Iman, Elmu Pangaweruh jeung Teknologi
=====================================

Miara iman dina batin jaman kiwari leuwih susah dibandingkeun di jaman baheula, 
jaman kuno.  Di jaman kuno, sagala rupa kajadian alam, utamana kajadian anu 
dahsyat atawa anu dianggap aheng sok langsung dianggap pagawean Gusti Pangeran 
nu Maha Suci. Atawa sok dimaknaan mistis; oge pagawean jeung kakawasaan Gusti 
Pangeran sok di-mistisasi.  Oge sabenerna di jaman kiwari, di masyarakat anu 
can maju pangaweruh dina elmu alam sok gancang katerekab persepsi mistis dina 
nganalisa hiji kajadian.  Mun di hiji pengkolan loba kacilakaan, wartawan jaman 
digital di urang ayeuna masih keneh wae nayangkeun informasi yen di pengkolan 
eta teh sok aya cahaya bodas atawa beureum. Informasi ti jalma wadul jadi 
bewara nasional.

Di jaman kiwari leuwih riweuh ngapiara iman dina batin kulantaran loba gajala 
alam anu baheula mah dianggap mistis, nyaeta pagawean Gusti nu Maha Kawasa, 
geus kapanggih sabab musababna sacara elmu alam.  Atuh di mana peran Gusti 
Pangeran dina kajadian-kajian anu tadina dianggap sakral ayeuna jadi profan.  
Loba anu jadi goyah iman dina batin saperti nonton sulap jadi teu nikmat da 
geus nayo rahasiahna.  Lamun can nyaho rahasiah tipu muslihat sulap malahan 
nontona jadi leuwih nikmat dan loba ahengna.  Tah loba iman masyarakat teh 
saperti kitu di jaman modern ayeuna.

Baheula mah wates dunya urang jeung alam ghaib teh langit. Langit teh tempat 
malaikat.  Matak di mitos Yunani mah para dewa teh ayana di puncak gunung 
Olimpia, kulantaran eta gunung teh luhur jeung can kaguar ku manusa. Meureun 
surga jeung naraka oge aya di langit. Nu Maha Suci oge di langit.  Na atuh ari 
ayeuna langit teh geus ditalungtik, diacak-acak ku para elmuwan/wati; jadi 
kotor, jadi teu suci deui, jadi teu pinuh ku misteri, jadi profan.

Jaman kiwari, jeung aya galaksi sagala. Aya teori Big Bang. Aya teori evolusi. 
Atuh guncang tah iman dina batin teh. Boh iman umat islam, boh umat sejena 
saperti Kristen, Yahudi jeung nu sejena.  Atuh di mana Gusti nu Maha Suci teh?

Loba oge di kalangan muslim anu boga usaha ngasaluyukeun iman jeung elmu 
pangaweruh. Ngasaluyukeun wahyu (Al-Quran) jeung elmu pangaweruh. Aya oge anu 
nolak sabagian elmu pangaweruh kulantaran dianggap teu saluyu jeung wahyu.  
Loba nu pabaliut.  Anu nyobaan nyaluyukeun elmu pangaweruh oge pabaliut 
kulantaran elmu pangaweruhna deet keneh, jadi atuh tafsiran wahyu ku basis elmu 
pangaweuh oge jadi katingali deet (naif). Atuh anu ngamusuhan elmu pangaweruh 
kulantaran apriori oge sabenerna teu ngarti kana makna wahyu, naon anu rek 
dihontal ku wahyu, salian bewara leterlek wahyu sacara tekstual.

Ari sabenerna kitab suci saperti Al-Quran memang lain kitab elmu pangaweruh 
atawa kitab teknologi, jadi teu kudu ngarasa kaintimidasi ku ayana teori-teori 
anyar dina elmu pangaweruh.  Mun enya ge aya sababaraha hiji ayat Al-Quran anu 
di jaman ayeuna dianggap keuna pisan kana gajala alam ku tafsir modern saperti 
ngahijina sisi laut panas jeung sisi laut tiis, masalah kasehatan genetika 
jeung sajabana; nya eta pikeun dasar tafakur mudah-mudahan atuh nambahan iman 
ka manusa.  Tapi tetep sabenerna kitab suci mah mawa bewara akhlak, bewara iman 
pikeun kasadaran hidup tartib di alam dunya.  Nya ari elmu pangaweruh, pek weh 
diguar sing jero, sing lega. Tapi kudu diinget, yen ilmu pangaweruh teh moal 
aya tungtungna.  Jadi elmu pangaweruh poe ieu teh can final, bakal proses 
terus.  Jadi teu kudu diakur-akur jeung kitab suci. Bisi elmu pangaweruh urang 
teh deet, terus nganggap hiji elmu pangaweruh geus final, terus diusahakeun 
saluyu jeung kitab suci; ari pek
 teh eta elmu pangeweruh teorina geus ganti deui isuk pageto oge.

Jadi urang muslim mah nyaksian weh kana elmu pangaweruh teh.  Lamun memang 
ahlina, pek terus teuleuman eta elmu pangaweruh teh.  Pah dina Al-Quran oge 
urang dicarek mikiran Zat Gusti nu Maha Suci, tapi dianjurkeun pikeun neuleuman 
elmu pangaweruh ciciptaan Gusti nu Maha Suci.  Kudu diinget oge yen ciptaan 
Gusti Pangeran teh lain ngan saukur barang kasar anu katempo ku panon, bumi 
jeung langit.  Tapi proses hirup urang, proses pikiran urang oge eta teh 
cipataan Gusti Pangeran ngaliwatan sunatullah.  Ari sunatullah dina elmu alam 
sok disebut hukum alam.

