nu disebut munafik mah nu ngalanggar agama, nagara naha kawin deui
ngalanggar ?


2013/5/11 mang kaby <[email protected]>

> **
>
>
> ** No. 2 nya Bah... Harita Aa Gym di ceramah-2 TV mun ditanya ngeunaan
> poligami... Aaah Aa mah cukup hiji ceunah hiji ge moal beak-2 hehehe...
> matakna pamajikan resepeun pisan ngadenge ceramahna si Aa hehehe. Mun geus
> aya caramah di TV teh teu meunang diganggu gugat hehehe. Waaah ieu yeuuuh
> ceunah nu bener hehehe. Eeeeh geuning ternyata beda jeung kanyataan nana Aa
> Gym kawin deui. Cigana lamun Aa Gym teu gembar-2 cukup hiji cigana moal
> nepika kitu "tikusrukna" Aa Gym da geus ilahar Ustadz boga pamajikan leuwih
> ti hiji mah tempo we Oma Irama tetep weh fans-na loba, ongkoh meureun ari
> Oma mah fans-na lain ti Ibu-2 hehehe...
>
> Nyakitu hirup mah pan... Teu salawasna datar pasti aya mudun jeung
> tanjakan... Circle of life tea... Life is never flat tea... anu tadina
> dipikaresep ku Ibu-2 jadi dipika ngewa ayeuna pamajikan mun ngadenge Aa
> Gym... Weeeeeew ceunah hehehe.
>
> Tah Eyang Subur mah pan geus puguh maniac tapi manehna teu pernah kadenge
> ngomong di media istri mah cukup hiji hehehe.
> nuhuuuuns,
> mang kabayan
> www.udarider.com
> ------------------------------
> *From: * Abbas Amien <[email protected]>
> *Sender: * [email protected]
> *Date: *Sat, 11 May 2013 07:41:45 +0800 (SGT)
> *To: *<[email protected]>; kisunda<[email protected]>
> *ReplyTo: * [email protected]
> *Subject: *[kisunda] Re: [Urang Sunda] Re: YANG SYAR'I YANG DIBENCI, YANG
> SESAT TAK DIHUJAT...dialog anu cerdas.
>
>
>
> Point dua seratan mangkabayan rada teu kaharti.
> Teu kudu dibejer beaskan mangga taaliti deui !
>
> --- On *Fri, 10/5/13, mang kaby <[email protected]>* wrote:
>
>
> From: mang kaby <[email protected]>
> Subject: [Urang Sunda] Re: YANG SYAR'I YANG DIBENCI, YANG SESAT TAK
> DIHUJAT...dialog anu cerdas.
> To: "UrangSunda" <[email protected]>, "Baraya_Sunda" <
> [email protected]>, "Kisunda" <[email protected]>
> Received: Friday, 10 May, 2013, 10:21 PM
>
>
>
> Enya euy...
>
> 1. Eyang Subur kumpul kebo ... Aa Gym mah Resmi. Asana baheula pas awal-2
> laina teu resmi oge Kawinna disiri heula kakara kawin Resmi?
>
> 2. Eyang Subur teu munafik ngomong istri cukup 1... Aa Gym pan ngomong
> istri cukup 1 tapi eeeh terus jadi 2 hehehe.
>
> 3. Manusiawi lah Eyang Subur jeung Aa Gym hehehe.
>
> 4. Nyakitu alusna diskusi keun tinggal adu logika lamun euweuh logika nya
> hese, komo mun mangkreng embung eleh nya ujung-2na esmosis pastina.
>
> 5. Lain euy asa karek inget pernah ngadenge euy ceunah mah di Qur'an
> euweuh ayat anu nyebutkeun maksimal 4? Ke saha nya anu nyarita pohoooo
> puguh jadi sabenerna bisa leuwih ti 4 hehehe. Ngan Sunah Rosul 4, alusna 4
> tapi lamun leuwih oge nya teu kunanaon? Ciiik naha bener naha henteu?
