Tah ieu nenggel kana hate. Elmu Pangaweruh ngeun ukur jajangkep kaimanan, lain nu jadi pambuka atawa panganteur kana kaimanan. Tong kasieup ku akal, hiji makeluk nu sanajan 'netral' teu nyaho hade atawa buruk. Akalmah salempeng-lempengna makeluk, tapi teu jadi sabab kaimanan urang.
Ku kituna, akal teu sah mere putusan yen Al-Qur'an eta bener atawa salah sabab pamanggih akal kiwari bisa jadi beda jeung rebu abad ka hareup. Kudu sabalikna, Al-Qur'an nu mere putusan bener jeung heunteuna kalakuan jelema nu make akalna. Sederhana: Hakim teu nyalahkeun peso nu dipake maehan. Jelema nu makena nu dihukum. Peso mah ukur jadi saksi. Ngeun hikmah Al-Qur'an nu dianugerahkeun ka manusa mangrupa tanda-tanda, ayat-ayat nu wajib diteuleuman rahasia-rahasiaNa. Ceuk hiji kaol, hiji ayat Al-Qur'an bisa ngalapis-lapis maknana. Ceuk kang Febi, ayat-ayat bisa jadi mangrupa 'wahyu simbolik.' Kudu ngajalur nyukcruk galur, mapay silokana. Ulah jiga neang kalangkang di awang-awang. Naon atuh nu nganteur ka kaimanan ka Alloh ta'ala? Hanjakal pisan, walerna teh : TEU AYA. Nu ieu mah domain anjeunNa. Wa Allahu ta'alamu. Ongkarana Sangtabean Pukulun Sembah Rahayu. TiRiLik --- In [email protected], Ahmad Hazairin <don_febi@...> wrote: > > Iman, Elmu Pangaweruh jeung Teknologi > ===================================== > > Miara iman dina batin jaman kiwari leuwih susah dibandingkeun di jaman > baheula, jaman kuno. Di jaman kuno, sagala rupa kajadian alam, utamana > kajadian anu dahsyat atawa anu dianggap aheng sok langsung dianggap pagawean > Gusti Pangeran nu Maha Suci. Atawa sok dimaknaan mistis; oge pagawean jeung > kakawasaan Gusti Pangeran sok di-mistisasi. Oge sabenerna di jaman kiwari, > di masyarakat anu can maju pangaweruh dina elmu alam sok gancang katerekab > persepsi mistis dina nganalisa hiji kajadian. Mun di hiji pengkolan loba > kacilakaan, wartawan jaman digital di urang ayeuna masih keneh wae nayangkeun > informasi yen di pengkolan eta teh sok aya cahaya bodas atawa beureum. > Informasi ti jalma wadul jadi bewara nasional. > > Di jaman kiwari leuwih riweuh ngapiara iman dina batin kulantaran loba gajala > alam anu baheula mah dianggap mistis, nyaeta pagawean Gusti nu Maha Kawasa, > geus kapanggih sabab musababna sacara elmu alam. Atuh di mana peran Gusti > Pangeran dina kajadian-kajian anu tadina dianggap sakral ayeuna jadi profan. > Loba anu jadi goyah iman dina batin saperti nonton sulap jadi teu nikmat da > geus nayo rahasiahna. Lamun can nyaho rahasiah tipu muslihat sulap malahan > nontona jadi leuwih nikmat dan loba ahengna. Tah loba iman masyarakat teh > saperti kitu di jaman modern ayeuna. > > Baheula mah wates dunya urang jeung alam ghaib teh langit. Langit teh tempat > malaikat. Matak di mitos Yunani mah para dewa teh ayana di puncak gunung > Olimpia, kulantaran eta gunung teh luhur jeung can kaguar ku manusa. Meureun > surga jeung naraka oge aya di langit. Nu Maha Suci oge di langit. Na atuh > ari ayeuna langit teh geus ditalungtik, diacak-acak ku para elmuwan/wati; > jadi kotor, jadi teu suci deui, jadi teu pinuh ku misteri, jadi profan. > > Jaman kiwari, jeung aya galaksi sagala. Aya teori Big Bang. Aya teori > evolusi. Atuh guncang tah iman dina batin teh. Boh iman umat islam, boh umat > sejena saperti Kristen, Yahudi jeung nu sejena. Atuh di mana Gusti nu Maha > Suci teh? > > Loba