Wakakakakakak cipaku pan tina pakuan... Batang Kanyuuuuut bin lingga tea. 
Matakna karuhun percaya yen sakabeh manusa didunya ieu asalna ti Sunda ti CI 
PAKU... Cai Paku, Sperma anu dibebeskeun kana Yuni jadiiiii weh janin dina jero 
rahim Indung wkkkk.

Tempo geura sok dina sakabeh kabuyutan eta pasti aya anu ngarana Menhir/ Lingga 
batu nantung eta simbol monoteismeu tea simboh pakuan kakawasaan Nu Maha Kawasa 
tea pan. Tah kolot Mamang pas ka haji geuning di Arab oge aya Lingga Simbol oge 
naha bet sarua nya? Heulaan mana tah Gunung Padang jeung nu di Arab oge jeung 
anu di Obelisk/ Eropa tah xixixi. Cigana Arkeolog jeung geolog anu bisa 
nantukeun umurna tina jenis batuan nana pan? Jeung tangtuna tina karbon test 
atawa naon poho metoda-na. 

Uang mah jelema ngelmu maksudna scientist ulah percaya Embah Dalem, Embah 
Jamrong, jrrd. Tapi tempo sajarahna, lamun umur batuan nu di gunung padang 
jeung sababaraha tempat siga di Tenjolaya eta leuwih kolot tibatan ditempat 
lain nya bearti bener tah yen secara paradaban bangsa urang anu leuwih tiheula 
aya jeung lumayan maju. 

Keur Mamang ieu aluuuus pisan jadikeun World Heritage Sites, bungkus jeung 
jieun carita. Mun perlu saluruh jelema sina datang ka urang Ziarah hehehe. Yen 
maraneh teh kabeh asalna tidieu kituh. Atuuuh puguh lin anu ziarah eta pan 
pasti butuh nginum, butuh dahar, butuh tempat sare, butuh transport. Tempo weh 
Ka'bah kumaha mentereng jeung mencrangna ayeuna?

Mamang pernah ngadenge carita sajarah Kebon Sawit ceunah tangkal sawit 
pangheulana teh mimitina di pelak di Kebon Raya Bogor, tidinya kakarak nyebar 
kamana-2 malah Malaysia oge eta mangrupakeun anak-na ti tangkal sawit nu di 
Kebon Raya eeeeeeh ari urang belegug ceunah ceuk Pak Prof Egum Urang Subang 
Guru Besar IPB dosen pembimbing S2 Mamang. Eta tangkal indung sawit sa asia teh 
kalahka dituar :((. Atuuuuh puguh ceunah ayeuna anu pangkolotna teh anu aya di 
Malaysia. Atuuuuh ceunah ayeuna urang Indonesia anu rek nempo tangkal sawit 
Indung na teh pada ngulampreng ka Malaysia :(((. Nu di urang teu di uruuuuus 
kalahka dituar haruuuh. 

Malaysia nu pinter kabayang tah anu hayang apal sajarah sawit jeung ngelmu 
sawit datang ka Malaysia nempo kaditu. Atuuuh meureun pan nu meunang kauntungan 
multiplier epekna nya Malaysia hehehe.  
 
nuhuuuuns,
mang kabayan
www.udarider.com

-----Original Message-----
From: "nandar" <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Thu, 23 May 2013 12:19:42 
To: Kusnet<[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] Re: Asal Kecap SUNDA

Dingaranan sami sapertos cipaku teh sanes nanaon, mang.. Da baheula mah can aya 
emur/baud/sekrup. Mun aya mah boa ngaranna pariasi jd ciemur, cibaud, atawa 
cisekrup.. :p
-----Original Message-----
From: "mang kaby" <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Thu, 23 May 2013 11:55:41 
To: UrangSunda<[email protected]>; 
Baraya_Sunda<[email protected]>; Kisunda<[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Subject: [Urang Sunda] Re: Asal Kecap SUNDA

Sigana lain istana tapi Kabuyutan/ Mandala/ Kuil tempat para resi ngajarkeun 
elmu pangaweruh jampe pamake.

Dina tulisan Sajarah Bogor karya Mang Saleh Danasasmita nu ngarana Mandala teh 
pabalatak ti ujung kulon nepi ka jawa tengah biasana lokasina mun teu digunung 
nu loba cai/ mata air... nya di walungan. 

Siga di Sumedang Mandala Kabuyutan Aji Putih Resi Darmaraja eta uyutna 
Darmasiksa anu nyieun Sanghyang Siksa tea lokasina deukeut walungan Chimanuk di 
Desa Cipaku. Anu ceuk Mamang tea bakal dieleb ku Proyek Jatigede. Taaah 
kacaritakeun oge salah sahiji Walungan anu dijagaan ku Purnawarman oge Chimanuk 
jadi sigana yeuh ti Jaman Purnawarman kabuyutan eta geus aya keur ngontrol/ 
ngecek meureun kondisi Walungan kumaha. 

