Bahasa Inggris nu cocog jeung harti kecap di luhur meureun : UJ does not exist 
anymore.

Tapi nyata karasa manehna masih hirup, Hirup di ati sanubari para Muslimin 
muslimat.
Loba nu ceurik jeung nyeungceurikan. Lantaran naon ? Lantaran karasa ku sakabeh 
Fans na UJ mah enyaan ngalaksanakeun kaislamana.

UJ Khusnul Khatimah, lain bobohongan.

Manehna hirupna relative kacida pendekna; kacida pondokna. Tapi manehna geus 
ngeusieun ku loba amal kahadean. Lain cek manehna ( da geus maot ); tapi cek 
loba jelema nu nyarita. Manehna geus ngeusian hirupna ku amal ibadah nu hade.

Eta hiji UJ. Kumaha Nabi Muhammad ? Pantes dipiserab sadunya. Ngan Golongan 
anti Islam wungkul , nu nepi ka ayeuna terus2an ngahujat , mitnah ngagogoreng 
Nabi. Tapi sigana ieu ge sunatullah. Teu aneh teu sing. Bari ujian ka umat 
Islam akhir Zaman. Ieu teh kristalisasi. Naha masih tetep Iman ka Allah; masing 
enya ge Islam loba nu ngamusuhan ! Masing Islam diadu sorangan. Tapi ka nu 
Islamna tetep lempeng najan sosoranganan, Insyaa Allah bakal jadi Muflihuun. 

Tah urang kumaha ? nu masih keneeh ngagem Islam ? Nu masih nyekel Qur_an jalan 
hirup urang ? Nu masih nyekel Muhammad Nabi urang ? Hayu urang eusian hirup 
urang ku tindakan Isslami; mun bisa mere guna kaa batur laksanakeun. Minimal 
urang teu ngaganggu ngarugikeun batur. Cenah loba nungahina ? loba pacengkadan 
oge antara Islam jeung Islam !? Ulaah galideur, kabeh eta sunaatullah. Mudah2an 
urang ditari Imaan Islam urang ku Allah.

Da aari pangakuan ti manusa mah biheung bener , biheung salah. Tapi pangakuan 
atawa panampian ti GUSTI mah Absolut, Pasti salametna.

Punten bahasa kuring meureun kacida ngaguruanana. Hayang cara UJ nu cenah teu 
kaciri ngaguruan batur. Nya tiap manusa boga kabisa masing2.

Billahi taufiq wal hidayaah wassalaamu'alaikum warahmaatullahi wabaraakaatuhu.

Kirim email ke