tah kamari aya dongeng cenah urang indonesia masih aya turunan di Nabi Nuh oge, naha enya ?
--- In [email protected], Ahmad Hazairin <don_febi@...> wrote: > > Tah ieu menarik yeuh pikeun bahaseun: > "tapi upami numutkeun kana sejarah para Nabi kade ulah hilap ka Nabi Sulaeman > AS,,," > > Sajarah Nabi Sulaeman teh luar biasa pisan lamun geus dicaritakeun di > madrasah. Geus jadi jiga dongeng sungokong weh, asik pisan. > Di kalangan umat Islam mah Nabi Sulaeman teh digambarkeun hiji Nabi anu > beunghar pisan, boga istana lapis emas dampal pualam. > Nabi Sulaeman cenah bisa nundukeun sagala wangsa jin jeung binatang. Lamun > ngadengekeun dongeng ti ustad di madrasah mah pokona Nabi Sulaeman teh harita > jiga raja di amparan bumi weh. Sahenteuna nya sapotong amparan bumi atuh. > > Padahal lamun urang hayang ningali nagara kakawasaan Nabi Sulaeman, nya > tingali weh Kota Yerusalem ayeuna. Teu leuwih ti eta. Mangkana Israel nuntut > pisan kana hakna di kota yerusalem kusabab aya sajarahna yen eta teh karajaan > Sulaeman. Lamun karajaan Nabi Sulaeman teh saamparan bumi, nya Israel > tangtuna bakal nuntut sakabeh amparan bumi oge . > > Karen Armstrong dina bukuna, Yeusalem - Hiji Kota Tilu Iman, nyaritakeun > wilayah kahirupan wangsa yahudi nya memang teu leuwih tikota yerusalem. Di > luar tembok yerusalem mah geu daerah goyyim. Tah di sakuliling Yerusalem ti > baheula aya raja-raja atawa kaisar anu kakawasaanana gede pisan, saperti > Nebukadnezar jeung nu lainna. Eta wangsa Yahudi ti baheula oge geus dijajah > terus ku eta raja-raja. Dina kitab Perjanjian Lama (Taurat ???) dicaritakeun > yen wangsa Yahudi dijajah terus ku wansa lian teh ngahaja eta teh azab ti > Gusti Nu Maha Suci kulantaran sok bedegong wae wangsa Yahudi teh teu taat > kana aturan para Nabi. Dina sajarah rebuan taun memang wangsa Yahudi teh > dijajah terus diakutan ka nagara lian pikeun dijadikeun budak belian. Boh ku > Nebukadnezar boh ku Firaun (lamun ku Firaun mah teu diakut, tapi memang > Yahudi mukim ngilu ka Nabi Yusuf basa jadi mentri keuangan di Mesir, > saenggeus Nabi Yusuf maot nya lila-lila pamor wangsa Yahudi tinjongklok > dijadikeun budan belian ku wangsa mesir). > > Tah ari nabi Daud jeung anakna Nabi Sulaeman teh kaasup pamingpin/raja Yahudi > anu sanggup bertahan tina perbudakan raja/kaisar anu gede. Tapi nya ngan > saukur bertahan, teu bisa ari ngagedekeun wilayah ka luar Yerusalem mah. > Bertahan oge geus untung. > > Tapi naha atuh ari dina dongeng sok jiga pangawasa bumi jeung langit eta dua > Nabi teh? Nya atuh pan puji-pujian ka nabi Daud jeung Sulaeman teh luhur > pisan da bisa nahan serangan ti luar. Terus dianggap nabi tah maranehna teh > ku wangsa Yahudi. Jadi pan lengkep, ari nabi nya wawakil Gusti Allah, jadi > atuh bisa disebut raja langit (simbolik). Nya atuh ari raja di amparan bumi, > nya maksud na mah amparan bumi Yerusalem, imahna kaum Yahudi. Lain amparan > bumi sadunya. Da boa ka nagara India oge teu nyahoeun meureun nabi Daud jeung > Nabi Sulaeman mah. Nyaho na teh nagara tatangga weh meureun sapertu Syiria > jeung Mesir. > > Nya ari geus jadi dongeng mah, komo di madrasah sim kuring di kampung mah, > karajaan Sualeman teh gedeeeeeee pisaaaaaan.... > Tah kade dongeng Plato ngeunaan Atlantis oge bisi kitu. Meureun jaman Plato > mah pan can aya motor-motor acan, sapedah oge meureun dianggap teknologi > tinggi mun geus aya teh. Nya lamun Plato ngagambarkeun Atlantis jiga nagara > ajaib, nya atuh tingali weh ku terawang jaman Plato anu jelema bisa mandi > saminggu sakali, ulah ku jaman ayeuna. > > Wallahu'alam > > Febi Ahmad Hazairin > ============== > > > > ________________________________ > Von: "avinkhansamu@..." <avinkhansamu@...