus leuwih dipikawanoh ku masyarakat, lain pedah cagubna bintang iklan/sinetron/film, atawa pedah aya iklan lucu Dicky Chandra atawa Sule. Upama ngabanding-bandingkeun tokoh seleb anu dipikawanoh ku masyarakat dina perkara pilkada ieu, aya hal-hal anu jadi bahan pertimbangan, sok sanajan ieu heunteu mutlak jadi faktor utama pemilih dina milih calon. Dede ‘macan’ Jusuf, anu kungsi jadi manten wakil gupernur, anak bintang film terkenal, masih eleh pamor alias aya dihandapeun kalangkang gupernur. Ceuk cenah mah prestasinya “ngabangkitkeun” industri perbatikan di Jawa Barat. Tapi eta teh ngan diinget/dipikanyo ku masyarakat perkotaan, heunteu nepi ka masyarakat “akar rumput”. Rieke anu dicalonkeun ku PDIP, di tingkat nasional/perkotaan mah geus teu bireuk deui. Tapi pikeun masyarakat kampung mah, dipikanyaho sabage bintang sinetron “si Oneng” anu ektingna sabage hiji wanoja kampung anu lugu tapi bodo. Eta oge tayanganana di televisi swasta sababaraha taun katukang, pastina oge sabagian masyarakat geus poho. Bandingkeun jeung Dedi Mizwar. Dina sinetron Para Pencari Tuhan, anu tayang unggal bulan puasa, ektingna hiji jalma anu paling nyaho dina perkara kaagamaan. Katingali komara jeung dipikaajrih ku pamaen sejenna. Naha faktor ieu, nu jadi salah sahiji kaunggulan calon nomer 4? mrachmatrawyani
