Bah Oman,
Pamendak abdi mah salian tina narkoba oge anu langkung ageung pangaruhna mah 
asupan nilai-nilai hedonisme sareng pornografi tina tongtonan, bacaan, sareng 
panitenan unggal dinten. Ti kawit mahabuna tongtonan anu teu ngadidik dina tivi 
- utamina mah infotainment sareng tayangan dewasa, ditambih dieksposna berita 
nu kararitu - pabalatakna bacaan-bacaan mangrupi koran "lampu merah" sareng 
koran "remang-remang", dugika gampilna akses ka situs-situs porosot nolol. 
kantun di Google ngangge kata kunci langsung murudul.. Duka geuning anu gaduh 
warnet teh seueur anu teu ngemutan tangel waler kana pidorakaeun batur, padahal 
mah apan aya katerangan yen anu ngabantuan atanapi masihan fasilitas pikeun 
dosa sareng kagorangan nya dosana tiasa janten langkung ageung ti nu milampah 
dosana sacara langsung...
Duka tah.
 
Nuhun,


>________________________________
>From: oman abdurahman <[email protected]>
>To: [email protected] 
>Cc: urang sunda <[email protected]> 
>Sent: Friday, 22 March 2013 1:29 PM
>Subject: [kisunda] Re: Kajahatan a Susila di Jabar Nerekab-->Perlu 
>Ditingkatkeun deui Fungsi Rukun Tatangga jeung Rukun Warga
>
>  
>Tetela geus pada komentar di FB oge, diantarana:
>
>Apa sih isi otak seorang bapak yang memperkosa anak kandung senidiri? 
>..............#penasaran kwadrat
>http://bandung.okezone.com/read/2013/03/22/527/779735/ayah-perkosa-2-anak-kandung-1-di-antaranya-melahirkanmanar
> 
>2013/3/22 oman abdurahman <[email protected]> 
>A'udzubillahi min dzaalik,
>>Ngabandungan kajadian kajahatan susila atawa kalakuan2 a susila di wilayah 
>>Tatar Sunda akhir-akhir ieu matak ngabirigidig. Salah sahijina, sakumaha 
>>diwartakeun dina status FB sobat si kuringm dicutat di handap ieu:  
>>
>>#Kini, dextro sebagai obat batuk telah disalahgunakan dan dikonsumsi remaja 
>>untuk mabuk dengan dikonsumsi dalam jumlah banyak sekali minum. Sangat miris 
>>membaca berita, seorang gadis di daerah Ciawi, Kabupaten Tasikmalaya, telah 
>>dicabuli enam pemuda yang sebelum aksinya telah mencekoki sang gadis sampai 
>>mabuk dengan dextro. Pelaku juga diketahui mengkonsumsi obat yang sama 
>>sebelum memperkosa sang gadis. Kemudian kasus perkosaan lain juga dialami 
>>seorang pelajar SMP di Cigalontang, Kabupaten Tasikmalaya, dicabuli empat 
>>pemuda mabuk setelah mengonsumsi dextro. # Salengkepna, sakumaha dina alamat 
>>ieu: http://herusupanji.blogspot.com/2013/03/dextro.html?spref=fb
>>Kamari peuting tina salah sahiji siaran radio kabejakeun di Bandung aya bapak 
>>ngareuneuhan anak kandungan sorangan umur 15 taun, malah sadua-dua anak 
>>kandung sorangan digadabah, anu hiji nepi ka reuneuhna. Samemehna, sakumaha 
>>kabandungan ku urang sarerean kajadian-kajadian anu sarupa di Depok jeung 
>>lianna. Jajauheun kana kota / daerah Wisata Syari'ah ningal kitu mah, asa rek 
>>kiamat wae nu aya dunya teh.
>>
>>Tiantara sabab musababna, anu kabaca jeung kabandungan, taya liayn ti 
>>pangaruh obat atawa anu populer disebut NARKOBA tea. Cikan baraya, usula naon 
>>wae anu bisa dilakukeun ku masyarakat sangkan gerak sorangan ngalaporkeun boh 
>>newak anu marake obat pikeun dipasrahkeun ka anu berwajib. Sangkan masyarakat 
>>bisa mandiri, teu kudu ngandelkeun wae aparat pamarentah, nyegah kajahatan 
>>make narkoba jeung akibat-akibatna. 
>>
>>Pikeun hal eta, si kuring ku usul sangkan kagunaan atawa fungsi Rukun 
>>Tatangga (RT) jeung Rukun Warga (RW) jeung sabangsana dironjatkeun deui. Kudu 
>>aya sarupa satga narkoba di satiap RW. Pon kitu deui fungsi Karang Taruna 
>>jeung ronda jsb kudu ditingkatkeun deui dina ngurus wargana. Mangga diantos 
>>komentar sareng usulan ti para wargi sadaya.
>>Salam,
>>manar  
>>
>>
>>
>

Kirim email ke