Agama Jeung Pulitik
===================

Jadi inget waktu pun Bapak jeneng keneh baheula sim kuring anu harita rumaja 
keneh tur kiritis kana kaayaan pulitik sok digebes: geus lah pulitik mah alat 
paranti nipu rahayat leutik!  Tapi lain eta wae ketang, dan pun Bapa mah waktu 
sim kuring budak keneh hayang dipangmeulikeun tipi supaya teu ngadon ngilu 
nongton wae ka tatangga, ari jajawaban pun Bapak teh: alah tipi mah tipu! Heu 
heu... cag ah... urang rada sirius ah dina tulisan di handap ieu.

Umat islam sok nganggap agama wahyu teh murni, teu kawarnaan ku budaya, da 
budaya mah buatan manusa, ari wahyu mah ti Gusti nu Maha Suci.  Padahal loba 
wahyu anu turun kulantaran aya pamenta ti manusa.  Misalna aya umat islam 
harita nanya hiji perkara ka Rasulullah Muhammad saw, terus kangjeng Rasul 
nungguan wahyu datang pikeun ngajawab eta perkara.  Jadi atuh wahyu teh lain 
ngan saukur kawarnaan ku budaya, tapi malahan mah turun kulantaran aya 
pamenta/pangabutuh (problem driven).  Kumaha atuh lamun kitu ongkoh cenah wahyu 
teh bakal berlaku tepi keun ka akhir bumi jeung langit, da wahyu ti Gusti nu 
Maha Suci teh kudu berlaku salilana (abadi). Bisa wae tah pandangan sim kuring 
di luhur oge dianggap nyimpang kulantaran 'ngotoran kasucian wahyu' ku nganggap 
wahyu kawarnaan ku budaya.  Mangga bilih aya nu bade ngaguar perkawis ieu... 
Ari ayeuna mah sim kuring hoyong ngaguar Syuni-Syiah (praktis weh).

Tah lolobana umat Islam teh ka para sahabat nabi teh sok nganggap sakral, 
nganggap suci.  Atuh da ceuk sabda Rasul oge: "Sahabat kaula teh kabehanana 
jiga bintang-bintang di langit.  Sing saha wae ti para sahabat kaula bisa 
dijadikeun conto tauladan".  Pan deuih urang ayeuna teh bisa ngagem islam ku 
cukang lantaran para sahabat nabi anu nyebarkeun ajaran islam ka sawilayah 
dunya.  Jasana gede pisan. Leuwih jauh deui, paradaban modern ayeuna anu 
dipingpin ku nagara barat sanggeus aya pencerahan/Renaissance, teh loba meunang 
inspirasi ti nagara-nagara islam ngaliwatan paketrok perang salib salila 
kira-kira 200 taun anu nyebabkeun oge paketrok budaya jeung kaelmuan.

Dina perkara perpecahan di antara para sahabat nabi anu awal, sikep muslim 
sunni mah embung pipilueun. Malahan mah perpecahan teh dianggap hasil ijtihad 
masing-masing sahabat jaman harita. Jadi mun salah oge ari ijtihad mah meunang 
pahala.  Tapi maenya sili paehan antara sahabat nabi meunang pahala?  Tah ari 
syiah mah teges aya di sisi sahabat Sayyidina Ali ra. Anu lian ti kelompok 
pendukung Ali mah malahan sok dianggap kapir, najis ku syiah ekstrim mah.

Sim kuring baheula mah perkara sunni-syiah teh ningalina ku kacamata aqidah, da 
memang dina buku-buku anu ku sim kuring dibaca memang masalah syuni-syiah teh 
geus dianggap wilayah aqidah.  Tapi ayeu na mah sim kuring leuwih ningali ku 
kacamata pulitik.

Sim kuring oge kaasup teu resep ka sahabat jiga Muawiyyah mah. Ceuk kangjeng 
Nabi oge Muawiyah mah dina tonggongna mamawa tongkat. Muawiyah mah heuras tur 
gede ambek, regas jelema na teh.  Ah teu resep weh sim kuring mah.  Komo 
Muawiyah anu mimiti ngawariskeun kakawasaan di pamarentahan islam arab harita 
jadi dinasti kulawarga. Jeung eta atuh si Yazid bin Muawiyah nepi ka wani 
marentahkeun neukteuk hulu incu kangjeng Nabi. Pan kabina-bina. Teu mandang 
pisan ka incu kangjeng Nabi anu mawa cahaya pituduh ka dunya ieu?  Pantes atuh 
lamun urang syiah (oge anu muslim anu teu ngaku syiah) nyeri hate.

