Ooooh kitu euy Kang... Ari sugan teh dijumlahkeun euy... Dua, Tilu, jeung Opat 
jadi total salapan hahahaha (ngarep.com).

Terus benernya parentah na teh kawin dua, tilu, opat henteu nitah langsung hiji 
mah xixixi. Jadi kawin 2, 3, 4 mun teu bisa nya hiji weh xixixi. Untung can aya 
anu mikir 234 teh dua ratus tilu puluh opat hehehe. 

Enya lah Kang satuju kuring oge teu pati riweuh urusan eta mah pek weh kumaha 
maranehna rek poligami, rek nikah siri, rek kumpul kebo oge pek weh da jangeun 
nana nu penting teu maksa jeung merkosa (ieu mah KRIMINAL), masalah dosa 
henteu-na mah nya pek weh tanggung masing-2 hehehe. Hirup mah pilihan... Rek 
dibawa hade prung... dibawa riweuh oge der hehehe. Nu Kawasa mah ngan saukur 
nganteur tea :). Awewe oge pan bisa milih jalan kahirupan nana pan.

Ceuk Doel Soembang oge... Sagala nu karandapan ku hidep tangtuna bongan 
sorangan :). 

Ciga babaturan Mamang nu garalau selingkuh ~ selingan indah keluarga utuh... 
bermain api nya der weh lamun teu tarapti jeung ati-2 pan bisa kaduruk hehehe. 
Nya lamun tarapti jeung taliti meureun Aman :D. Lamun teu ati-2 terus kapanggih 
nya digaplok pamajikan hahahaha.   

nuhuuuuns,
mang kabayan
www.udarider.com

-----Original Message-----
From: Deni Indra Kelana <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Fri, 10 May 2013 17:16:25 
To: [email protected]<[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Subject: Re: [kisunda] Re: YANG SYAR'I YANG DIBENCI, YANG SESAT TAK 
DIHUJAT...dialog anu cerdas.

Haha,
Aya-aya wae Mang Kabayan mah.
Sanes Mang, ngeunaan ayat poligami dina Qur'an tos jelas batasannana opat, aya 
sina surah An-nisa ayat katilu, anu haosna kirang langkung kieu:
 
"Jeung lamun aranjeun sieun teu bisa laku adil ka hak-hakna awewe yatim lamun 
anjeun ngawin manehna, mangka pek kawin ku aranjeun awewe-awewe sejen anu 
dipisuka: dua, tilu, atawa opat. Laju lamun aranjeun ham-ham yen anjeun hamo 
bisa laku adil, mangka pek kawin hiji wae, atawa budak-budak anu dipiboga ku 
anjeun. Nu siga kitu teh eta leuwih deukeut ka laku hanteu aniaya"
 
Pami dipedar, saur sabagean riwayat, ayat ieu saleresna sanes marentahkeun 
ngawayuh atanapi kautamaan ngawayuh, nanging nunjukkeun kautamaan ngajaga harta 
budak yatim utamana ngawalian budak awewe yatim anu ditinggalan harta ku 
kolot-kolotna. Tah upami tos sawawa si wali kedah masrahkeun sadaya hartana 
balik deui ka eta budak, bari langkung utami pami sakalian dikawin demi 
nyalametkeun hartana tina pangolo batur. Nembe, pami ngaraos yen moal tiasa 
adil ka budak yatim eta tea, mangka diwenangkeun kawin deui kanu sejen dugika 
jangkep opat. Nanging anu langkung utami mah tetep wae hiji, janten dina hal 
ieu sacara teu langsung saleresna Gusti 4JJ 1 SWT tos netepkeun yen dasar 
pernikahan dina Islam teh monogami. Wenang poligami pami tiasa nedunan 
sarat-sarat anu kacida beuratna.
Anu kahiji, pami didasarkeun kana ayat ieu oge ayat sateu-acanna sareng 
salajengna (ayat 2 - 4), sarat anu kedah ditedunan teh nyaeta kedah kantos 
ngawalian/ngurus budak awewe yatim dugika sawawa. Mung duka kumaha gening ayat 
ieu teh sok dipotong tara dibaca ti ngawitan, anu dibaca teh mung kalimah 
kaduana wungkul: "mangka pek kawin ku anjeun awewe sejen...dua, tilu, atawa 
opat. Kalimah kahiji sareng saterasna mah tara ditolih-tolih acan.
Anu kadua, adil. Tah ieu anu sesah mah margi adil mah mung kagungan Gusti 4JJ 1 
SWT sareng rosulna. dina hal ieu moal mungkin aya manusa anu adil 
satemen-temenna, apanan urang mah keuna ku lemah jeung poho tea.
 
