Asyhaduanlaailaahaillaah wa asyhadu anna Muhammadarrasuulullah. Teu aya nu shalat wa asyhadu anna Ali atawa Abubakar jst. Ku margi sakitu intina Sunnah Syiah saaleresna sami pisan.
Atuh naha aya nu ngaajejelh sapalih ti na sapalih ? Hehehe eta mah pan soal selera. Urang seneng Ka Bung Karno teu resep ka Suharto; seneng ka Sby teu resep ka Sukarno. Paan eta mah selera politik atuh !? Sadaya jalmi gaduh kayakinaan sorangaan2 di na ieu perpolitikan. Teu bisa diKUDUkeun kudu rsep ka SBY misalna. Atuh teu resep ka Umar misalna atawa ka Ali nyaa eta mah hak pribadi sewaang2an ! Naha aatuh jadi kebijakan kelompok ! Tah eta nu lepat mah, nu mamawa tina pilihaan pribadi jadi pilihan kelompok. Jadi nya mun kedah meunteun tea mah, nya barodo we urang Islam tiasa diadudomba ku SEKTE ! Tah nu salah nu nyebarkeunana jadi DOGMA mumusuhan ! Wallahualaam. --- On Tue, 7/5/13, [email protected] <[email protected]> wrote: From: [email protected] <[email protected]> Subject: Re: [kisunda] Re: [Urang Sunda] Re: Catatan untuk Buku “Kesesatan Sunni-Syiah” To: [email protected], [email protected] Received: Tuesday, 7 May, 2013, 11:34 PM Alhamdulillah, hatur nuhun Uwa Abbas. Mugia langkung seueur deui nu percanten yen duduluran teh jauh langkung utama ti batan pasea. Mugi langkung seueur deui nu percanten yen potensi 'kebenaran'--punten kirang uninga Sundana, kitu deu 'ketidakbenaran' salawasna aya di unggal urang sadaya. Manawi saur simkuring nu laip, salaresna mah urang langkung seueur samina ti batan benten. Wallahu 'alam... Darmawan SepriyossaSent from my AXIS Worry Free BlackBerry® smartphoneFrom: Abbas Amien <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Wed, 8 May 2013 07:16:30 +0800 (SGT)To: <[email protected]>; kisunda<[email protected]>ReplyTo: [email protected] Subject: [kisunda] Re: [Urang Sunda] Re: Catatan untuk Buku “Kesesatan Sunni-Syiah” Assalamu'alaikum warahmaatullahi wabarakaatuh. Duka ku naon, dugi ka detik ieu kuring satuju wae ka na seseratan ki dulur kang ahmad Hazairin ieu. Mun tea mah kudu nyekel SEKTE meureun kuring jeung kang Ahmad teh Sunni tapi nu teu pipilueun hayang ngamusuh ka Syiah !? Bisa teu nya ? Tapi urang teu bisa nyebutkeun, pokona kuring Islam ! Lantaran paan aya SALAFY nu cenah ngamurnikeun sagalana. Tapi ayeuna mah kapan Sunni Wahabbi tea salafy maah. Nu condong ka Arab jeung ka Ichwanul Muslimin ? Kumahaa atuh Islam urang ? Cek kuring mah ... cek kuring Ibadah we soson2 tong luak lieuk; soal mumusuhan sahenteuna urang teu satuju. Mun bisa nyarita, nya milu nyarita oge. Da ahirnaa maah lain Iman Kelompok nu bakaal dipeunteun ku Gusti teh; tapi Iman sacara pribadi. Kumahaa cenaah berjamaah; da kapaan eta diparentah pisan. Nya ari cek kuring mah tinggal ningkatkeun kaihlasan; teu pipilueun ge moal mengpar ti Islam cek kuring mah. Kuring kungsi pasea rongkah di Kajian sehati Milis Islam. Lantaran aya nu ngapirkeun Syiah. Kuring jelas lain Syiah, tapi teu resep ka nu sok gampang ngapirkeun batur. Nya lila2 mah, ti batan leuwih gede mumusuhanana, kuring kaluar ti kajian sehati. Da tekaad kuring mah, enya ge Sunni tapi Sunni nu mun bisa mah ulah ngamusuhan ka Islam nu mana wae ge. Kaasup ka Ahmadiyah. Wallahualam --- On Mon, 6/5/13, Ahmad Hazairin <[email protected]> wrote: From: Ahmad Hazairin <[email protected]> Subject: [Urang Sunda] Re: Catatan untuk Buku “Kesesatan Sunni-Syiah” To: "[email protected]" <[email