Tapi ti saencan kajadian padang Karbala oge geus aya umat islam di jaman 
Sayyidina Ali anu ngomporan yen Ali leuwih utama ti sahabat nu lian. Tapi sim 
kuring mah teu maca yen Ali kapangaruh.  Ali mah handap asor, luhung elmuna. 
Moal katipu ku ajakan syetan anu ngaluhurkeun darajat diri sorangan. Lamun enya 
Ali ningali diangkatna Abu Bakar, terus Umar, terus Utsman teh nyalahan, pasti 
Ali anu pangheulana nahyi mungkar. Bakal ngomong tah Ali. Moal sieun dan anu 
dipikasieun mah mung gusti Allah anu Maha Kawasa. Lamun aya jalma ngaku syiah 
anu nganggap harita Ali keur taqiyyah, nyumputkeun anu bener dina hatena 
kulantaran sieun pikeun nyalametkeun nyawana, tah eta jalma anu ngaku syiah teh 
geus ngarendahkeun pisan kana tauhid Sayyidina Ali; geus ngaruksak pribadi Ali. 
 Moal mungkin minantu tur sabrayna kangjeng Nabi sieun ku jelema.

Tah kaributan syiah-sunni teh kaributan pulitik. Tapi kan keur ngameunangkeun 
pulitik teh sok jadi mamawa agama. Ngajual agama.  Terus dijieun-jieun si anu 
bakal asup kana naraka kulantaran kitu jeung kieu. Terus para sahabat anu teu 
sahaluan dianggap najis.  Jiga geus narima wahyu wae atuh wani nyieun vonis 
sahabat ieu jeung itu asup naraka.  Tapi pan jang pasea pulitik supaya aya 
landasan kuat perlu dijieun landasan agamana.

Jadi tah pan urang mah geus misah lila pisan ti jaman kaributan para sahabat 
nabi teh. Naha perlu pipilueun tepi ka ayeuna?  Terus naon sih atuh makna urang 
ngagem agama teh?  Naha enya lamun teu benci ka sahabat anu disebut khianat ka 
Ali teh teu katarima iman islamna?  Naha enya gusti nu Maha Suci nyieun aturan 
kabencian saperti kitu?

Naha sehat lamun urang ngagem agama dikuatkeun ku kabencian?
Naha moal cukup kuat iman jelema lamun teu disuluhan ku kabencian?
Sanajan sim kuring teu resep ka Muawiyah jeung Yazid, tapi naha enya sim kuring 
kudu benci? Nepi keun kabencian dijieun wirid?

Teu cape ngagem agama bahan bakarna kabencian?
Naha urang oge benci ka kudrat jeung iradat Gusti nu Maha Suci? Anu geus 
nakdirkeun sagala kajadian?

Lamun bener agama teh kudu disuluhan ku kabencian, sim kuring mah mendingan 
kaluar weh. Sim kuring mah hayang neuleuman sorangan akhlakna kangjeng Nabi. 
Elmu tauhidna Kangjeng Nabi nu agung. Kangjeng Nabi anu geus apaleun yen incuna 
bakal aya nu menggal huluna, terus incu hiji deui bakal aya anu ngaracun. Tapi 
nabi Muhammad mah teu jiga dina film ngusahakeun nyegah eta takdir anu bakal 
kajadian. Sagala oge aya pertanggungjawabana di sisi Gusti nu Maha Adil.

Jauh-jauh kudu pasea ku pulitik 1500 taun ka tukang. Primitif pisan tah lamun 
kitu mah. Karunya memang jalma di kampung anu hayang deukeut ka Gusti nu Maha 
Suci kalahka diwewelan ajaran kabencian ti 1500 tahun ka tukang. Kudu sedih tur 
ngawiridkeun kasedih. Ari wirid ngadekeutkeun ka gusti nu maha suci kumaha? 
Kalahka ngagegedekeun pulitik anu dijieun ku jalma urang arab 1500 tahun ka 
tukang, asa teu kaharti.....

Cik atuh masyarakat mah ajarkeun weh cara wawuh ka Gusti Allah, cara nuturkeun 
maqom-maqom elmu jeung akhlak kangjeng nabi. Tah geus cukup kitu oge. Teu kudu 
mamawa pulitik bedegongna wangsa arab.  Dibabawa kudu milu mikangewa terus weh 
paseana oge diturutan tepikeun ka ayeuna. Asa alabatan teuing... bener syetan 
mah pinter siah tah si bedul teh.. A'udzubillaahi minasyaithaa nirrajiim...!!!


Wallahu'alam

Febi Ahmad Hazairin
===================

Kirim email ke