Ieu Carita Klassik Tiongkok ( China ); diasupkeun ka na Kategori Roman Sejarah. Sam Kok geus ditarjamahkeun ku ratusan Bahasa di sadunya. The Inggris ditarjamahkan lansung The Three Kingdom; di Indonesia rupa2 aya terjemahan Tiga Negara Saling Bertanding; aya oge Kisah Tiga Negara.
Ieu Roman sejarah teh kajadianana kira2 taun 200an nepi ka 400an Masehi. Nya eta waktuna Dinasti Han rek pareum pisan. Jadi masa2 akhir Dinasti Han. Kaisar geus kurang pangaruhna; lantaran loba teuing para pajabat nu ambisius; nu oge boga cita2 hayang jadi Kaisar, Tokoh2 di na Sam Kok : 1. Choo Choo; disebut ge Chou Chou. GENIUS di na jamanna; ngan rada LICIK. Jeung demi cita2na ngahalalkeun sagala cara. Pangkaatna atawa karierna cepet nanjak ti na golongan Perwira menengah ( Kolonel ) ; nepi ka akhirna jadi Mentri. Kageniusanana nyaa eta bisa milih pagawe2 nu bener2 satia ka manehna. Jadi Managementna unggul ti saingan2nana. Ngawasa China Kaler kira2 50% atawa 60% China sagemblengna. 2. Lauw Pie ( Liu Bay Mandarin ) Masih aya bau2 sinduk ka Kaisar ( She na saarua Lauw ); asalna jelema miskin tukang jualan karajinan tangan murahan. Didukung ku addi2 angkatna nu jarago Kung Fu nya eta Kwan Kong alias Kwan In Tiang mun Mandarinna Guan Yu. Terus ku Thi Hui si berangasan; Mandarinna Zang Fei. Ngawasa pangleutikna daerah Kulon Kidul; kira2 15% China sagemblengna 3. Sun Kwan, meunang waarisan ti lanceukna Sun Chek, nu bajoang ti 0 deui; ngarintis bapana nu gagah Perkasa Sun Kian. Taapi PD teuing. Sun Check kasohor pisan ngajago di Wetan Kidul; ku kaajagoanana manehna bisa ngahijikeun tina tanah sajeungkal jadi ratusan hektar; nyaa bisa ngadegkeun nagara. Kakuasanana kira2 25% ti na sagemblengna China. Tah ieu nu tilu nagara teh hayang ngahijikeun supaya China ngan ukur hiji. Nya terus ngayakeun peperangan teu eureun2. Akhirna nu meunaang teh wilaayah Kaler nu dikawasa ku CHoo Choo; tapi nu kawasanaa lain kulawargaa Choo Choo; tapi geus dikudeta ku Panglima perangna sanggeus Choo Choo paeh. Paanglima teh She Suma. Nya akhirna kulawarga SUMA jadi ngawasa China. Dina ieu carita; mucunghul oge tokoh2 nu hebat2 jeung Genius; antarana : 1. Khong Bing. Ieu mah malah dianggaap satengah Dewa; lantaran lobaa saciduh metu saucap nyata. 2. Chiu Jie Pahlawan Sun Kwan. Tapi masih eleh ku Khong Bing Cukat Liang. Pahlawan2 nu paling kasohor , nya rta : Thio Chu Liong atawa Zaao Yun maandarinna. Tapi nu pangjagona Silat mah nya eta Lu Po atawa Lu Bu. Choo Choo ijid pisan ka si Lu Po teh. Sakieu wae ieu resensi atawa ringkesna Sam Kok
