Hahahaha ; laut oge aya staandaardna ngukur teh; nya uing ge boga standardna 
sorangan hahaha !

--- On Tue, 26/2/13, Ki Hasan <[email protected]> wrote:

From: Ki Hasan <[email protected]>
Subject: Re: [kisunda] aana lisaan Pilkada Cagub Jawa Barat
To: [email protected]
Cc: "urangsunda" <[email protected]>
Received: Tuesday, 26 February, 2013, 2:15 AM
















 



  


    
      
      
      Timana dtangna angka 95% teh, Bah AA? 

2013/2/26 Abbas Amien <[email protected]>
















 



  


    
      
      
      Jempol oge analisana. 95 % faktual.

--- On Mon, 25/2/13, MRachmat Rawyani <[email protected]> wrote:


From: MRachmat Rawyani <[email protected]>
Subject: [kisunda] aana lisaan Pilkada Cagub Jawa Barat

To: "[email protected]" <[email protected]>, "urangsunda 
urangsunda" <[email protected]>

Received: Monday, 25 February, 2013, 4:29 AM
















 



    
      
      
      

Aanalisaan Pilkada Cagub Jawa Barat



Sok sanajan
embaran resmi saha  calon resmi anu dibendo
(pajabat) gupernur Jawa Barat 1 Maret, tapi itungan gancang (quick count)
sababaraha lembaga netelakeun, cagub nomer 4 anu unggul. Tapi   urang
lembur Kusnet mah adem ayem wae. Beda upama Persib ngadu jajaten jeung kleub
sejen.


Jawa Barat lain
siga Jakarta, anu ngan “sacangkewok”, dimana kasadaran  masyarakat dina perkara 
hak jeung kawajiban
diluhureun provinsi sejenna di Endonesia, nyobat ka media cetak/elektronik,
jrrd.  Jadi asana rada hese ngabeuli hate
masyarakat Jawa Barat ku ngan sakadar “ngetop” di tingkat Jawa Barat/nasional,
mamawa tokoh selebritis tingkat nasional dina kampanye,   kritis dina masalah 
kaadilan,  kabebasan, nawarkeun program anu ngabebaskeun
haratis berobat ka rumah sakit, atawa nawarkeun rek mere 500 juta perak ka
satiap desa sa Jawa Barat, unggal taunna. Jadi pondok caritana karakteristik
masyarakat Jawa Barat “rada aneh”, kumaha ngabeuli hate masyarakat Jawa Barat. 
Anu
jadi tanda tanya naon kasuksesan calon dina narik sora masyarakat Jawa Barat.
Samentara ieu faktor anu utama mah, colonna “incumben”, geus leuwih dipikawanoh
ku masyarakat, lain pedah cagubna bintang iklan/sinetron/film, atawa pedah aya
iklan lucu Dicky Chandra atawa  Sule. 




Upama
ngabanding-bandingkeun tokoh seleb  anu
dipikawanoh ku masyarakat dina perkara pilkada ieu, aya hal-hal anu jadi bahan
pertimbangan, sok sanajan  ieu heunteu
mutlak jadi faktor utama pemilih dina milih calon. Dede ‘macan’ Jusuf, anu
kungsi jadi manten wakil gupernur, anak bintang film terkenal,  masih eleh 
pamor alias aya dihandapeun
kalangkang gupernur. Ceuk cenah mah prestasinya “ngabangkitkeun” industri 
perbatikan
di Jawa Barat. Tapi eta teh ngan diinget/dipikanyo ku masyarakat perkotaan,
heunteu nepi ka masyarakat “akar rumput”. Rieke anu dicalonkeun ku PDIP, di
tingkat nasional/perkotaan mah geus teu bireuk deui. Tapi pikeun masyarakat 
kampung
mah, dipikanyaho sabage bintang sinetron “si Oneng” anu ektingna sabage hiji
wanoja kampung anu lugu tapi bodo. Eta oge tayanganana di televisi swasta 
sababaraha
taun katukang, pastina oge sabagian masyarakat geus poho. Bandingkeun jeung
Dedi Mizwar. Dina sinetron Para Pencari Tuhan, anu tayang unggal bulan puasa,
ektingna hiji jalma anu paling nyaho dina perkara kaagamaan. Katingali komara
jeung dipikaajrih ku pamaen sejenna. Naha faktor ieu, nu jadi salah sahiji
kaunggulan calon nomer 4?

 

mrachmatrawyani




    
     

    
    






  








Kirim email ke