Atuh ngeunaan nikah siri, ari saur pamendak abdi mah katerangannana teu aya anu 
mutlak leresna, saukur riwayat anu masih diadurenyomkeun. Nya mangga wae eta 
mah kanu ngahalalkeun, moal dicaram, bisi sawaktos-waktos abdi ge kabita, 
heuheu... ah, heureuy ketang eta mah... :D
 
Wallohu a'lamu bish showab...
 
 
>________________________________
> From: mang kaby <[email protected]>
>To: UrangSunda <[email protected]>; Baraya_Sunda 
><[email protected]>; Kisunda <[email protected]> 
>Sent: Saturday, 11 May 2013 7:21 AM
>Subject: [kisunda] Re: YANG SYAR'I YANG DIBENCI, YANG SESAT TAK 
>DIHUJAT...dialog anu cerdas.
>  
> 
>   
> 
> Enya euy...
>
>1. Eyang Subur kumpul kebo ... Aa Gym mah Resmi. Asana baheula pas awal-2 
>laina teu resmi oge Kawinna disiri heula kakara kawin Resmi? 
>
>2. Eyang Subur teu munafik ngomong istri cukup 1... Aa Gym pan ngomong istri 
>cukup 1 tapi eeeh terus jadi 2 hehehe. 
>
>3. Manusiawi lah Eyang Subur jeung Aa Gym hehehe.
>
>4. Nyakitu alusna diskusi keun tinggal adu logika lamun euweuh logika nya 
>hese, komo mun mangkreng embung eleh nya ujung-2na esmosis pastina.
>
>5. Lain euy asa karek inget pernah ngadenge euy ceunah mah di Qur'an euweuh 
>ayat anu nyebutkeun maksimal 4? Ke saha nya anu nyarita pohoooo puguh jadi 
>sabenerna bisa leuwih ti 4 hehehe. Ngan Sunah Rosul 4,  alusna 4 tapi lamun 
>leuwih oge nya teu kunanaon? Ciiik naha bener naha henteu?
>
>6. Tah ayeuna nikah siri hukumna kumaha euy secara Islam mah pan sah lin mun 
>sesuai syarat jeung syariat mah. Tah lamun ceuk Hukum / Undang-2 Indonesia 
>kumaha? Nu Mamang apal mah UU Perlindungan anak jadi 18 taun patokan anu 
>disebut anak teh, baheula mah sugan teh 17 taun, ternyata nepi 18 taun anu 
>kasebut anak-2. UU Perkawinan mun teu salah 16 taun jadi lamun di kawin 16 
>taun nya sah numutkeun UU Perkawinan lin? 
>
>Tah ayeuna kumaha jadi ngarti kunaon baheula geuning aya kasus Ustad anggota 
>DPRD Jatim anu katewak jeung ABG 16 taun manehna nyarita aaah da manehna mah 
>pamajikan geus di nikah siri, jadi samemeh cek in ka hotel manehna neang lebe 
>anu babaturan nana ceunah jeung eta lebe geus langanan nya di kawin heula aya 
>ijab kabul, aya mahar, jeung aya saksi nya saaaah ceunah geus kitu nya der 
>weh. Geus beres ceunah tergantung si awewe lamun engke-2na daek cek in deui 
>nya teu waka "diceraikeun" lamun geus embung nya "diceraikeun". Ceuk Mamang 
>eta Ustad cerdas... Manehna nyaho hukum jadi lamun 16 taun mun di kawin 
>manehna moal keuna ku UU Perlindungan Anak. Jadi Aman hehehe. Teuing tah 
>ayeuna si Ustad DPRD eta kumaha nasibna naha bebas atawa henteu? Mun ditahan 
>naon dakwaan nana?
>
