Saur panilik sim kuring mah, masalah anu diutarakeun teh masalah sosial anu kalintang gedena. Ari sosial (jeung budaya) teh pan hasil mangratus tahun kahirupan anu akhirna jadi karakter masyarakat. Tah jadi sapanilik sim kuring mah, jalan kaluarna sanes ku ngan saukur newak atawa ngamankeun anu ngalakukeun praktek narkoba atawa sex anu nyimpang; tapi urang sakabeh kudu nekadkeun pangrobahan sosial di masyarakat. Kumaha carana urang di kampung jeung dikota bisa akrab jeung tatangga. Bisa ngaramekeun deui kasenian-kasenian anu positip.
Masyarakat teh merlukeun pendidikan sosial anu terintegrasi dina kahirupan langsung. Ulah kasihir ku sinetron wungkul. Kumaha carana yen etika, karakter positip bisa katenjo langsung ku budak ngora dina kahirupan anu geus leuwih kolot. Budak ngora bisa ningali nu kolot ge teu bedegong, teu sarakah, teu rasa aing. Meureun budak ngora oge bakal era rek ngalakukan kagorengan di masyarakat lamun nenjo du karolot tartib. Tah kumaha atuh, sangkan di kompleks kolot bisa ngawarah budakna sing tartib naek motor ulah kekebutan jeung ngecot di jalan. Ulah kalahka mun budakna aya nu ngageungeureuhkeun ieu mah kolotna kalahka milu kasinggung mela kalakuan goreng anakna. Tah sapanilik sim kuring mah lingkungan urang teh perlu parobahan sosial anu tangtuna lain pagawean hampang. Perlu parobahan anu berkelanjutan, paguyuban budak ngora kudu remen ngabahas etika sosial. Kagiatan seni budaya anu bisa ngahijikeun kagiatan masyarakat kudu remen diayakeun. Walalhu'alam Febi Ahmad Hazairin ============== ________________________________ Von: oman abdurahman <[email protected]> An: [email protected] CC: urang sunda <[email protected]> Gesendet: 10:36 Freitag, 22.März 2013 Betreff: [kisunda] Kajahatan a Susila di Jabar Nerekab-->Perlu Ditingkatkeun deui Fungsi Rukun Tatangga jeung Rukun Warga A'udzubillahi min dzaalik, Ngabandungan kajadian kajahatan susila atawa kalakuan2 a susila di wilayah Tatar Sunda akhir-akhir ieu matak ngabirigidig. Salah sahijina, sakumaha diwartakeun dina status FB sobat si kuringm dicutat di handap ieu: #Kini, dextro sebagai obat batuk telah disalahgunakan dan dikonsumsi remaja untuk mabuk dengan dikonsumsi dalam jumlah banyak sekali minum. Sangat miris membaca berita, seorang gadis di daerah Ciawi, Kabupaten Tasikmalaya, telah dicabuli enam pemuda yang sebelum aksinya telah mencekoki sang gadis sampai mabuk dengan dextro. Pelaku juga diketahui mengkonsumsi obat yang sama sebelum memperkosa sang gadis. Kemudian kasus perkosaan lain juga dialami seorang pelajar SMP di Cigalontang, Kabupaten Tasikmalaya, dicabuli empat pemuda mabuk setelah mengonsumsi dextro. # Salengkepna, sakumaha dina alamat ieu: http://herusupanji.blogspot.com/2013/03/dextro.html?spref=fb Kamari peuting tina salah sahiji siaran radio kabejakeun di Bandung aya bapak ngareuneuhan anak kandungan sorangan umur 15 taun, malah sadua-dua anak kandung sorangan digadabah, anu hiji nepi ka reuneuhna. Samemehna, sakumaha kabandungan ku urang sarerean kajadian-kajadian anu sarupa di Depok jeung lianna. Jajauheun kana kota / daerah Wisata Syari'ah ningal kitu mah, asa rek kiamat wae nu aya dunya teh. Tiantara sabab musababna, anu kabaca jeung kabandungan, taya liayn ti pangaruh obat atawa anu populer disebut NARKOBA tea. Cikan baraya, usula naon wae anu bisa dilakukeun ku masyarakat sangkan gerak sorangan ngalaporkeun boh newak anu marake obat pikeun dipasrahkeun ka anu berwajib. Sangkan masyarakat bisa mandiri, teu kudu ngandelkeun wae aparat pamarentah, nyegah kajahatan make narkoba jeung akibat-akibatna. Pikeun hal eta, si kuring ku usul sangkan kagunaan atawa fungsi Rukun Tatangga (RT) jeung Rukun Warga (RW) jeung sabangsana dironjatkeun deui. Kudu aya sarupa satga narkoba di satiap RW. Pon kitu deui fungsi Karang Taruna jeung ronda jsb kudu ditingkatkeun deui dina ngurus wargana. Mangga diantos komentar sareng usulan ti para wargi sadaya. Salam, manar
