Quoted: "Kumaha Nabi Muhammad ? Pantes dipiserab sadunya. Ngan Golongan anti Islam wungkul , nu nepi ka ayeuna terus2an ngahujat , mitnah ngagogoreng Nabi.".
Aya hiji tokoh pahlawan islam anu dielu-elukeun lain ngan wungkul ku umat islam, tapi oge ku musuh2-na. Eta pahlawan islam teh Shalahuddin Al-Ayyubi. Di nagara barat, nyaeta nagara-nagara musuhna waktu jaman perang salib baheula, eta pahlawan teh katelah ku ngaran The Wise Saladin. Si Saladin nu bijaksana. Ku naon Salahuddin dianggap musuh anu bijaksana dina literatur barat nepi keun ka ayeuna? Dina sajarahna, waktu pasukan Salahuddin asup naklukeun Yerusalem (Al-Quds), diayakeun pangumuman yen sing saha anu bisa nebus dirina ku duit emas/perak bisa indit bebas kaluar ti kota yerusalem. Ieu beda pisan dibandingkeun waktu tantara salib kristen asup naklukeun yerusalem di awal kajadian perang, katulis dina sajarah yen gang-gang jajalaneun kakeueun ku getih nepi ngaliwatan mumuncangan; encan surut eta getih ti jalan-jalan, di gareja geus diayakeun syukuran meunang perang. Eta katulis dina catetean harian serdadu perang salib. Tah pas yerusalem ditaklukeun ku Salahuddin, anu pangheulana ninggalkeun kota yerusalem nyaeta kauskupan kristen, bari kacaritakeun mawa kareta kuda ngaleut rereketan beurat ku barang-barang tina emas jeung perak. Tah aya lebih tina 3000 jelema kristen anu teu mampu mayar denda pikeun ngabebaskeun diri. Ceuk hukum mah tinggal dipancung weh. Tapi Salahuddin marentahkeun ka adina sorangan pikeun mayar tebusan eta masyarakat kristen pikeun bisa bebas ninggalkeun kota yerusalem. Hal ieu kacatet dina sajarah; jeung kaalaman pisan ku rebuan jalma harita matakna jari carita di nagara barat kabijaksanaan Salahuddin teh. Di nagara barat Salahuddin leuwih dihormat tibatan nabi Muhmmad sorangan. Kunaon? Kusabab masyarakat barat teu kaalaman panggih jeung nabi Muhammad. Boh hirup jadi musuh atawa hirup jadi sahabat. Lamun mah masyarakat barat kaalaman panggih jeung nabi Muhammad bakal lain tah caritana. Pasti hormatna ka kangjeng nabi bakal lebih ti hormatna ka Salahuddin. Tapi lamun urang ningali film perang salib saperti Kingdom of Heaven, aya bagian di mana Salahuddin ditanya ku musuhna, kunaon manehna bisa bijaksana sanajan ka musuh sorangn. Jawaban Salahuddin dina film eta kieu: "Kulantaran kuring Salahuddin", nepi ka diulang-ulang sababaraha kali jawaban eta teh jiga nu hayang nekenkeun pisan si sitradarana. Nekenkeun naon emangna? Nekenkeun jawaban na teh lain kieu: "Kulantaran eta parentah Al-Quran", atawa kieu: "Kulantaran kuring miconto kangjeng Nabi Muhammad saw". Heu heu heu panasaran keneh orang barat teh, teu rudho meureun yen ajaran islam teh alus he.. he.. he.. Febi Ahmad Hazairin ============== ________________________________ Von: Abbas Amien <[email protected]> An: urangsunda <[email protected]>; kisunda <[email protected]>; [email protected] Gesendet: 14:31 Mittwoch, 1.Mai 2013 Betreff: [Urang Sunda] UJ tos teu aya dikieuna Bahasa Inggris nu cocog jeung harti kecap di luhur meureun : UJ does not exist anymore. Tapi nyata karasa manehna masih hirup, Hirup di ati sanubari para Muslimin muslimat. Loba nu ceurik jeung nyeungceurikan. Lantaran naon ? Lantaran karasa ku sakabeh Fans na UJ mah enyaan ngalaksanakeun kaislamana. UJ Khusnul Khatimah, lain bobohongan. Manehna hirupna relative kacida pendekna; kacida pondokna. Tapi manehna geus ngeusieun ku loba amal kahadean. Lain cek manehna ( da geus maot ); tapi cek loba jelema nu nyarita. Manehna geus ngeusian hirupna ku amal ibadah nu hade. Eta hiji UJ. Kumaha Nabi Muhammad ? Pantes dipiserab sadunya. Ngan Golongan anti Islam wungkul , nu nepi ka ayeuna terus2an ngahujat , mitnah ngagogoreng Nabi. Tapi sigana ieu ge sunatullah. Teu aneh teu sing. Bari ujian ka umat Islam akhir Zaman. Ieu teh kristalisasi. Naha masih tetep Iman ka Allah; masing enya ge Islam loba nu ngamusuhan ! Masing Islam diadu sorangan. Tapi ka nu Islamna tetep lempeng najan sosoranganan, Insyaa Allah bakal jadi Muflihuun. Tah urang kumaha ? nu masih keneeh ngagem Islam ? Nu masih nyekel Qur_an jalan hirup urang ? Nu masih nyekel Muhammad Nabi urang ? Hayu urang eusian hirup urang ku tindakan Isslami; mun bisa mere guna kaa batur laksanakeun. Minimal urang teu ngaganggu ngarugikeun batur. Cenah loba nungahina ? loba pacengkadan oge antara Islam jeung Islam !? Ulaah galideur, kabeh eta sunaatullah. Mudah2an urang ditari Imaan Islam urang ku Allah. Da aari pangakuan ti manusa mah biheung bener , biheung salah. Tapi pangakuan atawa panampian ti GUSTI mah Absolut, Pasti salametna. Punten bahasa kuring meureun kacida ngaguruanana. Hayang cara UJ nu cenah teu kaciri ngaguruan batur. Nya tiap manusa boga kabisa masing2. Billahi taufiq wal hidayaah wassalaamu'alaikum warahmaatullahi wabaraakaatuhu.
