Tah ieu menarik yeuh pikeun bahaseun: "tapi upami numutkeun kana sejarah para Nabi kade ulah hilap ka Nabi Sulaeman AS,,,"
Sajarah Nabi Sulaeman teh luar biasa pisan lamun geus dicaritakeun di madrasah. Geus jadi jiga dongeng sungokong weh, asik pisan. Di kalangan umat Islam mah Nabi Sulaeman teh digambarkeun hiji Nabi anu beunghar pisan, boga istana lapis emas dampal pualam. Nabi Sulaeman cenah bisa nundukeun sagala wangsa jin jeung binatang. Lamun ngadengekeun dongeng ti ustad di madrasah mah pokona Nabi Sulaeman teh harita jiga raja di amparan bumi weh. Sahenteuna nya sapotong amparan bumi atuh. Padahal lamun urang hayang ningali nagara kakawasaan Nabi Sulaeman, nya tingali weh Kota Yerusalem ayeuna. Teu leuwih ti eta. Mangkana Israel nuntut pisan kana hakna di kota yerusalem kusabab aya sajarahna yen eta teh karajaan Sulaeman. Lamun karajaan Nabi Sulaeman teh saamparan bumi, nya Israel tangtuna bakal nuntut sakabeh amparan bumi oge . Karen Armstrong dina bukuna, Yeusalem - Hiji Kota Tilu Iman, nyaritakeun wilayah kahirupan wangsa yahudi nya memang teu leuwih tikota yerusalem. Di luar tembok yerusalem mah geu daerah goyyim. Tah di sakuliling Yerusalem ti baheula aya raja-raja atawa kaisar anu kakawasaanana gede pisan, saperti Nebukadnezar jeung nu lainna. Eta wangsa Yahudi ti baheula oge geus dijajah terus ku eta raja-raja. Dina kitab Perjanjian Lama (Taurat ???) dicaritakeun yen wangsa Yahudi dijajah terus ku wansa lian teh ngahaja eta teh azab ti Gusti Nu Maha Suci kulantaran sok bedegong wae wangsa Yahudi teh teu taat kana aturan para Nabi. Dina sajarah rebuan taun memang wangsa Yahudi teh dijajah terus diakutan ka nagara lian pikeun dijadikeun budak belian. Boh ku Nebukadnezar boh ku Firaun (lamun ku Firaun mah teu diakut, tapi memang Yahudi mukim ngilu ka Nabi Yusuf basa jadi mentri keuangan di Mesir, saenggeus Nabi Yusuf maot nya lila-lila pamor wangsa Yahudi tinjongklok dijadikeun budan belian ku wangsa mesir). Tah ari nabi Daud jeung anakna Nabi Sulaeman teh kaasup pamingpin/raja Yahudi anu sanggup bertahan tina perbudakan raja/kaisar anu gede. Tapi nya ngan saukur bertahan, teu bisa ari ngagedekeun wilayah ka luar Yerusalem mah. Bertahan oge geus untung. Tapi naha atuh ari dina dongeng sok jiga pangawasa bumi jeung langit eta dua Nabi teh? Nya atuh pan puji-pujian ka nabi Daud jeung Sulaeman teh luhur pisan da bisa nahan serangan ti luar. Terus dianggap nabi tah maranehna teh ku wangsa Yahudi. Jadi pan lengkep, ari nabi nya wawakil Gusti Allah, jadi atuh bisa disebut raja langit (simbolik). Nya atuh ari raja di amparan bumi, nya maksud na mah amparan bumi Yerusalem, imahna kaum Yahudi. Lain amparan bumi sadunya. Da boa ka nagara India oge teu nyahoeun meureun nabi Daud jeung Nabi Sulaeman mah. Nyaho na teh nagara tatangga weh meureun sapertu Syiria jeung Mesir. Nya ari geus jadi dongeng mah, komo di madrasah sim kuring di kampung mah, karajaan Sualeman teh gedeeeeeee pisaaaaaan.... Tah kade dongeng Plato ngeunaan Atlantis oge bisi kitu. Meureun jaman Plato mah pan can aya motor-motor acan, sapedah oge meureun dianggap teknologi tinggi mun geus aya teh. Nya lamun Plato ngagambarkeun Atlantis jiga nagara ajaib, nya atuh tingali weh ku terawang