Wa sakhaara lakum maa fissamawati wal ardhi jamii'an minhu; inna fii dzaalika 
la ayaatil likaumiy yatafakkaruun ( surat al jatsiah )

--- On Mon, 29/4/13, Ahmad Hazairin <[email protected]> wrote:

From: Ahmad Hazairin <[email protected]>
Subject: Re: [kisunda] Iman, Elmu Pangaweruh jeung Teknologi
To: "[email protected]" <[email protected]>
Received: Monday, 29 April, 2013, 10:07 AM
















 



  


    
      
      
      
Hatur nuhun Abah Abbas Amien kana perhatosan nana.Upami perkawis wujud Allah 
swt. sareng 'tempat di mana' ANJEUNA aya mah sim kuring oge bodo pisan, mung 
uninga anu kaudag ku kafahaman anu deet weh biasa ti jalmi rata-rata.  
Panginten mung Gusti Pangeran nyalira anu uninga sareng leres 100% mah.  Ari 
urang sadaya mah da mung karna 'kasono jeung rindu' ka ANJEUNA janten panginten 
ngira-ngira weh supados rindu urang tiasa aya tujuan.  Tapi sagala katerbatasan 
urang sadayana insya Allah mugi ditampi ku ANJEUNA sareng sagala kakirangan 
urang.  Da pastina urang pasti pinuh kakirangan :)
Wassalaamu'alaikum wr. wb.
Febi===



        Von: Abbas Amien <[email protected]>
 An: [email protected]; [email protected] 
 Gesendet: 11:15 Montag, 29.April 2013
 Betreff: Re: [kisunda] Iman, Elmu Pangaweruh jeung Teknologi
   















 



    
      
      
      Alhamdulillah. Kang Febi teh geuningan hiji Bujangga Sunda nu samodel K. 
Mustafaa kapungkur. Ku Basa Sunda masihan Dakwah Islamiyah, nu rada kaluar ti 
na agama. Lantaran ieu mah Ngabahas Sang Maha Sagala Tea. Nya eta Allah Robbul 
Aalamiin. Ieu mah ditujukeunana KUM ka nu Yakin ayana TUHAN.

Jadi ieu dakwah atanapi sumbangan pikiran teh ngeunaan ayana TUHAN sacara UMUM; 
sanes ngan ukur pikeun ISLAM wungkul. Da sanyatana mah Islam ajaran Muhammad ge 
intina mah NGENALKEUN saha Tuhan nu Kudu disembah teh.

Tapi ieu bahasan teh tangtos kalintang singgetna. Tapi di Milis mah kalebet 
panjang.
Alhamdulillah ,,, Kang Febi tos "dengan cerddik" tiasa ngaringkeskeun, dugi ka 
intina katulis; singget tapi padet tea.

Jelas ku ringkes2na, sadaya nu diserat "Debatable"; tapi tangtos kang FEBI oge 
tiasa ngajelaskeun upami wae aya patarosan mah.
 PASTI.
 Kuring yakin pisan. Ka na hal eta.

Ampir ka na sadaaya seratanana kuring satuju. Nu kirang satuju teh neangan 
WUJUD Allah.
Tapi eta mah masalah pribadi. Nya teu nanaaon.
Kuring sorangan yakin ku Wujud Allah, nu diteraangkeun ku kuring; lantaran 
kabeh Deskripsina nunjuk ka Zat Allah. Nu matak kuring mah teu ham ham deui; 
teu ragu2.

Lantaran nu dimaksud fissamaa_i lain Langit terjemahanana kudu RUANG Angkasa; 
nu matak berlapis lapis.

Saaur Nabi Mihammaad belajarlaah ke negri CHINA.
Ari China pan aya Lao Tsche nu ngajarkeun Tao te Ching. Nu akhirna ngahasilkeun 
Tuhan teh Thian = LANGIT. Jadi kuring teu sorangan di na haal ieu. Jeung bisa 
dipertanggung jawabkeun.

Deskripsi na Qur_an Az Zahir; Al Kabir; Al Ala; Al Waasi'u.

