Baheula di millis sok rame lamun padungdengan perkara nyandung teh. Uing ti
baheula oge yakin nyandung teh loba mudaratna tinimbang manfaatna. Boga
pamajikan leuwih ti hiji, merlukeun biaya nu leuwih gede. Keur pejabat atawa
PNS, ngan pamajikan kahiji nu dibere tunjangan ku nagara (kitu ge teu sabaraha),
nu kadua jeung saterusna mah mangga "tanggung sendiri". Akibatna weleh ..jadi
korupsi gede-gedean. Buktina tinggorehel ayeuna.
Irjen Djoko Susilo, jenderal pulisi nu ayeuna keur ditahan KPK, kabuktian boga
pamajikan tepika tilu urang (beja dina detik poe ieu). Pamajikan kaduana nu
dikawin tahun 2001, kakara kanyahoan ayeuna ku KPK, ari nu katilu mah pan tilas
mojang Solo 2008.
Politikus nu kasuruduk kasus sapi oge, pamajikanna kabejakeun tilu urang, komo
ari nu ditewak di hotel Le Meridem mah, cenah pamajikanana lima. Tapi acan wareg
keneh, masih nyewa "ayam kampus" keur nyakeudeung. Hiji bukti yen nyangdung teh
teu ngaleungitkeun kalakuan karesep kana "jajan".
Jadi akibat nyandung, bisa ngadorong kalakuan korupsi!
WLY
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
[email protected]
[email protected]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[email protected]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/