hayu sadaya manusa di dunya oge lain dunya, urang tumut kana piwuruk bah
abas nu ieu: "Hayu urang eusian hirup urang ku (....) mere guna kaa batur
laksanakeun. Minimal urang teu ngaganggu ngarugikeun batur."

:)


2013/5/1 Abbas Amien <[email protected]>

> **
>
>
> Bahasa Inggris nu cocog jeung harti kecap di luhur meureun : UJ does not
> exist anymore.
>
> Tapi nyata karasa manehna masih hirup, Hirup di ati sanubari para Muslimin
> muslimat.
> Loba nu ceurik jeung nyeungceurikan. Lantaran naon ? Lantaran karasa ku
> sakabeh Fans na UJ mah enyaan ngalaksanakeun kaislamana.
>
> UJ Khusnul Khatimah, lain bobohongan.
>
> Manehna hirupna relative kacida pendekna; kacida pondokna. Tapi manehna
> geus ngeusieun ku loba amal kahadean. Lain cek manehna ( da geus maot );
> tapi cek loba jelema nu nyarita. Manehna geus ngeusian hirupna ku amal
> ibadah nu hade.
>
> Eta hiji UJ. Kumaha Nabi Muhammad ? Pantes dipiserab sadunya. Ngan
> Golongan anti Islam wungkul , nu nepi ka ayeuna terus2an ngahujat , mitnah
> ngagogoreng Nabi. Tapi sigana ieu ge sunatullah. Teu aneh teu sing. Bari
> ujian ka umat Islam akhir Zaman. Ieu teh kristalisasi. Naha masih tetep
> Iman ka Allah; masing enya ge Islam loba nu ngamusuhan ! Masing Islam diadu
> sorangan. Tapi ka nu Islamna tetep lempeng najan sosoranganan, Insyaa Allah
> bakal jadi Muflihuun.
>
> Tah urang kumaha ? nu masih keneeh ngagem Islam ? Nu masih nyekel Qur_an
> jalan hirup urang ? Nu masih nyekel Muhammad Nabi urang ? Hayu urang eusian
> hirup urang ku tindakan Isslami; mun bisa mere guna kaa batur laksanakeun.
> Minimal urang teu ngaganggu ngarugikeun batur. Cenah loba nungahina ? loba
> pacengkadan oge antara Islam jeung Islam !? Ulaah galideur, kabeh eta
> sunaatullah. Mudah2an urang ditari Imaan Islam urang ku Allah.
>
> Da aari pangakuan ti manusa mah biheung bener , biheung salah. Tapi
> pangakuan atawa panampian ti GUSTI mah Absolut, Pasti salametna.
>
> Punten bahasa kuring meureun kacida ngaguruanana. Hayang cara UJ nu cenah
> teu kaciri ngaguruan batur. Nya tiap manusa boga kabisa masing2.
>
> Billahi taufiq wal hidayaah wassalaamu'alaikum warahmaatullahi
> wabaraakaatuhu.
>
>  
>

Kirim email ke