Tapi nyaa seratan kang Febi leres sae; taapi tiasa DIPERSAE deui !
Mangga Nyanggakeun. Hapuntenna bilih waae seratan abdi teu sapuk sareng 
pandangan kang FEBI. Mugia ageung
 nawakup.

Billahi Taufiq wal Hidayah, Wassalaamu'alaikum Warahmaatullahi Wabaarakaatuhu.
H. Abbas Amien - EOR Tasikmalaya

--- On Sat, 27/4/13, Ahmad Hazairin <[email protected]> wrote:

From: Ahmad Hazairin <[email protected]>
Subject: [kisunda] Iman, Elmu Pangaweruh jeung Teknologi
To: "[email protected]" <[email protected]>, 
"[email protected]" <[email protected]>
Received: Saturday, 27 April, 2013, 12:34 PM
















 



    
      
      
      Iman, Elmu Pangaweruh jeung Teknologi
=====================================

Miara iman dina batin jaman kiwari leuwih susah dibandingkeun di jaman baheula, 
jaman kuno.  Di jaman kuno, sagala rupa kajadian alam, utamana kajadian anu 
dahsyat atawa anu dianggap aheng sok langsung dianggap pagawean Gusti Pangeran 
nu Maha Suci. Atawa sok dimaknaan mistis; oge pagawean jeung kakawasaan Gusti 
Pangeran sok di-mistisasi.  Oge sabenerna di jaman kiwari, di masyarakat anu 
can maju pangaweruh dina elmu alam sok gancang katerekab persepsi mistis dina 
nganalisa hiji kajadian.  Mun di hiji pengkolan loba kacilakaan, wartawan jaman 
digital di urang ayeuna masih keneh wae nayangkeun informasi yen di pengkolan 
eta teh sok aya cahaya bodas atawa beureum. Informasi ti jalma wadul jadi 
bewara nasional.

Di jaman
 kiwari leuwih riweuh ngapiara iman dina batin kulantaran loba gajala alam anu 
baheula mah dianggap mistis, nyaeta pagawean Gusti nu Maha Kawasa, geus 
kapanggih sabab musababna sacara elmu alam.  Atuh di mana peran Gusti Pangeran 
dina kajadian-kajian anu tadina dianggap sakral ayeuna jadi profan.  Loba anu 
jadi goyah iman dina batin saperti nonton sulap jadi teu nikmat da geus nayo 
rahasiahna.  Lamun can nyaho rahasiah tipu muslihat sulap malahan nontona jadi 
leuwih nikmat dan loba ahengna.  Tah loba iman masyarakat teh saperti kitu di 
jaman modern ayeuna.

Baheula mah wates dunya urang jeung alam ghaib teh langit. Langit teh tempat 
malaikat.  Matak di mitos Yunani mah para dewa teh ayana di puncak gunung 
Olimpia, kulantaran eta gunung teh luhur jeung can kaguar ku manusa. Meureun 
surga jeung naraka oge aya di langit. Nu Maha Suci oge di langit.  Na atuh ari 
ayeuna langit teh geus ditalungtik, diacak-acak ku para
 elmuwan/wati; jadi kotor, jadi teu suci deui, jadi teu pinuh ku misteri, jadi 
profan.

Jaman kiwari, jeung aya galaksi sagala. Aya teori Big Bang. Aya teori evolusi. 
Atuh guncang tah iman dina batin teh. Boh iman umat islam, boh umat sejena 
saperti Kristen, Yahudi jeung nu sejena.  Atuh di mana Gusti nu Maha Suci teh?

Loba oge di kalangan muslim anu boga usaha ngasaluyukeun iman jeung elmu 
pangaweruh. Ngasaluyukeun wahyu (Al-Quran) jeung elmu pangaweruh. Aya oge anu 
nolak sabagian elmu pangaweruh kulantaran dianggap teu saluyu jeung wahyu.  
Loba nu pabaliut.  Anu nyobaan nyaluyukeun elmu pangaweruh oge pabaliut 
kulantaran elmu pangaweruhna deet keneh, jadi atuh tafsiran wahyu ku basis elmu 
pangaweuh oge jadi katingali deet (naif). Atuh anu ngamusuhan elmu pangaweruh 
kulantaran apriori oge sabenerna teu ngarti kana makna wahyu, naon anu rek 
dihontal ku wahyu, salian bewara leterlek wahyu sacara tekstual.