Kusaba para guru sok nga-personalisasi Gusti Pangeran jadi weh dianggapna gawe 
Gusti Pangeran teh jiga gawe manusa.  Pan disebut yen Adam teh diciptakeun tina 
taneuh teh dina pikiran loba manusa meureun Gusti Pangeran teh nga-emple-emple 
taneuh jiga nyieun boneka taneuh aya ceulian, aya leungun jeung suku; terus 
ditiupkeun roh 'fiuh...' jadi weh eta taneuh teh getih, tulang jeung daging anu 
hirup jeung boga kacerdasan, diaranan Adam.  Tah eta persepsi saperti persepsi 
iman urang yunani kuno anu nganggap para dewa aya di puncak gunung Olimpia.  
Gusti Pangeran jiga tukang sulap anu nyiptakeun adam tina boneka taneuh terus 
sim salabim jadi hirup aya nyawaan.

Kumaha atuh eta da bewara dina Al-Quraan jentre pisan yen Adam teh diciptakeun 
tina taneuh?  Dina hadits disebutkeun tina taneuh hideung jeung busuk.  Tah 
lolobana bewara wahyu teh simbolik.  Tapi nya wajar oge lamun eta wahyu 
simbolik teh ditanggep ku persepsi budaya manusa, sajero pangaweruh jeung 
pangalaman hirup manusa.  Eta teu salah, ngan salah lamun eta persepsi manusa 
teh dijadikeun mutlak.  Lamun teu saluyu jeung tafsir golongan manusa tertentu 
dituduh sesat, bid'ah, fasik.

Ku teori evolosi Darwin, goncang lain ngan saukur iman umat muslim, tapi oge 
Kristen jeung Yahudi.  Iman manusa kaintimidasi kulantaran para guru ngajarkan 
yen Adam diciptakeun ku Gusti Pangeran; lain hasil evolusi tina makhluk sejen 
salian manusa. Komo atuh hasil evolusi tina monyet mah embung pisan, da asa 
hina jeung teu pantes.

Padahal ari evolusi diciptakeun ku saha? Ku setan kitu?
Pan setan mah teu nyiptaeun nanaon.
Rek evolusi atawa nu lianna, kabeh oge diciptakeun ku Gusti Pangeran ngaliwatan 
sunatullah.  Ngaliwatan kudrat jeung iradat-Na.  Ari jelema anu tadina geus teu 
percaya ka Gusti nu Maha Suci, nya kasempetan atuh pas aya teori evolusi Darwin 
teh disanggap pisan, ditandean tah, pikeun ngalawan ajaran agama anu ngajarkeun 
yen manusa diciptakeun ku Gusti Pangeran.  Nya atuh keun weh da jelema atheis 
mah meureun keur dina tahap boloho/belegug.  Tapi pan leuwih boloho deui jalma 
anu ngaku iman tapi kababawa ku pamikiran jelema atheis anu misahkeun teori 
evolusi tina pagawean Gusti Pangeran.  Jadi aya dua sisi: percaya teori evolusi 
artina teu percaya kana gawe Gusti Pangeran. Tah ieu geus katipu, geus sesat.

Rek teori evolusi atawa teori lainna, eta teh hasil talungtikan manusa. Bisa 
bener bisa salah. Lamun bener, nya tetap weh kajadian evolusi teh ku ijin Gusti 
Pangeran. Mun salah, nya meureun oge moal salah 100% da eta teori teh meunang 
mikiran jeung aya faktana oge.

Tapi maenya jelema asalna tina monyet.  Naha lamun tina monyet hina?  Pan 
jelema kufur teh leuwih hina tina binatang.  Salah min dikira binatang teu boga 
iman. Kabeh makhluk teh iman ka Gusti Pangeran ku kondisina masing-masing. 
Monyet jeung manuk iman kalawan muji-muji Gusti Pangeran ku carana 
masing-masing. Gunung-gunung jeung batu iman kalawan wirid ka Gusti Pangeran ku 
kaayaanana masing-masing.  Ngan jelema weh nu bisa kufur mah, hasil tina 
pikiran jeung kapinteran jelema jadi guminter kalawan kufur.

Dina  hiji poe Abu Bakar asshidiq tafakur, yen manuk leuwih untung ti jelema, 
kulantaran manuk mah moal dipenta tanggung jawab hade jeung goreng hirup di 
dunya.  Naha jelema leuwih untung tibatan monyet?

Jadi atuh urang saksian weh elmu pangaweruh mah. Umat anu iman pan jadi saksi.  
Jadi ngan saukur nyaksian.  Tong ngamutlakeun elmu pangaweruh da eta mah 
'proses pencarian'. Oge tong ngamutlakeun persepsi jeung tafsir urang kana 
wahyu, da can puguh bener anu dimaksud.  Anu kudu di jaga mah kalakuan hade 
jeung jahat. Saha anu jahat kudu dihalangan.  Kaasup diri urang sorangan mun 
geus aya niat jahat kudu dipareuman eta niat jahat, niat licik jeung teu adil.  
Ari ngumbarana pamikiran jeung batin mah keun weh saksian, mudah-mudahan 
meunang ridho ti Gusti nu Maha Suci.  Tapi tetap anu kudu dijaga dina norma 
masyarakat mah amal sholeh jeung jahat, naon wae kapercayaanana atawa agamana. 
Da agama jeung iman oge bisa ngan saukur teori, lamun euweuh buktina dina amal 
sholeh di masyarakat.


Wallahu'alam

Febi Ahmad Hazairin
===================

Kirim email ke