Aya selentingan beja, cenah mah salah sahiji cagub manten bupati Indramayu, istrina nepi ka opat. Kuduna mah calon eta anu loba dipilih ku masyarakat Jawa Barat. APBD bisa tekor pikeun pikeun balanja 4 kulawarga, siga Presiden PKS anu kamari, anu kapaksa menta komisi tina ngajual daging. wkwkwkwk
mrachmatrawyani ________________________________ From: "[email protected]" <[email protected]> To: kisunda <[email protected]> Sent: Monday, February 25, 2013 12:41 AM Subject: Re: [kisunda] aana lisaan Pilkada Cagub Jawa Barat Ahhh sigana mah faktor ngawayuh kang. Lamun milih model oneng euuuh si bapa ke ngawarayuh, jadi teu marilih oneng. Nu resep ngawayuh (masing ngan berwacana ge kaci) nyaaa milih nomer 4 ateuh. Tah faktor ngawayuh mangga korelasikeun ka masing2 nu nyepeng nomer heu heu. Ari sim kuring nu mana we sae lah (da KTP DKI), nu penting ulah dua puteran sabab hajat dua kali mah cape dompet. Nu kadua nya syukur we kacirina mah cagub/cawagub urang2 sunda (sanes nu di sunda tapi rek nyalon di sumut geuning). salam ka sadaya. TCW Powered by Telkomsel BlackBerry® ________________________________ From: MRachmat Rawyani <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Sun, 24 Feb 2013 20:29:13 -0800 (PST) To: [email protected]<[email protected]>; urangsunda urangsunda<[email protected]> ReplyTo: [email protected] Subject: [kisunda] aana lisaan Pilkada Cagub Jawa Barat Aanalisaan Pilkada Cagub Jawa Barat Sok sanajan embaran resmi saha calon resmi anu dibendo (pajabat) gupernur Jawa Barat 1 Maret, tapi itungan gancang (quick count) sababaraha lembaga netelakeun, cagub nomer 4 anu unggul. Tapi urang lembur Kusnet mah adem ayem wae. Beda upama Persib ngadu jajaten jeung kleub sejen. Jawa Barat lain siga Jakarta, anu ngan “sacangkewok”, dimana kasadaran masyarakat dina perkara hak jeung kawajiban diluhureun provinsi sejenna di Endonesia, nyobat ka media cetak/elektronik, jrrd. Jadi asana rada hese ngabeuli hate masyarakat Jawa Barat ku ngan sakadar “ngetop” di tingkat Jawa Barat/nasional, mamawa tokoh selebritis tingkat nasional dina kampanye, kritis dina masalah kaadilan, kabebasan, nawarkeun program anu ngabebaskeun haratis berobat ka rumah sakit, atawa nawarkeun rek mere 500 juta perak ka satiap desa sa Jawa Barat, unggal taunna. Jadi pondok caritana karakteristik masyarakat Jawa Barat “rada aneh”, kumaha ngabeuli hate masyarakat Jawa Barat. Anu jadi tanda tanya naon kasuksesan calon dina narik sora masyarakat Jawa Barat. Samentara ieu faktor anu utama mah, colonna “incumben”, geus leuwih dipikawanoh ku masyarakat, lain pedah cagubna bintang iklan/sinetron/film, atawa pedah aya iklan lucu Dicky Chandra atawa Sule. Upama ngabanding-bandingkeun tokoh seleb anu dipikawanoh ku masyarakat dina perkara pilkada ieu, aya hal-hal anu jadi bahan pertimbangan, sok sanajan ieu heunteu mutlak jadi faktor utama pemilih dina milih calon. Dede ‘macan’ Jusuf, anu kungsi jadi manten wakil gupernur, anak bintang film terkenal, masih eleh pamor alias aya dihandapeun kalangkang gupernur. Ceuk cenah mah prestasinya “ngabangkitkeun” industri perbatikan di Jawa Barat. Tapi eta teh ngan diinget/dipikanyo ku masyarakat perkotaan, heunteu nepi ka masyarakat “akar rumput”. Rieke anu dicalonkeun ku PDIP, di tingkat nasional/perkotaan mah geus teu bireuk deui. Tapi pikeun masyarakat kampung mah, dipikanyaho sabage bintang sinetron “si Oneng” anu ektingna sabage hiji wanoja kampung anu lugu tapi bodo. Eta oge tayanganana di televisi swasta sababaraha taun katukang, pastina oge sabagian masyarakat geus poho. Bandingkeun jeung Dedi Mizwar. Dina sinetron Para Pencari Tuhan, anu tayang unggal bulan puasa, ektingna hiji jalma anu paling nyaho dina perkara kaagamaan. Katingali komara jeung dipikaajrih ku pamaen sejenna. Naha faktor ieu, nu jadi salah sahiji kaunggulan calon nomer 4? mrachmatrawyani
