A'udzubillahi min dzaalik,

Ngabandungan kajadian kajahatan susila atawa kalakuan2 a susila di wilayah
Tatar Sunda akhir-akhir ieu matak ngabirigidig. Salah sahijina, sakumaha
diwartakeun dina status FB sobat si kuringm dicutat di handap ieu:

# Kini, dextro sebagai obat batuk telah disalahgunakan dan dikonsumsi
remaja untuk mabuk dengan dikonsumsi dalam jumlah banyak sekali minum.
Sangat miris membaca berita, seorang gadis di daerah Ciawi, Kabupaten
Tasikmalaya, telah dicabuli enam pemuda yang sebelum aksinya telah
mencekoki sang gadis sampai mabuk dengan dextro. Pelaku juga diketahui
mengkonsumsi obat yang sama sebelum memperkosa sang gadis. Kemudian kasus
perkosaan lain juga dialami seorang pelajar SMP di Cigalontang, Kabupaten
Tasikmalaya, dicabuli empat pemuda mabuk setelah mengonsumsi dextro. #
Salengkepna, sakumaha dina alamat ieu:
http://herusupanji.blogspot.com/2013/03/dextro.html?spref=fb

Kamari peuting tina salah sahiji siaran radio kabejakeun di Bandung aya
bapak ngareuneuhan anak kandungan sorangan umur 15 taun, malah sadua-dua
anak kandung sorangan digadabah, anu hiji nepi ka reuneuhna. Samemehna,
sakumaha kabandungan ku urang sarerean kajadian-kajadian anu sarupa di
Depok jeung lianna. Jajauheun kana kota / daerah Wisata Syari'ah ningal
kitu mah, asa rek kiamat wae nu aya dunya teh.

Tiantara sabab musababna, anu kabaca jeung kabandungan, taya liayn ti
pangaruh obat atawa anu populer disebut NARKOBA tea. Cikan baraya, usula
naon wae anu bisa dilakukeun ku masyarakat sangkan gerak sorangan
ngalaporkeun boh newak anu marake obat pikeun dipasrahkeun ka anu berwajib.
Sangkan masyarakat bisa mandiri, teu kudu ngandelkeun wae aparat
pamarentah, nyegah kajahatan make narkoba jeung akibat-akibatna.

Pikeun hal eta, si kuring ku usul sangkan kagunaan atawa fungsi Rukun
Tatangga (RT) jeung Rukun Warga (RW) jeung sabangsana dironjatkeun deui.
Kudu aya sarupa satga narkoba di satiap RW. Pon kitu deui fungsi Karang
Taruna jeung ronda jsb kudu ditingkatkeun deui dina ngurus wargana. Mangga
diantos komentar sareng usulan ti para wargi sadaya.

Salam,

manar

Kirim email ke