oge di kalangan muslim anu boga usaha ngasaluyukeun iman jeung elmu > pangaweruh. Ngasaluyukeun wahyu (Al-Quran) jeung elmu pangaweruh. Aya oge anu > nolak sabagian elmu pangaweruh kulantaran dianggap teu saluyu jeung wahyu. > Loba nu pabaliut. Anu nyobaan nyaluyukeun elmu pangaweruh oge pabaliut > kulantaran elmu pangaweruhna deet keneh, jadi atuh tafsiran wahyu ku basis > elmu pangaweuh oge jadi katingali deet (naif). Atuh anu ngamusuhan elmu > pangaweruh kulantaran apriori oge sabenerna teu ngarti kana makna wahyu, naon > anu rek dihontal ku wahyu, salian bewara leterlek wahyu sacara tekstual. > > Ari sabenerna kitab suci saperti Al-Quran memang lain kitab elmu pangaweruh > atawa kitab teknologi, jadi teu kudu ngarasa kaintimidasi ku ayana > teori-teori anyar dina elmu pangaweruh. Mun enya ge aya sababaraha hiji ayat > Al-Quran anu di jaman ayeuna dianggap keuna pisan kana gajala alam ku tafsir > modern saperti ngahijina sisi laut panas jeung sisi laut tiis, masalah > kasehatan genetika jeung sajabana; nya eta pikeun dasar tafakur mudah-mudahan > atuh nambahan iman ka manusa. Tapi tetep sabenerna kitab suci mah mawa > bewara akhlak, bewara iman pikeun kasadaran hidup tartib di alam dunya. Nya > ari elmu pangaweruh, pek weh diguar sing jero, sing lega. Tapi kudu diinget, > yen ilmu pangaweruh teh moal aya tungtungna. Jadi elmu pangaweruh poe ieu > teh can final, bakal proses terus. Jadi teu kudu diakur-akur jeung kitab > suci. Bisi elmu pangaweruh urang teh deet, terus nganggap hiji elmu > pangaweruh geus final, terus diusahakeun saluyu jeung kitab suci; ari pek > teh eta elmu pangeweruh teorina geus ganti deui isuk pageto oge. > > Jadi urang muslim mah nyaksian weh kana elmu pangaweruh teh. Lamun memang > ahlina, pek terus teuleuman eta elmu pangaweruh teh. Pah dina Al-Quran oge > urang dicarek mikiran Zat Gusti nu Maha Suci, tapi dianjurkeun pikeun > neuleuman elmu pangaweruh ciciptaan Gusti nu Maha Suci. Kudu diinget oge yen > ciptaan Gusti Pangeran teh lain ngan saukur barang kasar anu katempo ku > panon, bumi jeung langit. Tapi proses hirup urang, proses pikiran urang oge > eta teh cipataan Gusti Pangeran ngaliwatan sunatullah. Ari sunatullah dina > elmu alam sok disebut hukum alam. > > Kusaba para guru sok nga-personalisasi Gusti Pangeran jadi weh dianggapna > gawe Gusti Pangeran teh jiga gawe manusa. Pan disebut yen Adam teh > diciptakeun tina taneuh teh dina pikiran loba manusa meureun Gusti Pangeran > teh nga-emple-emple taneuh jiga nyieun boneka taneuh aya ceulian, aya leungun > jeung suku; terus ditiupkeun roh 'fiuh...' jadi weh eta taneuh teh getih, > tulang jeung daging anu hirup jeung boga kacerdasan, diaranan Adam. Tah eta > persepsi saperti persepsi iman urang yunani kuno anu nganggap para dewa aya > di puncak gunung Olimpia. Gusti Pangeran jiga tukang sulap anu nyiptakeun > adam tina boneka taneuh terus sim salabim jadi hirup aya nyawaan. > > Kumaha atuh eta da bewara dina Al-Quraan jentre pisan yen Adam teh > diciptakeun tina taneuh? Dina hadits disebutkeun tina taneuh hideung jeung > busuk. Tah lolobana bewara wahyu teh simbolik. Tapi nya wajar oge lamun eta > wahyu simbolik teh ditanggep ku persepsi budaya manusa, sajero pangaweruh > jeung pangalaman hirup manusa. Eta teu salah, ngan salah lamun eta persepsi > manusa teh dijadikeun mutlak. Lamun teu saluyu