jaman Plato anu jelema bisa mandi saminggu sakali, ulah ku jaman ayeuna. Wallahu'alam Febi Ahmad Hazairin ============== ________________________________ Von: "[email protected]" <[email protected]> An: [email protected] Gesendet: 21:22 Donnerstag, 23.Mai 2013 Betreff: Re: [Urang Sunda] Re: Asal Kecap SUNDA Ari kuring mah yakin anu pang kolotna ti sunda kang, sabab aya kapanggihna mammoth di tatar sunda teh cenah cirina atlantis,,,hehehehe(keukeuh ah),,,tuluy di palebah wetan di candi panataran (sanajan wilayahna di jawa) aya seueur relief anu ngagambarkeun urg indian maya anu takluk ka bangsa urang,,,tapi upami numutkeun kana sejarah para Nabi kade ulah hilap ka Nabi Sulaeman AS,,, Cenah eta nabi pang beungharna kungsi cicing di wilayah Indonesia kuring mah yakin anjeunna kungsi cle di tatar sunda sabab cenah harita anjeunna ka negeri Saba anu saur dawuh dina Alquran mah eta negeri the di teuleumkeun ku gusti Alloh SWT,,,persis pisan jeung atlantis tah kang,,tah eta negeri Saba the bisa jadi (panginten) ayana di tatar sunda,,,wallohu alam Piss ah Powered by Telkomsel BlackBerry® ________________________________ From: "mang kaby" <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Thu, 23 May 2013 14:04:53 +0000 To: UrangSunda<[email protected]>; Baraya_Sunda<[email protected]>; Kisunda<[email protected]> ReplyTo: [email protected] Subject: [Urang Sunda] Re: Asal Kecap SUNDA Ceuk si Kang Herwig Zahorka anu nulis Sunda Kingdom tea ceunah Susundaan anu dilakukeun ku Urang Kanekes eta teh Older than Hindu anu ayeuna aya di India jeung di Bali ceunaaaah hehehe. Ceunah mah geus apal ngeunaan monoteismeu tea disebutna teh Batara Tunggal, jadi eta Urang kanekes teh sabenerna henteu nyarembah patung, salah pisan lamun mikir kitu. Maranehna nyembah ka Batara Tunggal meureun Alloh SWT ceuk versi Nabi Ibrahim tea mah. Tah Batara Tunggal ieu nurunkeun jelema ka alam dunya disebut ceunah Batara Cikal nya meureun konsep Adam tea manusa pangkolotna. Sigana para Resi di Baduy Jero geus mikiiir secara konsep manehna mikir meureun baheula manehna dilahirkeun ti kolotna... Aya aki aya uyut aya jangawareng jeung teruuus taaaah pasti mikir aya manusa anu Pang Kolotna/ Pang Cikalna tah disebut weh Batara Cikal hehehe. Tidinya Batara Cikal kulantara boga paku / lingga jadi weh pabalatak dimana-2 tah beranak pinak jadi weh jelema sakumna dunya ieu hehehe. Tah Simbol Batara Cikal eta dijieunkeun weh patung anu disebutkeun ku MJ tea anu 60cm. Mun teu salah cover hareup Buku The Sunda Kingdom karya si Kang Herwig ieu nunjukeun gambar arca domas, 800 arca tea. Tah anu keur diteangan artina naha bet aya 800 arca nya? Apa si batara cikal eta nurunkeun anak incuna harita nepi ka 800 kitu? Mangrupakeun simbol. Tah matakna kuduna ditalungtik ku ahli Arkeologi jeung Geologi kolotan mana sok batu-2 anu aya di Kanekes, Gunung Padang, Tenjolaya, jrrd dibandingkeun jeuuung misalna Kabuyutan di India? China? Mesir? Maya Aztec? Pan pasti bisa diukur lin secara sciencetific sabaraha tahun saacan masehi eta batu-2 teh umurna. Lamun batu nu aya di urang leuwih kolot berarti logikana pan batur anu nurutan urang? Lamun batuan eta leuwih ngora nya berarti urang anu nurutan batur hehehe. Anu geus