>
> 6. Tah ayeuna nikah siri hukumna kumaha euy secara Islam mah pan sah lin
> mun sesuai syarat jeung syariat mah. Tah lamun ceuk Hukum / Undang-2
> Indonesia kumaha? Nu Mamang apal mah UU Perlindungan anak jadi 18 taun
> patokan anu disebut anak teh, baheula mah sugan teh 17 taun, ternyata nepi
> 18 taun anu kasebut anak-2. UU Perkawinan mun teu salah 16 taun jadi lamun
> di kawin 16 taun nya sah numutkeun UU Perkawinan lin?
>
> Tah ayeuna kumaha jadi ngarti kunaon baheula geuning aya kasus Ustad
> anggota DPRD Jatim anu katewak jeung ABG 16 taun manehna nyarita aaah da
> manehna mah pamajikan geus di nikah siri, jadi samemeh cek in ka hotel
> manehna neang lebe anu babaturan nana ceunah jeung eta lebe geus langanan
> nya di kawin heula aya ijab kabul, aya mahar, jeung aya saksi nya saaaah
> ceunah geus kitu nya der weh. Geus beres ceunah tergantung si awewe lamun
> engke-2na daek cek in deui nya teu waka "diceraikeun" lamun geus embung nya
> "diceraikeun". Ceuk Mamang eta Ustad cerdas... Manehna nyaho hukum jadi
> lamun 16 taun mun di kawin manehna moal keuna ku UU Perlindungan Anak. Jadi
> Aman hehehe. Teuing tah ayeuna si Ustad DPRD eta kumaha nasibna naha bebas
> atawa henteu? Mun ditahan naon dakwaan nana?
>
> Siga kasus Aceng Fikri pan dakwaan nana Pencemaran Nama Baik lain kasus
> Perlindungan Anak atawa melanggar UU Nikah pan Aceng Fikri oge pinter si
> Fani pan anu karek 17 taun di kawin heula hehehe. Lantaran SMS ngagogoreng
> si Fani tea jrrd. Pencemaran Nama Baik mah palingge moal nepi sataun pan
> jeung biasana tara nepika dipanjara denda na oge paling sabaraha rebu
> hehehe.
>
> Ayeuna naha bet Awewe daek kitu nya meureun loba alesana oge kusabab butuh
> duit, hayang/ mertahankeun jabatan (sekretaris anu hade pan nu bisa
> ngucapkeun Pa Sudah Pagi! Lain Selamat Pagi Pak wkkkk), kabutuhan hirup,
> hayang gaya/ gaul, teu payu hehehe dari pada teu boga kabogoh wae nya geus
> weh ceunah daek jadi istri simpenan oge. Tapi sigana mostly mah duit jeung
> kabutuhan hirup.
>
> Jadi kumaha atuh nu mana anu hade hehehe...bisi kabita jaga mending
> Poligami Resmi, Nikah Siri, atawa Kumpul Kebo?
>
> Patokanna mun poligami/ nikah siri: 16 taun kaluhur.
>
> Kumpul Kebo: 18 taun kaluhur hehehe.
>
> Pangalaman babaturan Mamang mah anu garelo Penjahat Kelamin resep neangan
> nu 24 taun kaluhur hahaha kunaon teu riweuh ceunah secara mental jeung
> spiritual leuwih stabil leuwih "understanding". Lamun ABG capeeeeeee ceunah
> siga budak pisan jeung loba pamenta sautak saeutik menta kirim pulsa, menta
> ganti BB, jrrd pusiiiiing hahaha. Ngan kade ulah ka Ema-2 soalna engke
> laina menta kirim pulsa tapi menta kirim cai sember ema keur di kantor
> polisi hayang modol euweuh cai hehehe. Tapi mun ditilik-2 kabeh babaturan
> Mamang anu boga simpenan status BB-na galaaauuuu kabeeeh hahahaha jeung
> nyakitu talalajir hehehe. Kadang mah sok diheureuyan jiaaah maneh mah naha
> galau wae matakna geus eureunan atuh da fatamorgana ceuk Mamang teh moal
> aya tungtungna hehehe. Ke kanyahoan pamajikan siah... Digaplok mah
> nyahoooo... Kalahka seuri :D. Nya sing tarapti we lah ceuk Mamang teh
> hahahaha. Caringcing buka kancing saringset buka iket hehehe. Tah nu cerdas
> mah BB-na oge nepika boga dua hahaha. Hiji keur serius hiji keur baong
> hadeuuuh.