jeung tafsir golongan manusa > tertentu dituduh sesat, bid'ah, fasik. > > Ku teori evolosi Darwin, goncang lain ngan saukur iman umat muslim, tapi oge > Kristen jeung Yahudi. Iman manusa kaintimidasi kulantaran para guru > ngajarkan yen Adam diciptakeun ku Gusti Pangeran; lain hasil evolusi tina > makhluk sejen salian manusa. Komo atuh hasil evolusi tina monyet mah embung > pisan, da asa hina jeung teu pantes. > > Padahal ari evolusi diciptakeun ku saha? Ku setan kitu? > Pan setan mah teu nyiptaeun nanaon. > Rek evolusi atawa nu lianna, kabeh oge diciptakeun ku Gusti Pangeran > ngaliwatan sunatullah. Ngaliwatan kudrat jeung iradat-Na. Ari jelema anu > tadina geus teu percaya ka Gusti nu Maha Suci, nya kasempetan atuh pas aya > teori evolusi Darwin teh disanggap pisan, ditandean tah, pikeun ngalawan > ajaran agama anu ngajarkeun yen manusa diciptakeun ku Gusti Pangeran. Nya > atuh keun weh da jelema atheis mah meureun keur dina tahap boloho/belegug. > Tapi pan leuwih boloho deui jalma anu ngaku iman tapi kababawa ku pamikiran > jelema atheis anu misahkeun teori evolusi tina pagawean Gusti Pangeran. Jadi > aya dua sisi: percaya teori evolusi artina teu percaya kana gawe Gusti > Pangeran. Tah ieu geus katipu, geus sesat. > > Rek teori evolusi atawa teori lainna, eta teh hasil talungtikan manusa. Bisa > bener bisa salah. Lamun bener, nya tetap weh kajadian evolusi teh ku ijin > Gusti Pangeran. Mun salah, nya meureun oge moal salah 100% da eta teori teh > meunang mikiran jeung aya faktana oge. > > Tapi maenya jelema asalna tina monyet. Naha lamun tina monyet hina? Pan > jelema kufur teh leuwih hina tina binatang. Salah min dikira binatang teu > boga iman. Kabeh makhluk teh iman ka Gusti Pangeran ku kondisina > masing-masing. Monyet jeung manuk iman kalawan muji-muji Gusti Pangeran ku > carana masing-masing. Gunung-gunung jeung batu iman kalawan wirid ka Gusti > Pangeran ku kaayaanana masing-masing. Ngan jelema weh nu bisa kufur mah, > hasil tina pikiran jeung kapinteran jelema jadi guminter kalawan kufur. > > Dina hiji poe Abu Bakar asshidiq tafakur, yen manuk leuwih untung ti jelema, > kulantaran manuk mah moal dipenta tanggung jawab hade jeung goreng hirup di > dunya. Naha jelema leuwih untung tibatan monyet? > > Jadi atuh urang saksian weh elmu pangaweruh mah. Umat anu iman pan jadi > saksi. Jadi ngan saukur nyaksian. Tong ngamutlakeun elmu pangaweruh da eta > mah 'proses pencarian'. Oge tong ngamutlakeun persepsi jeung tafsir urang > kana wahyu, da can puguh bener anu dimaksud. Anu kudu di jaga mah kalakuan > hade jeung jahat. Saha anu jahat kudu dihalangan. Kaasup diri urang sorangan > mun geus aya niat jahat kudu dipareuman eta niat jahat, niat licik jeung teu > adil. Ari ngumbarana pamikiran jeung batin mah keun weh saksian, > mudah-mudahan meunang ridho ti Gusti nu Maha Suci. Tapi tetap anu kudu > dijaga dina norma masyarakat mah amal sholeh jeung jahat, naon wae > kapercayaanana atawa agamana. Da agama jeung iman oge bisa ngan saukur teori, > lamun euweuh buktina dina amal sholeh di masyarakat. > > > Wallahu'alam > > Febi Ahmad Hazairin > =================== > ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: [email protected] [email protected] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [email protected] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