> > An: [email protected] > Gesendet: 21:22 Donnerstag, 23.Mai 2013 > Betreff: Re: [Urang Sunda] Re: Asal Kecap SUNDA > > > >  > Ari kuring mah yakin anu pang kolotna ti sunda kang, sabab aya kapanggihna > mammoth di tatar sunda teh cenah cirina atlantis,,,hehehehe(keukeuh > ah),,,tuluy di palebah wetan di candi panataran (sanajan wilayahna di jawa) > aya seueur relief anu ngagambarkeun urg indian maya anu takluk ka bangsa > urang,,,tapi upami numutkeun kana sejarah para Nabi kade ulah hilap ka Nabi > Sulaeman AS,,, > Cenah eta nabi pang beungharna kungsi cicing di wilayah Indonesia kuring mah > yakin anjeunna kungsi cle di tatar sunda sabab cenah harita anjeunna ka > negeri Saba anu saur dawuh dina Alquran mah eta negeri the di teuleumkeun ku > gusti Alloh SWT,,,persis pisan jeung atlantis tah kang,,tah eta negeri Saba > the bisa jadi (panginten) ayana di tatar sunda,,,wallohu alam > > > Piss ah > Powered by Telkomsel BlackBerry® > ________________________________ > > From: "mang kaby" <dkabayan@...> > Sender: [email protected] > Date: Thu, 23 May 2013 14:04:53 +0000 > To: UrangSunda<[email protected]>; > Baraya_Sunda<[email protected]>; Kisunda<[email protected]> > ReplyTo: [email protected] > Subject: [Urang Sunda] Re: Asal Kecap SUNDA >  > Ceuk si Kang Herwig Zahorka anu nulis Sunda Kingdom tea ceunah Susundaan anu > dilakukeun ku Urang Kanekes eta teh Older than Hindu anu ayeuna aya di India > jeung di Bali ceunaaaah hehehe. > > Ceunah mah geus apal ngeunaan monoteismeu tea disebutna teh Batara Tunggal, > jadi eta Urang kanekes teh sabenerna henteu nyarembah patung, salah pisan > lamun mikir kitu. Maranehna nyembah ka Batara Tunggal meureun Alloh SWT ceuk > versi Nabi Ibrahim tea mah. Tah Batara Tunggal ieu nurunkeun jelema ka alam > dunya disebut ceunah Batara Cikal nya meureun konsep Adam tea manusa > pangkolotna. Sigana para Resi di Baduy Jero geus mikiiir secara konsep > manehna mikir meureun baheula manehna dilahirkeun ti kolotna... Aya aki aya > uyut aya jangawareng jeung teruuus taaaah pasti mikir aya manusa anu Pang > Kolotna/ Pang Cikalna tah disebut weh Batara Cikal hehehe. Tidinya Batara > Cikal kulantara boga paku / lingga jadi weh pabalatak dimana-2 tah beranak > pinak jadi weh jelema sakumna dunya ieu hehehe. Tah Simbol Batara Cikal eta > dijieunkeun weh patung anu disebutkeun ku MJ tea anu 60cm. Mun teu salah > cover hareup Buku The Sunda Kingdom karya si Kang Herwig ieu nunjukeun gambar > arca domas, 800 arca tea. Tah anu keur diteangan artina naha bet aya 800 > arca nya? Apa si batara cikal eta nurunkeun anak incuna harita nepi ka 800 > kitu? Mangrupakeun simbol. > > Tah matakna kuduna ditalungtik ku ahli Arkeologi jeung Geologi kolotan mana > sok batu-2 anu aya di Kanekes, Gunung Padang, Tenjolaya, jrrd dibandingkeun > jeuuung misalna Kabuyutan di India? China? Mesir? Maya Aztec? Pan pasti bisa > diukur lin secara sciencetific sabaraha tahun saacan masehi eta batu-2 teh > umurna. Lamun batu nu aya di urang leuwih kolot berarti logikana pan batur > anu nurutan urang? Lamun batuan eta leuwih ngora nya berarti urang anu > nurutan batur hehehe. > > Anu geus puguh mah, ari dibandingkeun jeung peradaban Islam mah Susundaan > leuwih kolot, kusabab Purnawarman wae leuwih kolot batan Rosululloh SAW. > Rosul oge pan guguru-na ka Nabi Ibrahim AS. Katurunan Ibrahim ti nabi Ismail > pan? Lamun Nabi Isa AS ti nabi Ishaq lin? Duanana eta pan anakna Ibrahim AS > ti beda Indung tea. Sabenerna anu pangheulana nuliskeun monoteismeu di Agama > Samawi pan lain Rosululloh tapi Ibrahim. Rosululloh justru ngukuhkeun jeung > nguatkeun deui ajaran ti karuhunna nyaeta nabi Ibrahim AS. > > Ari ceuk Mamang mah teu penting pisan tah di eta kabuyutan teh aya Piramid > atawa naon weh... Tapi nu penting dikanyahokeun mah umurna. Da geus puguh eta > teh kabuyutan / mandala. Jeung bentukna can tangtu karuhun nyieun konsepna > piramid hehehe. Bisa jadi punden berundak, jrrd. Taaaah ngan eta punden > berundak teh umurna sabaraha taun? Siga fosil pan bisa di ukur lin oooh ieu > umurna sakian puluh rebu taun, jrrd. > > nuhuuuuns, > mang kabayan > www.udarider.com > ________________________________ > > From: "mang jamal" <jamal@...> > Sender: [email protected] > Date: Thu, 23 May 2013 10:45:41 +0000 > To: <[email protected]> > ReplyTo: [email protected] > Subject: Re: Spam RE: [Urang Sunda] Re: [kisunda] Asal Kecap SUNDA >  > > Enya, sok rada ateul mun maca carita yen awalna teh hindu budha. Padahal > sigana di pulo jawa geus aya manusa lengkep jeung budayana. Dumasar > tahapanana. Bisa jadi lila di budaya ngahuma tea alatan dumuk di gunung > pasir.. > > Di kosmologi baduy, manusa awal asalna ti kanekes, persisna diturunkeun ku nu > ngersakeun di tempat nu tiap taun sok diziarahan ku inohong baduy. Nu diurus > ku puun kampung cikeusik baduy jero. > > Cek urang dinya, di lokasi eta aya patung stone mangrupa manusa ti jaman > batu gede (nu make cum mah, megalithicum tea meureun) jangkungna 60an cm. > > Hayu bayangkeun karuhun baheula salaku manusa purba. Can make hp pastina. > Baju kulit tatangkalan atawa sato atawa geus bisa ninun, jst. > > Mun seug deuih nenjo gunung padang, cianjur, situs megalithikum kacipta > manusa sunda (atawa manusa mana nya) harita. Manusa purba kitu nu duka > timana. Da dumuk di gunung. Mun asalna ti luar meureun bisa diteangan artefak > palabuhan kuno di basisir kidul parahuna ge meureun can canggih siga ayeuna.. > Mun ti luar nagreg, naha enya bisa manusa purba (ulah disebut primitif) > Mareuntas jauh pisan ti indihe ke urang. Bisa we meureun. Tapi terus dumuk di > gunung teu di basisir. Oh sieun tsunami meureun nya. > > Powered by du'a indung bapa :) > ________________________________ > > From: "mang kaby" <dkabayan@...> > Sender: [email protected] > Date: Thu, 23 May 2013 10:05:49 +0000 > To: UrangSunda<[email protected]> > ReplyTo: [email protected] > Subject: Re: Spam RE: [Urang Sunda] Re: [kisunda] Asal Kecap SUNDA > > Ceunah mah Wiwitan oge eta bahasa sanskrit artina awalan ceuk urang bali... > Tina kecap wiwit. > > Banten artina sasajen... > > Tapi naha bangsa urang mikirna teh sok jadi sub ordinat baturnya? > > Padahal aki mah baheula nyarita sakabeh jelema teh asalna ti Sunda ceunah > wkkkk > > nuhuuuuns, > mang kabayan > www.udarider.com > ________________________________ > > From: MRachmat Rawyani <mrachmatrawyani@...> > Sender: [email protected] > Date: Thu, 23 May 2013 03:03:14 -0700 (PDT) > To: <[email protected]> > ReplyTo: [email protected] > Subject: Re: Spam RE: [Urang Sunda] Re: [kisunda] Asal Kecap SUNDA >  > India jaman tahun saeuncanna masehi pan bahasana make bahasa Sangsekerta. > Boa-boa kecap sunda ieu teh asalna tina basa Sangsekerta. > > mrachmatrawyani > > --- On Thu, 5/23/13, nandar <ia.adnan@...> wrote: > > > >From: nandar <ia.adnan@...> > >Subject: Re: Spam RE: [Urang Sunda] Re: [kisunda] Asal Kecap SUNDA > >To: "Kusnet" <[email protected]> > >Date: Thursday, May 23, 2013, 4:26 PM > > > > > > > >Tah, lebah dieu, pikeun anu ngamadhab ka sasakala urang sunda (indonesia?) > >nu asalna/loba kacampuran ku india, atawa kapangaruhan budaya india, data > >ieu ngadukung pisan. > >________________________________ > > > >From: Ki Hasan <khs579@...