>
> Matakna pan awewe anu pamajikan mah geus loba anu terbukti tah daek hirup
> sangsara masih keneh satia hahaha tah anu can kabuktian mah urang-2 yeuh
> kaum salaki lamun geus beunghar kumaha jaga jadina wkkkkk.
>
> Tah modusna loba aya anu disimpen di kost-an elit anu model Paviliun aya
> Ac jrrd. Aya anu dipangontrakeun imah, aya oge anu tajir mah nya disimpen
> di apartemen jeung dibere mobil biasana karesepna nya Honda Jazz siga Ahmad
> Fathonah. Bulanan na oge variatif ti mimiti 2jt, 5jt aya oge nu 50jt
> sabulan eduuuun pan? Siga jaman Yunani tea pan 3500SM mun teu salah aya oge
> penghibur kelas tinggi pan naon kasebutna Herietta atawa naon poho euy.
> Kang Tantan sigana anu langkung apal ahli Filsafat Yunani tapi Ahli urusan
> eta mah encan sigana Kang Tantan mah polos keneh hahaha.
> nuhuuuuns,
> mang kabayan
> www.udarider.com
> ------------------------------
> *From: * [email protected]
> *Sender: * [email protected]
> *Date: *Fri, 10 May 2013 12:49:46 +0000
> *To: *<[email protected]>; <[email protected]>
> *ReplyTo: * [email protected]
> *Subject: *Re: [Urang Sunda] YANG SYAR'I YANG DIBENCI, YANG SESAT TAK
> DIHUJAT...dialog anu cerdas.
>
>
>
> Alhamdulillah, janten mendak katerangan yen Abu Hassan Al Asy'ari kantos
> lebet Mu'tazilah. Sateuacana mah mung terang yen gegedug Mu'tazilah teh
> Washil bin Atha'. Salian teolog anjeunna oge penyair. Hatur nuhun Kang.
> Sent from my AXIS Worry Free BlackBerry® smartphone
> ------------------------------
> *From: * Abbas Amien <[email protected]>
> *Sender: * [email protected]
> *Date: *Fri, 10 May 2013 20:29:48 +0800 (SGT)
> *To: *<[email protected]>; <[email protected]>
> *ReplyTo: * [email protected]
> *Subject: *Re: [Urang Sunda] YANG SYAR'I YANG DIBENCI, YANG SESAT TAK
> DIHUJAT...dialog anu cerdas.
>
>
>
> Alhamdulillah. Tah ieu salah sawwios pemikiran cerdas ti kang Yani.
> Mudah2an hararepaan kang Yani aya Paidin ti MantenNa. A,iim.
>
> --- On *Fri, 10/5/13, MRachmat Rawyani <[email protected]>* wrote:
>
>
> From: MRachmat Rawyani <[email protected]>
> Subject: [Urang Sunda] YANG SYAR'I YANG DIBENCI, YANG SESAT TAK
> DIHUJAT...dialog anu cerdas.
> To: [email protected]
> Cc: [email protected]
> Received: Friday, 10 May, 2013, 3:58 AM
>
>
>
> tah, tah, tah, ieu bibit pacongkedan anu memang dipikahoyong ku "batur".
> Aktivis HAM oge pan seuseurna urang Islam.
>
> Teroris anu kamari digempur oge urang Islam. Atuh pasukan gegana 88 oge
> urang Islam oge ( Aya Komjen Nanan Sukarna oge).
>
> Hese oge nya, "menyadarkan" sasama urang Islam. Tapi pan ieu hiji
> tantangan, pahalana langkung ageung batan merangan anu jelas-jelas sanes
> uran Islam.
>
> Sigana kedah aya sakelompok urang, anu jajgo ngatur strategi, nyadarkeun
> sasama urang Islam, ku cara dilaog anu cerdas.
