Tah seratan ti bah Abbas keuna pisan: "Kumahaa cenaah berjamaah; da kapaan eta 
diparentah pisan. Nya ari cek kuring mah tinggal ningkatkeun kaihlasan; teu 
pipilueun ge moal mengpar ti Islam cek kuring mah."

Sok geura ayeuna mah pan ceuk jamaah A, anu disebut jamaah teh nya jamaah A. 
Ceuk jamaan B nya kudu ngilu jamaah B. Kitu deui ceuk jamaah C. Malahan mah aya 
parpol berbasis islam oge cenah lamun teu aya loyalitas ka eta parpol islam teh 
seakan urang dianggap teu loyal ka islam. Jadi geus dihartikeun jamaah=kelompok 
manehna.  Naha wala jeung barro teh jadi ka jamaah maranehna, lain ka Gusti 
Allah?

Sempet lieur sim kuring oge. Pan cenah moal salamet lamun jelema kaluar ti 
jamaah.
Tapi ari dipikir-pikir da lolobana jelema mah jelema awam. Lolobana jelema mah 
jelema leutik dina materi jeung derajat sosial. Tah eta jamaah sim kuring mah!
Nya sabisa-bisa weh kumaha bisa ngahiji jeung masyarakat (walau sibuk ku 
pagawean he he he he...). Nya ulah suudzon ka masyarakat. Kudu ngabela nu 
lemah. Da nu jelema leutik tur lemah mah atuh rek ngadu nya ngadu ka saha, da 
ngadu teh geningan kudu make duit wae boh ka pulisi, komo pengacara, boh ka 
hakim, hararese!  Jelema leutik mah hayang korupsi oge euweuh kasempetan heu 
heu... Meureun eta maksud na Gusti Allah mah bakal ngagancangkeun hisabna jalma 
leutik, bakal nereleng cenah asuk kana surga. Da rek dihisab kumaha atuh, 
korupsi oge euweuh kasempetan. 

Nya teu kurang kumaha umat islam di indonesia teh ratusan juta jumlahna. Tah 
eta teh pan jamaah....
Nya lamun aya pamingpin anu hade, siap atuh lah rek ngiluan ngadukung :)

Ahmad Hazairin
===========




________________________________
 Von: Abbas Amien <[email protected]>
An: [email protected]; kisunda <[email protected]> 
Gesendet: 6:16 Mittwoch, 8.Mai 2013
Betreff: Re: [Urang Sunda] Re:  Catatan untuk Buku “Kesesatan Sunni-Syiah”
 


  
Assalamu'alaikum warahmaatullahi wabarakaatuh.

Duka ku naon, dugi ka detik ieu kuring satuju wae ka na seseratan ki dulur kang 
ahmad Hazairin ieu. Mun tea mah kudu nyekel SEKTE meureun kuring jeung kang 
Ahmad teh Sunni tapi nu teu pipilueun hayang ngamusuh ka Syiah !? Bisa teu nya ?

Tapi urang teu bisa nyebutkeun, pokona kuring Islam ! Lantaran paan aya SALAFY 
nu cenah ngamurnikeun sagalana. Tapi ayeuna mah kapan Sunni Wahabbi tea salafy 
maah. Nu condong ka Arab jeung ka Ichwanul Muslimin ? Kumahaa atuh Islam urang ?

Cek kuring mah ... cek kuring Ibadah we soson2 tong luak lieuk; soal mumusuhan 
sahenteuna urang teu satuju. Mun bisa nyarita, nya milu nyarita oge. Da ahirnaa 
maah lain Iman Kelompok nu bakaal dipeunteun ku Gusti teh; tapi Iman sacara 
pribadi.

Kumahaa cenaah berjamaah; da kapaan eta diparentah pisan. Nya ari cek kuring
 mah tinggal ningkatkeun kaihlasan; teu pipilueun ge moal mengpar ti Islam cek 
kuring mah.

Kuring kungsi pasea rongkah di Kajian sehati Milis Islam. Lantaran aya nu 
ngapirkeun Syiah. Kuring jelas lain Syiah, tapi teu resep ka nu sok gampang 
ngapirkeun batur. Nya lila2 mah, ti batan leuwih gede mumusuhanana, kuring 
kaluar ti kajian sehati. Da tekaad kuring mah, enya ge Sunni tapi Sunni nu mun 
bisa mah ulah ngamusuhan ka Islam nu mana wae ge. Kaasup ka Ahmadiyah.