>Siga kasus Aceng Fikri pan dakwaan nana Pencemaran Nama Baik lain kasus 
>Perlindungan Anak atawa melanggar UU Nikah pan Aceng Fikri oge pinter si Fani 
>pan anu karek 17 taun di kawin heula hehehe. Lantaran SMS ngagogoreng si Fani 
>tea jrrd. Pencemaran Nama Baik mah palingge moal nepi sataun pan jeung biasana 
>tara nepika dipanjara denda na oge paling sabaraha rebu hehehe. 
>
>Ayeuna naha bet Awewe daek kitu nya meureun loba alesana oge kusabab butuh 
>duit, hayang/ mertahankeun jabatan (sekretaris anu hade pan nu bisa ngucapkeun 
>Pa Sudah Pagi! Lain Selamat Pagi Pak wkkkk), kabutuhan hirup, hayang gaya/ 
>gaul, teu payu hehehe dari pada teu boga kabogoh wae nya geus weh ceunah daek 
>jadi istri simpenan oge. Tapi sigana mostly mah duit jeung kabutuhan hirup. 
>
>Jadi kumaha atuh nu mana anu hade hehehe...bisi kabita jaga mending Poligami 
>Resmi, Nikah Siri, atawa Kumpul Kebo? 
>
>Patokanna mun poligami/ nikah siri: 16 taun kaluhur.
>
>Kumpul Kebo: 18 taun kaluhur hehehe. 
>
>Pangalaman babaturan Mamang mah anu garelo Penjahat Kelamin resep neangan nu 
>24 taun kaluhur hahaha kunaon teu riweuh ceunah secara mental jeung spiritual 
>leuwih stabil leuwih "understanding". Lamun ABG capeeeeeee ceunah siga budak 
>pisan jeung loba pamenta sautak saeutik menta kirim pulsa, menta ganti BB, 
>jrrd pusiiiiing hahaha. Ngan kade ulah ka Ema-2 soalna engke laina menta kirim 
>pulsa tapi menta kirim cai sember ema keur di kantor polisi hayang modol 
>euweuh cai hehehe. Tapi mun ditilik-2 kabeh babaturan Mamang anu boga simpenan 
>status BB-na galaaauuuu kabeeeh hahahaha jeung nyakitu talalajir hehehe. 
>Kadang mah sok diheureuyan jiaaah maneh mah naha galau wae matakna geus 
>eureunan atuh da fatamorgana ceuk Mamang teh moal aya tungtungna hehehe. Ke 
>kanyahoan pamajikan siah... Digaplok mah nyahoooo... Kalahka seuri :D. Nya 
>sing tarapti we lah ceuk Mamang teh hahahaha. Caringcing buka kancing 
>saringset buka iket hehehe. Tah nu cerdas mah BB-na oge nepika
 boga dua hahaha. Hiji keur serius hiji keur baong hadeuuuh. 
>
>Matakna pan awewe anu pamajikan mah geus loba anu terbukti tah daek hirup 
>sangsara masih keneh satia hahaha tah anu can kabuktian mah urang-2 yeuh kaum 
>salaki lamun geus beunghar kumaha jaga jadina wkkkkk. 
>
>Tah modusna loba aya anu disimpen di kost-an elit anu model Paviliun aya Ac 
>jrrd. Aya anu dipangontrakeun imah, aya oge anu tajir mah nya disimpen di 
>apartemen jeung dibere mobil biasana karesepna nya Honda Jazz siga Ahmad 
>Fathonah. Bulanan na oge variatif ti mimiti 2jt, 5jt aya oge nu 50jt sabulan 
>eduuuun pan? Siga jaman Yunani tea pan 3500SM mun teu salah aya oge penghibur 