protected]>, "[email protected]" <[email protected]> Received: Monday, 6 May, 2013, 9:29 AM Agama Jeung Pulitik =================== Jadi inget waktu pun Bapak jeneng keneh baheula sim kuring anu harita rumaja keneh tur kiritis kana kaayaan pulitik sok digebes: geus lah pulitik mah alat paranti nipu rahayat leutik! Tapi lain eta wae ketang, dan pun Bapa mah waktu sim kuring budak keneh hayang dipangmeulikeun tipi supaya teu ngadon ngilu nongton wae ka tatangga, ari jajawaban pun Bapak teh: alah tipi mah tipu! Heu heu... cag ah... urang rada sirius ah dina tulisan di handap ieu. Umat islam sok nganggap agama wahyu teh murni, teu kawarnaan ku budaya, da budaya mah buatan manusa, ari wahyu mah ti Gusti nu Maha Suci. Padahal loba wahyu anu turun kulantaran aya pamenta ti manusa. Misalna aya umat islam harita nanya hiji perkara ka Rasulullah Muhammad saw, terus kangjeng Rasul nungguan wahyu datang pikeun ngajawab eta perkara. Jadi atuh wahyu teh lain ngan saukur kawarnaan ku budaya, tapi malahan mah turun kulantaran aya pamenta/pangabutuh (problem driven). Kumaha atuh lamun kitu ongkoh cenah wahyu teh bakal berlaku tepi keun ka akhir bumi jeung langit, da wahyu ti Gusti nu Maha Suci teh kudu berlaku salilana (abadi). Bisa wae tah pandangan sim kuring di luhur oge dianggap nyimpang kulantaran 'ngotoran kasucian wahyu' ku nganggap wahyu kawarnaan ku budaya. Mangga bilih aya nu bade ngaguar perkawis ieu... Ari ayeuna mah sim kuring hoyong ngaguar Syuni-Syiah (praktis weh). Tah lolobana umat Islam teh ka para sahabat nabi teh sok nganggap sakral, nganggap suci. Atuh da ceuk sabda Rasul oge: "Sahabat kaula teh kabehanana jiga bintang-bintang di langit. Sing saha wae ti para sahabat kaula bisa dijadikeun conto tauladan". Pan deuih urang ayeuna teh bisa ngagem islam ku cukang lantaran para sahabat nabi anu nyebarkeun ajaran islam ka sawilayah dunya. Jasana gede pisan. Leuwih jauh deui, paradaban modern ayeuna anu dipingpin ku nagara barat sanggeus aya pencerahan/Renaissance, teh loba meunang inspirasi ti nagara-nagara islam ngaliwatan paketrok perang salib salila kira-kira 200 taun anu nyebabkeun oge paketrok budaya jeung kaelmuan. Dina perkara perpecahan di antara para sahabat nabi anu awal, sikep muslim sunni mah embung pipilueun. Malahan mah perpecahan teh dianggap hasil ijtihad masing-masing sahabat jaman harita. Jadi mun salah oge ari ijtihad mah meunang pahala. Tapi maenya sili paehan antara sahabat nabi meunang pahala? Tah ari syiah mah teges aya di sisi sahabat Sayyidina Ali ra. Anu lian ti kelompok pendukung Ali mah malahan sok dianggap kapir, najis ku syiah ekstrim mah. Sim kuring baheula mah perkara sunni-syiah teh ningalina ku kacamata aqidah, da memang dina buku-buku anu ku sim kuring dibaca memang masalah syuni-syiah teh geus dianggap wilayah aqidah. Tapi ayeu na mah sim kuring leuwih ningali ku kacamata pulitik. Sim kuring oge kaasup teu resep ka sahabat jiga Muawiyyah mah. Ceuk kangjeng Nabi oge Muawiyah mah dina tonggongna mamawa tongkat. Muawiyah mah heuras tur gede ambek, regas jelema na teh. Ah teu resep weh sim kuring mah. Komo Muawiyah anu mimiti ngawariskeun kakawasaan di pamarentahan islam arab harita jadi dinasti kulawarga. Jeung eta atuh si Yazid bin Muawiyah nepi ka wani marentahkeun neukteuk hulu incu kangjeng Nabi. Pan kabina-bina. Teu mandang pisan ka incu kangjeng Nabi anu mawa cahaya pituduh ka dunya ieu? Pantes atuh