Enya sok urang pada taroongan, urang euyeuban kosa kecap basa Sunda teh ku
basa wewengkon. Keun wae undak-usuk mah saheulaanan, da teu anggeus-angeus
padungdengan ti baheula ge. Urang nyarieun basa Sunda wanda anyar, nu bisa
ngaadaptasi sakur basa dialek nu aya di tiap wewengkon.

2013/2/26 rsyaifoel <[email protected]>

> Baraya, Kang MH, hayu urang nyieun rubrik maneuh nganalisis kekecapan anu
> dipake dina dialek Banten. Urang pada mikawanoh basa dialek sejen?
>
> Urang mimitian lah!
>
> Mun maca ieu carita, sigana mah aya beda hartina kecap 'cawokah'dina
> dialek Banten. Ari dina dialek Priangan mah 'cawokah'teh pan sarua jeung
> kecap 'jorang'lin? Hartina sok resep ngomong atawa nyarita anu rada nyabit2
> esek-esek. Maca konteks dina ieu carita... kecap 'cawokah'dilarapkeun kana
> 'kalakuan'anuresep ngesek. Jelema nu cawokah di Priangan mah TEU perlu bari
> prak!:))
>
> Kitu?
>
> Kecap 'katulah' mah asa saruanya? Katulah teh hartina efek negatif tina
> hiji kalakuan ngalanggar hiji larangan?
>
> --- In [email protected], Ki Hasan <khs579@...> wrote:
> >
> > Cacahan Bantenan - Katulah Cawokah
> > Ku Intan Jamsah
> > "Haruh nyeri bobokong amat aing," ceuk Mang Kajong bari humariring,
> "Haruh
> > kumaha ieu, kamana Satnah tah Indung dia? Aing geus pupuringkelan bae geh
> > euweuh padulina," bari terus meuseulan cangkeng jeung Bobokongna. Ceuk Si
> > Satnah, "Abah, Ambu mah cenah geuh moal ngurusan Abah, ja cenageh inget
> > keneh basa keur dicandungkeun ku Abah, Abah cenageh rosa nganyenyerina ka
> > Ambu." "Hooh dasar nageh, indung dia mah teu daek sadar bae, ja ku aing
> > geus ditaralak kabeh geh, ku di-inget-inget bae nyah," ceuk Si Abah tea,
> > "Naon kudu dicandungkeun deui kitu ku Aing?" ceuk si Abah bari terus
> > ngurutan hulu tuur, ja sigana sagala nyerina ngarambat ka mamana. Tah lur
> > kumaha eta nu kitu nyah, Si Ambu inget keur dinyerikeun jadi embung
> > ngurusan Si Abah, Si Abah kuari keur numpra bae loba kanyeri. Eta katulah
> > mereun nya keur ngorana cawokah teuing.
> >
>
>

Kirim email ke