>kelas tinggi pan naon kasebutna Herietta atawa naon poho euy. Kang Tantan 
>sigana anu langkung apal ahli Filsafat Yunani tapi Ahli urusan eta mah encan 
>sigana Kang Tantan mah polos keneh hahaha. 
>
>nuhuuuuns,mang kabayan
>http://www.udarider.com/
>
>________________________________
>
>From:  [email protected] 
>Sender:  [email protected] 
>Date: Fri, 10 May 2013 12:49:46 +0000
>To: <[email protected]>; <[email protected]>
>ReplyTo:  [email protected] 
>Subject: Re: [Urang Sunda] YANG SYAR'I YANG DIBENCI, YANG SESAT TAK 
>DIHUJAT...dialog anu cerdas.
>
>   
> Alhamdulillah, janten mendak katerangan yen Abu Hassan Al Asy'ari kantos 
> lebet Mu'tazilah. Sateuacana mah mung terang yen gegedug Mu'tazilah teh 
> Washil bin Atha'. Salian teolog anjeunna oge  penyair.  Hatur nuhun Kang. 
>Sent from my AXIS Worry Free BlackBerry® smartphone
>
>________________________________
>
>From:  Abbas Amien <[email protected]> 
>Sender:  [email protected] 
>Date: Fri, 10 May 2013 20:29:48 +0800 (SGT)
>To: <[email protected]>; <[email protected]>
>ReplyTo:  [email protected] 
>Subject: Re: [Urang Sunda] YANG SYAR'I YANG DIBENCI, YANG SESAT TAK 
>DIHUJAT...dialog anu cerdas.
>
>   
>Alhamdulillah. Tah ieu salah sawwios pemikiran cerdas ti kang Yani. Mudah2an 
>hararepaan kang Yani aya Paidin ti MantenNa. A,iim.
>
>--- On Fri, 10/5/13, MRachmat Rawyani <[email protected]> wrote:
>
>
>>From: MRachmat Rawyani <[email protected]>
>>Subject: [Urang Sunda] YANG SYAR'I YANG DIBENCI, YANG SESAT TAK 
>>DIHUJAT...dialog anu cerdas.
>>To: [email protected]
>>Cc: [email protected]
>>Received: Friday, 10 May, 2013, 3:58 AM
>>
>>
>>  
>>tah, tah, tah, ieu bibit pacongkedan anu memang dipikahoyong ku "batur". 
>>Aktivis HAM oge pan seuseurna urang Islam.
>>
>>Teroris anu kamari digempur oge urang Islam. Atuh pasukan gegana 88 oge urang 
>>Islam oge ( Aya Komjen Nanan Sukarna oge).
>>
>>Hese oge nya, "menyadarkan" sasama urang Islam. Tapi pan ieu hiji tantangan, 
>>pahalana langkung ageung batan merangan anu jelas-jelas sanes uran Islam.
>>
>>Sigana kedah aya sakelompok urang, anu jajgo ngatur strategi, nyadarkeun 
>>sasama urang Islam, ku cara dilaog anu cerdas.
>>
>>Kamari wengi kuring mirengkeun ceramah ti  salah sawios ulama perkawis aliran 
>>Mutazilah, nyaeta hiji aliran anu ngalogikakeun sagala parentah Allah SWT. 
>>(punten koreksi upami lepat ngadefinisikeun).
>>
>>Salah sahiji tokoh aliran Mutazilah teh nyaeta Abu Hasan Al Asyari. Dina hiji 
>>diskusi, netelakeun, yen jalma anu
asuk sorga
teh, nyaeta jalma-jalma anu tos beramal soleh. Salian ti eta asup naraka. Aya 