Wallahualam


--- On Mon, 6/5/13, Ahmad Hazairin <[email protected]> wrote:


>From: Ahmad Hazairin <[email protected]>
>Subject: [Urang Sunda] Re:  Catatan untuk Buku “Kesesatan Sunni-Syiah”
>To: "[email protected]" <[email protected]>, 
>"[email protected]" <[email protected]>
>Received: Monday, 6
 May, 2013, 9:29 AM
>
>
>  
>Agama Jeung Pulitik
>===================
>
>Jadi inget waktu pun Bapak jeneng keneh baheula sim kuring anu harita rumaja 
>keneh tur kiritis kana kaayaan pulitik sok digebes: geus lah pulitik mah alat 
>paranti nipu rahayat leutik!  Tapi lain eta wae ketang, dan pun Bapa mah waktu 
>sim kuring budak keneh hayang dipangmeulikeun tipi supaya teu ngadon ngilu 
>nongton wae ka tatangga, ari jajawaban pun Bapak teh: alah tipi mah tipu! Heu 
>heu... cag ah... urang rada sirius ah dina tulisan di handap ieu.
>
>Umat islam sok nganggap agama wahyu teh murni, teu kawarnaan ku budaya, da 
>budaya mah buatan manusa, ari wahyu mah ti Gusti nu Maha Suci.  Padahal loba 
>wahyu anu turun kulantaran aya pamenta ti manusa.  Misalna aya umat islam 
>harita nanya hiji perkara ka Rasulullah Muhammad saw, terus kangjeng Rasul 
>nungguan
 wahyu datang pikeun ngajawab eta perkara.  Jadi atuh wahyu teh lain ngan 
saukur kawarnaan ku budaya, tapi malahan mah turun kulantaran aya 
pamenta/pangabutuh (problem driven).  Kumaha atuh lamun kitu ongkoh cenah wahyu 
teh bakal berlaku tepi keun ka akhir bumi jeung langit, da wahyu ti Gusti nu 
Maha Suci teh kudu berlaku salilana (abadi). Bisa wae tah pandangan sim kuring 
di luhur oge dianggap nyimpang kulantaran 'ngotoran kasucian wahyu' ku nganggap 
wahyu kawarnaan ku budaya.  Mangga bilih aya nu bade ngaguar perkawis ieu... 
Ari ayeuna mah sim kuring hoyong ngaguar Syuni-Syiah (praktis weh).
>
>Tah lolobana umat Islam teh ka para sahabat nabi teh sok nganggap sakral, 
>nganggap suci.  Atuh da ceuk sabda Rasul oge: "Sahabat kaula teh kabehanana 
>jiga bintang-bintang di langit.  Sing saha wae ti para sahabat kaula bisa 
>dijadikeun conto tauladan".  Pan deuih urang ayeuna teh bisa ngagem islam ku 
>cukang lantaran para sahabat
 nabi anu nyebarkeun ajaran islam ka sawilayah dunya.  Jasana gede pisan. 
Leuwih jauh deui, paradaban modern ayeuna anu dipingpin ku nagara barat 
sanggeus aya pencerahan/Renaissance, teh loba meunang inspirasi ti 
nagara-nagara islam ngaliwatan paketrok perang salib salila kira-kira 200 taun 
anu nyebabkeun oge paketrok budaya jeung kaelmuan.
>
>Dina perkara perpecahan di antara para sahabat nabi anu awal, sikep muslim 
>sunni mah embung pipilueun. Malahan mah perpecahan teh dianggap hasil ijtihad 
>masing-masing sahabat jaman harita. Jadi mun salah oge ari ijtihad mah meunang 
>pahala.  Tapi maenya sili paehan antara sahabat nabi meunang pahala?  Tah ari 
>syiah mah teges aya di sisi sahabat Sayyidina Ali ra. Anu lian ti kelompok 
>pendukung Ali mah malahan sok dianggap kapir, najis ku syiah ekstrim mah.
>
>Sim kuring baheula mah perkara sunni-syiah teh ningalina ku kacamata aqidah, 
>da memang dina buku-buku anu ku sim kuring dibaca memang
 masalah syuni-syiah teh geus dianggap wilayah aqidah.  Tapi ayeu na mah sim 
kuring leuwih ningali ku kacamata pulitik.
>
>Sim kuring oge kaasup teu resep ka sahabat jiga Muawiyyah mah. Ceuk kangjeng 
>Nabi oge Muawiyah mah dina tonggongna mamawa tongkat. Muawiyah mah heuras tur 
>gede ambek, regas jelema na teh.  Ah teu resep weh sim kuring mah.  Komo 
>Muawiyah anu mimiti ngawariskeun kakawasaan di pamarentahan islam arab harita 
>jadi dinasti kulawarga. Jeung eta atuh si Yazid bin Muawiyah nepi ka wani 
>marentahkeun neukteuk hulu incu kangjeng Nabi. Pan kabina-bina. Teu mandang 
