Wakakakakakakak hade euy analisa teh Kang... Matakna kudu ngadarukung ka PKS teh ;)... sugan kahareup Nyandung bakal di WAJIB keun euy ;).
Tapi kuring can wani nerangkeun kitu ka pamajikan euy... Sieun di gaplox hahaha. nuhuuuuns, mang kabayan www.udarider.com -----Original Message----- From: rsyaifoel <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Thu, 28 Feb 2013 09:58:28 To: <[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: [Baraya_Sunda] Re: Perkara Nyandung deui .... Ceuk logikana anu daek nyandung mah kieu. Mangpaat nyandung: 1. Negakeun syiar Islam. Rosul pernah nyandung. Sagala rupa anu dipilaku ku Rosul teh suna. Sing saha anu ngalakukeun sunah, meunang pahala. Jadi nyandung teh meunang pahala. Nu meunag pahala asup sawarga!:))) Nyandung=sawarga!;)) Nu embung nyandung teu nyaho hartina pahala, sarua jeung embung asup sawarga! 2. Nyandung boga harti sosial nu badag. Ku nyandung urang bisa NGABANTU randa (bengsrat) jeung budak yatim. Randa ngora anu perlu nafkah batin (esek2 tea euy), pan bisa kasubadanan ku alatan dicandung! Budak yatimna kaurus ku tukang nyandung. :)) Lian ti kitu, para mojang anu TEU boga kasempetan meunang calon salaki, pan mun dicandung mah kasempetan na ngagedean! Taktikna? Mun rek ngalamar, sebutkeun perjaka weh, siga taktik Joko. Ulah bebeja rek dicandung. Haram nu kitu mah. 3. Nyandung teh hade keur kamajuan ekonomi. Nu nyandung daek babagi hartana. Duit tukang nyandung teu numpuk di hiji kulawarga. Duit tukang nyandung muter. Duit muter teh alus jang ekonomi. Kasimpulan: hayoh nyarandung kadinyah!Keur kamajuan bangsa jeung kamanusaan eta teh.:))) --- In [email protected], "Waluya" <waluya2006@...> wrote: > > Baheula di millis sok rame lamun padungdengan perkara nyandung teh. Uing ti > baheula oge yakin nyandung teh loba mudaratna tinimbang manfaatna. Boga > pamajikan leuwih ti hiji, merlukeun biaya nu leuwih gede. Keur pejabat atawa > PNS, ngan pamajikan kahiji nu dibere tunjangan ku nagara (kitu ge teu > sabaraha), > nu kadua jeung saterusna mah mangga "tanggung sendiri". Akibatna weleh ..jadi > korupsi gede-gedean. Buktina tinggorehel ayeuna. > > Irjen Djoko Susilo, jenderal pulisi nu ayeuna keur ditahan KPK, kabuktian boga > pamajikan tepika tilu urang (beja dina detik poe ieu). Pamajikan kaduana nu > dikawin tahun 2001, kakara kanyahoan ayeuna ku KPK, ari nu katilu mah pan > tilas > mojang Solo 2008. > > Politikus nu kasuruduk kasus sapi oge, pamajikanna kabejakeun tilu urang, komo > ari nu ditewak di hotel Le Meridem mah, cenah pamajikanana lima. Tapi acan > wareg > keneh, masih nyewa "ayam kampus" keur nyakeudeung. Hiji bukti yen nyangdung > teh > teu ngaleungitkeun kalakuan karesep kana "jajan". > > Jadi akibat nyandung, bisa ngadorong kalakuan korupsi! > > WLY >