nu naroskeun, kumaha mun budak leutik anu can baleg maot, naha asup surga atawa 
naraka? dijawab ku logika anu asuk di akal. Jawabanana teh kieu, Allah maha 
uninga, budak eta maot, sabab upama dipanjangkeun umurna, eta budak teh  bakal 
jadi rampok. maotna bakal asuk ka naraka. Tapi jawaban ieu teh heunteu 
"memuaskan". Dijawab deui, mun kitu mah, engke Allah bisa diprotes, ku para 
rampok anu asup naraka. Allah teu adil, naha para rampok teh dipanjangkeun 
umurna, coba mun maot waktu keur leutik, pasti moal jadi rampok. Ahirna Abu 
Hasan Al Asyari kaluar ti aliran mutazilah.
>>
>>Ceuk kuring mah, ku dialog-dialog anu cerdas diantara sasama umat Islam, 
>>pasti bakal kaluar "kebenaran yang universal". Upama masih aya wae anu ngotot 
>>mertahankeun argumen anu salah, heunteu narima pendapat bener ti batur, eta 
>>mah berarti tos kaasupan setan, teu aya hidayah ti Allah. eureun tong
diajak dialog deui.
>>
>>
>>mrachmatrawyani
>>
>>--- On Fri, 5/10/13, Waluya <[email protected]> wrote:
>>
>>
>>>From: Waluya <[email protected]>
>>>Subject: [Urang Sunda] Re: Fw: YANG SYAR'I YANG DIBENCI, YANG SESAT TAK 
>>>DIHUJAT
>>>To: [email protected]
>>>Date: Friday, May 10, 2013, 10:20 AM
>>>
>>>
>>>  
>>>Eyang Subur mah dukun di kalangan "terbatas", saencanna kasus jeung Adi bing 
>>>Slamet kanyahoan publik, saha nu apal kana kalakuan Eyang Subur. Kunaon 
>>>aktivis perempuan, aktivis HAM caricing wae? Sabab acan puguh Eyang Subur 
>>>KAWIN RESMI (boga surat Kawin ti nagara), da moal mungkin KUA 
>>>nyatet/ngijinkeun perkawinan nu teu nyumponan kana syarat-syarat UU 
>>>perkawinan.
>>>
>>>Si Eyang leuwih pantes disebut kumpul kebo jeung dalapan awewe. Nu kitu mah 
>>>urusan nagara / penegak hukum, naha ngalanggar UU di republik ieu atawa 
>>>henteu. Atuh keur MUI (ustadz Fahmi Salim) teu kudu nyalah-nyalahkeun para 
>>>aktivis awewe, HAM, liberal, da nu kudu diberantas/ dikurangan teh kabiasaan 
>>>KUMPUL KEBO nu "dibungkus" ku istilah KAWIN SIRI ......
>>>
>>>WLY 
>>>
>>>--- In [email protected], "Tito Suryana" <titot@...> wrote:
>>>>
>>>> 
>>>> -----------------------------------
>>>> TITO SURYANA
>>>> WITEL JABAR TIMUR
>>>> FLEXI : 02313334000
>>>> ==================
>>>> punten ti milis sabeulah
>>>> 
>>>> 
>>>> 
>>>> 
>>>> 
>>>> Kelompok liberal bungkam terkait poligami Eyang Subur padahal yang 
>>>> dilakukan paranormal itu telah menyalahi Syariat Islam.
>>>> 
>>>> "Tidak seperti biasanya, aktivis feminis, liberal dan HAM tidak menyerang 
>>>> praktek poligami yang dilakukan oleh Eyang Subur," kata Komisi Pengkajian 
>>>> dan Penelitian MUI Pusat, Fahmi Salim kepada itoday, Rabu (08/05).
>>>> 
>>>
>>>             
>          

Kirim email ke