Tah ayeuna di Pamoyanan Bogor oge deukeut Balong Mamang anu deukeut Walungan 
Cisadane anu dijaga oge ku Purnawarman aya nu Ngarana Cipaku hehehe. Tah di pas 
pudunan batutulis anu rek ka stasiun oge aya Kabuyutan didinya anu ayeuna jadi 
Makam Mbah Dalem hehehe. Teu waleeeg sakabeh patilasan dijadikeun Makam Mbah 
Dalem sigana wkkkk. Daleeem banget eta si Mbah bet ujug-2 aya didinya xixixi. 
Ieu oge duka pembodohan duka kumaha xixixi. 

Anu ceuk Mamang hade Urang Sunda harita geus nyieun Ciri Tata Kota anu Hade, 
tiap tempat Kabuyutan eta dingaranan ampir sarua.... Cipaku, Pamoyanan, jrrd. 
Sigana di Ampir Kabupaten/ Kota Aya. Di Bandung oge aya Cipaku malah baheula 
mah tempat renang ti upi deukeut bari ngeceng budak NHI xixixi.

nuhuuuuns,
mang kabayan
www.udarider.com

-----Original Message-----
From: [email protected]
Sender: [email protected]
Date: Thu, 23 May 2013 11:26:44 
To: <[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Subject: Re: Spam RE: [Urang Sunda] Re: [kisunda] Asal Kecap SUNDA

Boa boa eta gunung padang teh istana raja Sunda wiwitan kang? 
Asa acan mendakan artikel ngeunaan babatuan anu aya di gunung padang kungsi di 
talungtik sabaraha umurna (tiasa teu nya?) ,,, tp upami aya nu nyebat 
"megalitikum" mah meureun geus kolot pisan nya,,,
Kamari kamari ieu ceunah aya beja yen di gunung padang kapendak semen purba, 
tapi aya nu "ngabantah" deui,,,tah mub enya eta semen purba,,,berarti leres 
ceuk "boa boa" tadi,,,

Piss ah 
Powered by Telkomsel BlackBerry®

-----Original Message-----
From: "Iskandar A. Adnan" <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Thu, 23 May 2013 18:13:32 
To: Kusnet<[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Subject: Re: Spam RE: [Urang Sunda] Re: [kisunda] Asal Kecap SUNDA

numutkeun Agus Arismunandar (leress kitu? hilap deui), pangaruh Hindu ti
India ka Sunda teu pati jero, ngan kusabab watekna dibawa ku kakawasaan
(konsep karajaan teh dibawa ku India cenah), jadina teh siga anu kuat. di
antarana soal ngaran boh patempatan atawa jalma. lebah ritual kaagamaan, di
Sunda mah Hindu teh 'ukur' nyengcle salaku simbol. misalna tempat A teh
tempat suci atawa tempat ritual kaagamaan urang sunda, cle bae dipasangkeun
patung, teu nepi ka nyieun candi nu alagreng (iwal di wewengkon basisir
cara Cibuaya/Batujaya anu sigana kungsi diperenahkeun jadi puseurna nu
ngagem Buda, pami teu lepat). ari kaagamaanana mah hanteu jero, ku kituna
Tohaan anu ngalalakon dina Bujangga Manik nyebutkeun yen diajar agama
(Hindu) mah ka wetan. Anapon rahayat Sundana mah sumuhun dawuh bae, kumaha
dunungan, ngan hanteu jero pangartina, keur mah eukeur samemehna boga
cecepengan, anu bungkeuleukan titinggalna sarupaning anu kapendak di Gunung
Padang sareng nu sanesna. meureuuuun... :P

2013/5/23 mang jamal

> Enya, sok rada ateul mun maca carita yen awalna teh hindu budha. Padahal
> sigana di pulo jawa geus aya manusa lengkep jeung budayana. Dumasar
> tahapanana. Bisa jadi lila di budaya ngahuma tea alatan dumuk di gunung
> pasir..
>
> Di kosmologi baduy, manusa awal asalna ti kanekes, persisna diturunkeun ku
> nu ngersakeun di tempat nu tiap taun sok diziarahan ku inohong baduy. Nu
> diurus ku puun kampung cikeusik baduy jero.
>
> Cek urang dinya, di lokasi eta aya patung stone mangrupa manusa ti jaman
> batu gede (nu make cum mah, megalithicum tea meureun) jangkungna 60an cm.
>
> Hayu bayangkeun karuhun baheula salaku manusa purba. Can make hp pastina.
> Baju kulit tatangkalan atawa sato atawa geus bisa ninun, jst.
>
> Mun seug deuih nenjo gunung padang, cianjur, situs megalithikum kacipta
> manusa sunda (atawa manusa mana nya) harita. Manusa purba kitu nu duka
> timana. Da dumuk di gunung. Mun asalna ti luar meureun bisa diteangan
> artefak palabuhan kuno di basisir kidul parahuna ge meureun can canggih
> siga ayeuna..
> Mun ti luar nagreg, naha enya bisa manusa purba (ulah disebut primitif)
> Mareuntas jauh pisan ti indihe ke urang. Bisa we meureun. Tapi terus dumuk
> di gunung teu di basisir. Oh sieun tsunami meureun nya.
>

Kirim email ke