Ari kuring mah sok kaliru jeung dongeng carita klasik "Sam Pek Eng Tay". Aya 
hiji radio swasta di Indonesia (duka hialp deui radio naon), saban wengi dina 
jam-jam anu tinangtu, sok ngariley radio tiongkok versi bahasa Indonesia. Tah, 
salah sahijina teh, sok ngadongeng carita klasik "Sam Pek Eng Tay". Di RRI 
baheula asana teh kungsi oge sok nyiarkeun carita drama, judulna "butir-butir 
pasir di laut". Tapi drama ieu dina raraga ngamasyarakatkeun program KB. 
Caritana mah rekaan, lain tina carita klasik tina roman sajarah.

mrachmatrawyani




________________________________
 From: Abbas Amien <[email protected]>
To: kisunda <[email protected]>; urangsunda <[email protected]> 
Sent: Tuesday, February 26, 2013 12:02 AM
Subject: [kisunda] SAM KOK - Ringkesan carita
 

  
Ieu Carita Klassik Tiongkok ( China ); diasupkeun ka na Kategori Roman Sejarah.
Sam Kok geus ditarjamahkeun ku ratusan Bahasa di sadunya. The Inggris 
ditarjamahkan lansung The Three Kingdom; di Indonesia rupa2 aya terjemahan Tiga 
Negara Saling Bertanding; aya oge Kisah Tiga Negara.

Ieu Roman sejarah teh kajadianana kira2 taun 200an nepi ka 400an Masehi. Nya 
eta waktuna Dinasti Han rek pareum pisan. Jadi masa2 akhir Dinasti Han.

Kaisar geus kurang pangaruhna; lantaran loba teuing para pajabat nu ambisius; 
nu oge boga cita2 hayang jadi Kaisar,

Tokoh2 di na Sam Kok :

1. Choo Choo; disebut ge Chou Chou. GENIUS di na jamanna; ngan rada LICIK. 
Jeung demi cita2na ngahalalkeun sagala cara. Pangkaatna atawa karierna cepet 
nanjak ti na golongan Perwira menengah ( Kolonel ) ; nepi ka akhirna jadi 
Mentri. Kageniusanana nyaa eta bisa milih
 pagawe2 nu bener2 satia ka manehna. Jadi Managementna unggul ti saingan2nana. 
Ngawasa China Kaler kira2 50% atawa 60% China sagemblengna.

2. Lauw Pie ( Liu Bay Mandarin ) Masih aya bau2 sinduk ka Kaisar ( She na 
saarua Lauw ); asalna jelema miskin tukang jualan karajinan tangan murahan. 
Didukung ku addi2 angkatna nu jarago Kung Fu nya eta Kwan Kong alias Kwan In 
Tiang mun Mandarinna Guan Yu. Terus ku Thi Hui si berangasan; Mandarinna Zang 
Fei. Ngawasa pangleutikna daerah Kulon Kidul; kira2 15% China sagemblengna

3. Sun Kwan, meunang waarisan ti lanceukna Sun Chek, nu bajoang ti 0 deui; 
ngarintis bapana nu gagah Perkasa Sun Kian. Taapi PD teuing. Sun Check kasohor 
pisan ngajago di Wetan Kidul; ku kaajagoanana manehna bisa ngahijikeun tina 
tanah sajeungkal jadi ratusan hektar; nyaa bisa ngadegkeun nagara. Kakuasanana 
kira2 25% ti na sagemblengna China.

Tah ieu nu tilu nagara teh hayang ngahijikeun supaya China ngan ukur hiji. Nya
 terus ngayakeun peperangan teu eureun2.

Akhirna nu meunaang teh wilaayah Kaler nu dikawasa ku CHoo Choo; tapi nu 
kawasanaa lain kulawargaa Choo Choo; tapi geus dikudeta ku Panglima perangna 
sanggeus Choo Choo paeh. Paanglima teh She Suma. Nya akhirna kulawarga SUMA 
jadi ngawasa China.

Dina ieu carita; mucunghul oge tokoh2 nu hebat2 jeung Genius; antarana : 1. 
Khong Bing.
Ieu mah malah dianggaap satengah Dewa; lantaran lobaa saciduh metu saucap nyata.

2. Chiu Jie Pahlawan Sun Kwan. Tapi masih eleh ku Khong Bing Cukat Liang.

Pahlawan2 nu paling kasohor , nya rta : Thio Chu Liong atawa Zaao Yun 
maandarinna. Tapi nu pangjagona Silat mah nya eta Lu Po atawa Lu Bu. Choo Choo 
ijid pisan ka si Lu Po teh.

Sakieu wae ieu resensi atawa ringkesna Sam Kok


 
 

Kirim email ke