>
> Kamari wengi kuring mirengkeun ceramah ti  salah sawios ulama perkawis
> aliran Mutazilah, nyaeta hiji aliran anu ngalogikakeun sagala parentah
> Allah SWT. (punten koreksi upami lepat ngadefinisikeun).
>
> Salah sahiji tokoh aliran Mutazilah teh nyaeta Abu Hasan Al Asyari. Dina
> hiji diskusi, netelakeun, yen jalma anu asuk sorga teh, nyaeta jalma-jalma
> anu tos beramal soleh. Salian ti eta asup naraka. Aya nu naroskeun, kumaha
> mun budak leutik anu can baleg maot, naha asup surga atawa naraka? dijawab
> ku logika anu asuk di akal. Jawabanana teh kieu, Allah maha uninga, budak
> eta maot, sabab upama dipanjangkeun umurna, eta budak teh  bakal jadi
> rampok. maotna bakal asuk ka naraka. Tapi jawaban ieu teh heunteu
> "memuaskan". Dijawab deui, mun kitu mah, engke Allah bisa diprotes, ku para
> rampok anu asup naraka. Allah teu adil, naha para rampok teh dipanjangkeun
> umurna, coba mun maot waktu keur leutik, pasti moal jadi rampok. Ahirna Abu
> Hasan Al Asyari kaluar ti aliran mutazilah.
>
> Ceuk kuring mah, ku dialog-dialog anu cerdas diantara sasama umat Islam,
> pasti bakal kaluar "kebenaran yang universal". Upama masih aya wae anu
> ngotot mertahankeun argumen anu salah, heunteu narima pendapat bener ti
> batur, eta mah berarti tos kaasupan setan, teu aya hidayah ti Allah. eureun
> tong diajak dialog deui.
>
>
> mrachmatrawyani
>
> --- On *Fri, 5/10/13, Waluya <[email protected]>* wrote:
>
>
> From: Waluya <[email protected]>
> Subject: [Urang Sunda] Re: Fw: YANG SYAR'I YANG DIBENCI, YANG SESAT TAK
> DIHUJAT
> To: [email protected]
> Date: Friday, May 10, 2013, 10:20 AM
>
>
>
> Eyang Subur mah dukun di kalangan "terbatas", saencanna kasus jeung Adi
> bing Slamet kanyahoan publik, saha nu apal kana kalakuan Eyang Subur.
> Kunaon aktivis perempuan, aktivis HAM caricing wae? Sabab acan puguh Eyang
> Subur KAWIN RESMI (boga surat Kawin ti nagara), da moal mungkin KUA
> nyatet/ngijinkeun perkawinan nu teu nyumponan kana syarat-syarat UU
> perkawinan.
>
> Si Eyang leuwih pantes disebut kumpul kebo jeung dalapan awewe. Nu kitu
> mah urusan nagara / penegak hukum, naha ngalanggar UU di republik ieu atawa
> henteu. Atuh keur MUI (ustadz Fahmi Salim) teu kudu nyalah-nyalahkeun para
> aktivis awewe, HAM, liberal, da nu kudu diberantas/ dikurangan teh
> kabiasaan KUMPUL KEBO nu "dibungkus" ku istilah KAWIN SIRI ......
>
> WLY
>
> --- In [email protected], "Tito Suryana" <titot@...> wrote:
> >
> >
> > -----------------------------------
> > TITO SURYANA
> > WITEL JABAR TIMUR
> > FLEXI : 02313334000
> > ==================
> > punten ti milis sabeulah
> >
> >
> >
> >
> >
> > Kelompok liberal bungkam terkait poligami Eyang Subur padahal yang
> dilakukan paranormal itu telah menyalahi Syariat Islam.
> >
> > "Tidak seperti biasanya, aktivis feminis, liberal dan HAM tidak
> menyerang praktek poligami yang dilakukan oleh Eyang Subur," kata Komisi
> Pengkajian dan Penelitian MUI Pusat, Fahmi Salim kepada itoday, Rabu
> (08/05).
> >
>
>         
>

Kirim email ke