Ari sabenerna
 kitab suci saperti Al-Quran memang lain kitab elmu pangaweruh atawa kitab 
teknologi, jadi teu kudu ngarasa kaintimidasi ku ayana teori-teori anyar dina 
elmu pangaweruh.  Mun enya ge aya sababaraha hiji ayat Al-Quran anu di jaman 
ayeuna dianggap keuna pisan kana gajala alam ku tafsir modern saperti ngahijina 
sisi laut panas jeung sisi laut tiis, masalah kasehatan genetika jeung 
sajabana; nya eta pikeun dasar tafakur mudah-mudahan atuh nambahan iman ka 
manusa.  Tapi tetep sabenerna kitab suci mah mawa bewara akhlak, bewara iman 
pikeun kasadaran hidup tartib di alam dunya.  Nya ari elmu pangaweruh, pek weh 
diguar sing jero, sing lega. Tapi kudu diinget, yen ilmu pangaweruh teh moal 
aya tungtungna.  Jadi elmu pangaweruh poe ieu teh can final, bakal proses 
terus.  Jadi teu kudu diakur-akur jeung kitab suci. Bisi elmu pangaweruh urang 
teh deet, terus nganggap hiji elmu pangaweruh geus final, terus diusahakeun 
saluyu jeung kitab suci;
 ari pek teh eta elmu pangeweruh teorina geus ganti deui isuk pageto oge.

Jadi urang muslim mah nyaksian weh kana elmu pangaweruh teh.  Lamun memang 
ahlina, pek terus teuleuman eta elmu pangaweruh teh.  Pah dina Al-Quran oge 
urang dicarek mikiran Zat Gusti nu Maha Suci, tapi dianjurkeun pikeun neuleuman 
elmu pangaweruh ciciptaan Gusti nu Maha Suci.  Kudu diinget oge yen ciptaan 
Gusti Pangeran teh lain ngan saukur barang kasar anu katempo ku panon, bumi 
jeung langit.  Tapi proses hirup urang, proses pikiran urang oge eta teh 
cipataan Gusti Pangeran ngaliwatan sunatullah.  Ari sunatullah dina elmu alam 
sok disebut hukum alam.

Kusaba para guru sok nga-personalisasi Gusti Pangeran jadi weh dianggapna gawe 
Gusti Pangeran teh jiga gawe manusa.  Pan disebut yen Adam teh diciptakeun tina 
taneuh teh dina pikiran loba manusa meureun Gusti Pangeran teh nga-emple-emple 
taneuh jiga nyieun boneka taneuh aya ceulian, aya
 leungun jeung suku; terus ditiupkeun roh 'fiuh...' jadi weh eta taneuh teh 
getih, tulang jeung daging anu hirup jeung boga kacerdasan, diaranan Adam.  Tah 
eta persepsi saperti persepsi iman urang yunani kuno anu nganggap para dewa aya 
di puncak gunung Olimpia.  Gusti Pangeran jiga tukang sulap anu nyiptakeun adam 
tina boneka taneuh terus sim salabim jadi hirup aya nyawaan.

Kumaha atuh eta da bewara dina Al-Quraan jentre pisan yen Adam teh diciptakeun 
tina taneuh?  Dina hadits disebutkeun tina taneuh hideung jeung busuk.  Tah 
lolobana bewara wahyu teh simbolik.  Tapi nya wajar oge lamun eta wahyu 
simbolik teh ditanggep ku persepsi budaya manusa, sajero pangaweruh jeung 
pangalaman hirup manusa.  Eta teu salah, ngan salah lamun eta persepsi manusa 
teh dijadikeun mutlak.  Lamun teu saluyu jeung tafsir golongan manusa tertentu 
dituduh sesat, bid'ah, fasik.

