Cacahan Bantenan - Katulah Cawokah
Ku Intan Jamsah
"Haruh nyeri bobokong amat aing," ceuk Mang Kajong bari humariring, "Haruh
kumaha ieu, kamana Satnah tah Indung dia? Aing geus pupuringkelan bae geh
euweuh padulina," bari terus meuseulan cangkeng jeung Bobokongna. Ceuk Si
Satnah, "Abah, Ambu mah cenah geuh moal ngurusan Abah, ja cenageh inget
keneh basa keur dicandungkeun ku Abah, Abah cenageh rosa nganyenyerina ka
Ambu." "Hooh dasar nageh, indung dia mah teu daek sadar bae, ja ku aing
geus ditaralak kabeh geh, ku di-inget-inget bae nyah," ceuk Si Abah tea,
"Naon kudu dicandungkeun deui kitu ku Aing?" ceuk si Abah bari terus
ngurutan hulu tuur, ja sigana sagala nyerina ngarambat ka mamana. Tah lur
kumaha eta nu kitu nyah, Si Ambu inget keur dinyerikeun jadi embung
ngurusan Si Abah, Si Abah kuari keur numpra bae loba kanyeri. Eta katulah
mereun nya keur ngorana cawokah teuing.

Kirim email ke