lamun urang syiah (oge anu muslim anu teu ngaku syiah) nyeri hate. Tapi ti saencan kajadian padang Karbala oge geus aya umat islam di jaman Sayyidina Ali anu ngomporan yen Ali leuwih utama ti sahabat nu lian. Tapi sim kuring mah teu maca yen Ali kapangaruh. Ali mah handap asor, luhung elmuna. Moal katipu ku ajakan syetan anu ngaluhurkeun darajat diri sorangan. Lamun enya Ali ningali diangkatna Abu Bakar, terus Umar, terus Utsman teh nyalahan, pasti Ali anu pangheulana nahyi mungkar. Bakal ngomong tah Ali. Moal sieun dan anu dipikasieun mah mung gusti Allah anu Maha Kawasa. Lamun aya jalma ngaku syiah anu nganggap harita Ali keur taqiyyah, nyumputkeun anu bener dina hatena kulantaran sieun pikeun nyalametkeun nyawana, tah eta jalma anu ngaku syiah teh geus ngarendahkeun pisan kana tauhid Sayyidina Ali; geus ngaruksak pribadi Ali. Moal mungkin minantu tur sabrayna kangjeng Nabi sieun ku jelema. Tah kaributan syiah-sunni teh kaributan pulitik. Tapi kan keur ngameunangkeun pulitik teh sok jadi mamawa agama. Ngajual agama. Terus dijieun-jieun si anu bakal asup kana naraka kulantaran kitu jeung kieu. Terus para sahabat anu teu sahaluan dianggap najis. Jiga geus narima wahyu wae atuh wani nyieun vonis sahabat ieu jeung itu asup naraka. Tapi pan jang pasea pulitik supaya aya landasan kuat perlu dijieun landasan agamana. Jadi tah pan urang mah geus misah lila pisan ti jaman kaributan para sahabat nabi teh. Naha perlu pipilueun tepi ka ayeuna? Terus naon sih atuh makna urang ngagem agama teh? Naha enya lamun teu benci ka sahabat anu disebut khianat ka Ali teh teu katarima iman islamna? Naha enya gusti nu Maha Suci nyieun aturan kabencian saperti kitu? Naha sehat lamun urang ngagem agama dikuatkeun ku kabencian? Naha moal cukup kuat iman jelema lamun teu disuluhan ku kabencian? Sanajan sim kuring teu resep ka Muawiyah jeung Yazid, tapi naha enya sim kuring kudu benci? Nepi keun kabencian dijieun wirid? Teu cape ngagem agama bahan bakarna kabencian? Naha urang oge benci ka kudrat jeung iradat Gusti nu Maha Suci? Anu geus nakdirkeun sagala kajadian? Lamun bener agama teh kudu disuluhan ku kabencian, sim kuring mah mendingan kaluar weh. Sim kuring mah hayang neuleuman sorangan akhlakna kangjeng Nabi. Elmu tauhidna Kangjeng Nabi nu agung. Kangjeng Nabi anu geus apaleun yen incuna bakal aya nu menggal huluna, terus incu hiji deui bakal aya anu ngaracun. Tapi nabi Muhammad mah teu jiga dina film ngusahakeun nyegah eta takdir anu bakal kajadian. Sagala oge aya pertanggungjawabana di sisi Gusti nu Maha Adil. Jauh-jauh kudu pasea ku pulitik 1500 taun ka tukang. Primitif pisan tah lamun kitu mah. Karunya memang jalma di kampung anu hayang deukeut ka Gusti nu Maha Suci kalahka diwewelan ajaran kabencian ti 1500 tahun ka tukang. Kudu sedih tur ngawiridkeun kasedih. Ari wirid ngadekeutkeun ka gusti nu maha suci kumaha? Kalahka ngagegedekeun pulitik anu dijieun ku jalma urang arab 1500 tahun ka tukang, asa teu kaharti..... Cik atuh masyarakat mah ajarkeun weh cara wawuh ka Gusti Allah, cara nuturkeun maqom-maqom elmu jeung akhlak kangjeng nabi. Tah geus cukup kitu oge. Teu kudu mamawa pulitik bedegongna wangsa arab. Dibabawa kudu milu mikangewa terus weh paseana oge diturutan tepikeun ka ayeuna. Asa alabatan teuing... bener syetan mah pinter siah tah si bedul teh.. A'udzubillaahi minasyaithaa nirrajiim...!!! Wallahu'alam Febi Ahmad Hazairin ===================