Ku teori evolosi Darwin, goncang lain ngan saukur iman
 umat muslim, tapi oge Kristen jeung Yahudi.  Iman manusa kaintimidasi 
kulantaran para guru ngajarkan yen Adam diciptakeun ku Gusti Pangeran; lain 
hasil evolusi tina makhluk sejen salian manusa. Komo atuh hasil evolusi tina 
monyet mah embung pisan, da asa hina jeung teu pantes.

Padahal ari evolusi diciptakeun ku saha? Ku setan kitu?
Pan setan mah teu nyiptaeun nanaon.
Rek evolusi atawa nu lianna, kabeh oge diciptakeun ku Gusti Pangeran ngaliwatan 
sunatullah.  Ngaliwatan kudrat jeung iradat-Na.  Ari jelema anu tadina geus teu 
percaya ka Gusti nu Maha Suci, nya kasempetan atuh pas aya teori evolusi Darwin 
teh disanggap pisan, ditandean tah, pikeun ngalawan ajaran agama anu ngajarkeun 
yen manusa diciptakeun ku Gusti Pangeran.  Nya atuh keun weh da jelema atheis 
mah meureun keur dina tahap boloho/belegug.  Tapi pan leuwih boloho deui jalma 
anu ngaku iman tapi kababawa ku pamikiran jelema atheis anu misahkeun teori
 evolusi tina pagawean Gusti Pangeran.  Jadi aya dua sisi: percaya teori 
evolusi artina teu percaya kana gawe Gusti Pangeran. Tah ieu geus katipu, geus 
sesat.

Rek teori evolusi atawa teori lainna, eta teh hasil talungtikan manusa. Bisa 
bener bisa salah. Lamun bener, nya tetap weh kajadian evolusi teh ku ijin Gusti 
Pangeran. Mun salah, nya meureun oge moal salah 100% da eta teori teh meunang 
mikiran jeung aya faktana oge.

Tapi maenya jelema asalna tina monyet.  Naha lamun tina monyet hina?  Pan 
jelema kufur teh leuwih hina tina binatang.  Salah min dikira binatang teu boga 
iman. Kabeh makhluk teh iman ka Gusti Pangeran ku kondisina masing-masing. 
Monyet jeung manuk iman kalawan muji-muji Gusti Pangeran ku carana 
masing-masing. Gunung-gunung jeung batu iman kalawan wirid ka Gusti Pangeran ku 
kaayaanana masing-masing.  Ngan jelema weh nu bisa kufur mah, hasil tina 
pikiran jeung kapinteran jelema jadi guminter kalawan
 kufur.

Dina  hiji poe Abu Bakar asshidiq tafakur, yen manuk leuwih untung ti jelema, 
kulantaran manuk mah moal dipenta tanggung jawab hade jeung goreng hirup di 
dunya.  Naha jelema leuwih untung tibatan monyet?

Jadi atuh urang saksian weh elmu pangaweruh mah. Umat anu iman pan jadi saksi.  
Jadi ngan saukur nyaksian.  Tong ngamutlakeun elmu pangaweruh da eta mah 
'proses pencarian'. Oge tong ngamutlakeun persepsi jeung tafsir urang kana 
wahyu, da can puguh bener anu dimaksud.  Anu kudu di jaga mah kalakuan hade 
jeung jahat. Saha anu jahat kudu dihalangan.  Kaasup diri urang sorangan mun 
geus aya niat jahat kudu dipareuman eta niat jahat, niat licik jeung teu adil.  
Ari ngumbarana pamikiran jeung batin mah keun weh saksian, mudah-mudahan 
meunang ridho ti Gusti nu Maha Suci.  Tapi tetap anu kudu dijaga dina norma 
masyarakat mah amal sholeh jeung jahat, naon wae kapercayaanana atawa agamana. 
Da agama
 jeung iman oge bisa ngan saukur teori, lamun euweuh buktina dina amal sholeh 
di masyarakat.


Wallahu'alam

Febi Ahmad Hazairin
===================


    
     











    
     











    

    
     

    
    






  








Kirim email ke