> > >Sender: [email protected] > >Date: Thu, 23 May 2013 17:09:15 +0800 > >To: Urang Sunda<[email protected]> > >ReplyTo: [email protected] > >Cc: Ki Sunda<[email protected]>; Baraya > >Sunda<[email protected]> > >Subject: Re: Spam RE: [Urang Sunda] Re: [kisunda] Asal Kecap SUNDA > > > > > >Aya hal sejen nu perlu ditoong, aya kota di wates India-Pakistan, make > >ngaran Sunda: > > > > > >Sunda Map â" Satellite Images of Sundaoriginal name: Sunda > >geographical location: Bahawalnagar, Punjab, Pakistan, Asia > >geographical coordinates: 29° 45' 0" North, 73° 18' 0" East > >http://www.maplandia.com/pakistan/punjab/bahawalnagar/sunda/ > > > > > > > > > >2013/5/22 mj <jamal@...> > > > > > >> > >> > >>Hahaha bisa jadi kang, buktina urang arab sok jarah ka puncak. Wewengkon > sunda tah. Wkwkwkw > >> > >> > >>Versi sejen mah kecap Sunda ti India, hartina bodas. Cenah harita > pelaut india ngulampreng ka asia tenggara, nya meureun sisi pulo jawa bagian > barat, aya gunung puncakna bodas bakat ku jangkung duka halimun duka salju. > Nya > disebut we Sunda. Gunung Sunda (gunung bodas). Cek geologis duka saha, he > love, > gunung sunda eta bitu. Tuuuuuu! Jelegur meureun ari bitu mah nya. Tah kota > bandung ayeuna, atawa dano bandung baheula asalna mah cenah kaldera atawa > kawah > sesa gunung Sunda nu bitu tea. Sesana aya keneh tangkubanprahu burangrang > jeung > kabeh gunung sabudeureun bandung nu aslina mah suku gunung Sunda > >> > >>Wallohu alam > >> > >>From:[email protected] [mailto:[email protected]] On > >>Behalf Of Sam > Soemadipradja > >>Sent: Thursday, May 23, 2013 1:12 PM > >>To: [email protected] > >>Subject: Bls: [Urang Sunda] Re: [kisunda] Asal Kecap SUNDA > >> > >> > >> > >> > >> > >>sunda.... jelas lain tina basa > arab! > >> > >> > >>________________________________ > >> > >>Dari:mang > kaby <dkabayan@...> > >>Kepada: Kisunda <[email protected]>; UrangSunda > <[email protected]>; Baraya_Sunda > <[email protected]> > >>Dikirim: Kamis, 23 Mei 2013 13:07 > >>Judul: [Urang Sunda] Re: [kisunda] Asal Kecap SUNDA > >> > >> > >>Pernah > ngadenge carita samodel kitu... Berarti Arab samemeh Islam nya? > >> > >>Soalna kecap Sunda geus aya samemeh Islam aya? Sundapura jaman Purnawarman > >>eta > abad ka 4-5 M sementara Islam / Nabi Muhammad SAW abad ka-6 :). > >>nuhuuuuns, > >>mang kabayan > >>www.udarider.com > >> > >>________________________________ > >> > >>From: MRachmat Rawyani <mrachmatrawyani@...> > >>Sender: [email protected] > >>Date: Wed, 22 May 2013 22:55:31 -0700 (PDT) > >>To: urangsunda urangsunda<[email protected]> > >>ReplyTo: [email protected] > >>Cc: <[email protected]> > >>Subject: [kisunda] Asal Kecap SUNDA > >> > >> > >>Kamari dina hiji radio aya anu ngadadarkeun perkara kajayaan Islam di > >>widang maritim. Asana teh ahlina salah saurang Profesor..... anu ngadosen > >>di IAIN SUnan Gunung Jati Bandung. > >>Ceuk cenah mah, Islam teh sumebar ka sakuliah dunya ku cara make jalan laut. > Jadi dina perkara elmu falak jeung kalautan urang Islam harita tos > palinter. Hiji mangsa, pelaut urang Walanda meunang peta titinggal > pelaut Islam, da dina peta eta teh pinuh ku aksara arab. > >>Pulo jawa ditandaan ku kecap sin-nun-dal. Urang Walanda tea teu ngarti basa > arab, eta tilu huruf teh dibaca jadi "SUNDA". > >> > >>Sok geura titenan peta-peta di jaman walanda, masih make kecap pulau sunda > besar, pulau sunda kecil. > >> > >>mrachmatrawyani > >> > >> > >> > >> > >> > > > ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: [email protected] [email protected] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [email protected] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