>pisan ka incu kangjeng Nabi anu mawa cahaya pituduh ka dunya ieu?  Pantes atuh 
>lamun urang syiah (oge anu muslim anu teu ngaku syiah) nyeri hate.
>
>Tapi ti saencan kajadian padang Karbala oge geus aya umat islam di jaman 
>Sayyidina Ali anu ngomporan yen Ali leuwih utama ti sahabat nu lian. Tapi sim 
>kuring mah teu maca yen Ali kapangaruh.  Ali mah handap
 asor, luhung elmuna. Moal katipu ku ajakan syetan anu ngaluhurkeun darajat 
diri sorangan. Lamun enya Ali ningali diangkatna Abu Bakar, terus Umar, terus 
Utsman teh nyalahan, pasti Ali anu pangheulana nahyi mungkar. Bakal ngomong tah 
Ali. Moal sieun dan anu dipikasieun mah mung gusti Allah anu Maha Kawasa. Lamun 
aya jalma ngaku syiah anu nganggap harita Ali keur taqiyyah, nyumputkeun anu 
bener dina hatena kulantaran sieun pikeun nyalametkeun nyawana, tah eta jalma 
anu ngaku syiah teh geus ngarendahkeun pisan kana tauhid Sayyidina Ali; geus 
ngaruksak pribadi Ali.  Moal mungkin minantu tur sabrayna kangjeng Nabi sieun 
ku jelema.
>
>Tah kaributan syiah-sunni teh kaributan pulitik. Tapi kan keur ngameunangkeun 
>pulitik teh sok jadi mamawa agama. Ngajual agama.  Terus dijieun-jieun si anu 
>bakal asup kana naraka kulantaran kitu jeung kieu. Terus para sahabat anu teu 
>sahaluan dianggap najis.  Jiga geus narima wahyu wae atuh wani nyieun vonis
 sahabat ieu jeung itu asup naraka.  Tapi pan jang pasea pulitik supaya aya 
landasan kuat perlu dijieun landasan agamana.
>
>Jadi tah pan urang mah geus misah lila pisan ti jaman kaributan para sahabat 
>nabi teh. Naha perlu pipilueun tepi ka ayeuna?  Terus naon sih atuh makna 
>urang ngagem agama teh?  Naha enya lamun teu benci ka sahabat anu disebut 
>khianat ka Ali teh teu katarima iman islamna?  Naha enya gusti nu Maha Suci 
>nyieun aturan kabencian saperti kitu?
>
>Naha sehat lamun urang ngagem agama dikuatkeun ku kabencian?
>Naha moal cukup kuat iman jelema lamun teu disuluhan ku kabencian?
>Sanajan sim kuring teu resep ka Muawiyah jeung Yazid, tapi naha enya sim 
>kuring kudu benci? Nepi keun kabencian dijieun wirid?
>
>Teu cape ngagem agama bahan bakarna kabencian?
>Naha urang oge benci ka kudrat jeung iradat Gusti nu Maha Suci? Anu geus 
>nakdirkeun sagala kajadian?
>
>Lamun bener agama teh kudu disuluhan ku
 kabencian, sim kuring mah mendingan kaluar weh. Sim kuring mah hayang 
neuleuman sorangan akhlakna kangjeng Nabi. Elmu tauhidna Kangjeng Nabi nu 
agung. Kangjeng Nabi anu geus apaleun yen incuna bakal aya nu menggal huluna, 
terus incu hiji deui bakal aya anu ngaracun. Tapi nabi Muhammad mah teu jiga 
dina film ngusahakeun nyegah eta takdir anu bakal kajadian. Sagala oge aya 
pertanggungjawabana di sisi Gusti nu Maha Adil.
>
>Jauh-jauh kudu pasea ku pulitik 1500 taun ka tukang. Primitif pisan tah lamun 
>kitu mah. Karunya memang jalma di kampung anu hayang deukeut ka Gusti nu Maha 
>Suci kalahka diwewelan ajaran kabencian ti 1500 tahun ka tukang. Kudu sedih 
>tur ngawiridkeun kasedih. Ari wirid ngadekeutkeun ka gusti nu maha suci 
>kumaha? Kalahka ngagegedekeun pulitik anu dijieun ku jalma urang arab 1500 
>tahun ka tukang, asa teu kaharti.....
>
>Cik atuh masyarakat mah ajarkeun weh cara wawuh ka Gusti Allah, cara nuturkeun 
>maqom-maqom elmu jeung akhlak
 kangjeng nabi. Tah geus cukup kitu oge. Teu kudu mamawa pulitik bedegongna 
wangsa arab.  Dibabawa kudu milu mikangewa terus weh paseana oge diturutan 
tepikeun ka ayeuna. Asa alabatan teuing... bener syetan mah pinter siah tah si 
bedul teh.. A'udzubillaahi minasyaithaa nirrajiim...!!!
>
>
>Wallahu'alam
>
>Febi Ahmad Hazairin
>===================
>
>
>
>
>
> 
 

Kirim email ke