puguh mah, ari dibandingkeun jeung peradaban Islam mah Susundaan leuwih kolot, kusabab Purnawarman wae leuwih kolot batan Rosululloh SAW. Rosul oge pan guguru-na ka Nabi Ibrahim AS. Katurunan Ibrahim ti nabi Ismail pan? Lamun Nabi Isa AS ti nabi Ishaq lin? Duanana eta pan anakna Ibrahim AS ti beda Indung tea. Sabenerna anu pangheulana nuliskeun monoteismeu di Agama Samawi pan lain Rosululloh tapi Ibrahim. Rosululloh justru ngukuhkeun jeung nguatkeun deui ajaran ti karuhunna nyaeta nabi Ibrahim AS. Ari ceuk Mamang mah teu penting pisan tah di eta kabuyutan teh aya Piramid atawa naon weh... Tapi nu penting dikanyahokeun mah umurna. Da geus puguh eta teh kabuyutan / mandala. Jeung bentukna can tangtu karuhun nyieun konsepna piramid hehehe. Bisa jadi punden berundak, jrrd. Taaaah ngan eta punden berundak teh umurna sabaraha taun? Siga fosil pan bisa di ukur lin oooh ieu umurna sakian puluh rebu taun, jrrd. nuhuuuuns, mang kabayan www.udarider.com ________________________________ From: "mang jamal" <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Thu, 23 May 2013 10:45:41 +0000 To: <[email protected]> ReplyTo: [email protected] Subject: Re: Spam RE: [Urang Sunda] Re: [kisunda] Asal Kecap SUNDA Enya, sok rada ateul mun maca carita yen awalna teh hindu budha. Padahal sigana di pulo jawa geus aya manusa lengkep jeung budayana. Dumasar tahapanana. Bisa jadi lila di budaya ngahuma tea alatan dumuk di gunung pasir.. Di kosmologi baduy, manusa awal asalna ti kanekes, persisna diturunkeun ku nu ngersakeun di tempat nu tiap taun sok diziarahan ku inohong baduy. Nu diurus ku puun kampung cikeusik baduy jero. Cek urang dinya, di lokasi eta aya patung stone mangrupa manusa ti jaman batu gede (nu make cum mah, megalithicum tea meureun) jangkungna 60an cm. Hayu bayangkeun karuhun baheula salaku manusa purba. Can make hp pastina. Baju kulit tatangkalan atawa sato atawa geus bisa ninun, jst. Mun seug deuih nenjo gunung padang, cianjur, situs megalithikum kacipta manusa sunda (atawa manusa mana nya) harita. Manusa purba kitu nu duka timana. Da dumuk di gunung. Mun asalna ti luar meureun bisa diteangan artefak palabuhan kuno di basisir kidul parahuna ge meureun can canggih siga ayeuna.. Mun ti luar nagreg, naha enya bisa manusa purba (ulah disebut primitif) Mareuntas jauh pisan ti indihe ke urang. Bisa we meureun. Tapi terus dumuk di gunung teu di basisir. Oh sieun tsunami meureun nya. Powered by du'a indung bapa :) ________________________________ From: "mang kaby" <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Thu, 23 May 2013 10:05:49 +0000 To: UrangSunda<[email protected]> ReplyTo: [email protected] Subject: Re: Spam RE: [Urang Sunda] Re: [kisunda] Asal Kecap SUNDA Ceunah mah Wiwitan oge eta bahasa sanskrit artina awalan ceuk urang bali... Tina kecap wiwit. Banten artina sasajen... Tapi naha bangsa urang mikirna teh sok jadi sub ordinat baturnya? Padahal aki mah baheula nyarita sakabeh jelema teh asalna ti Sunda ceunah wkkkk nuhuuuuns, mang kabayan www.udarider.com ________________________________ From: MRachmat Rawyani <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Thu, 23 May 2013 03:03:14 -0700 (PDT) To: <[email protected]> ReplyTo: [email protected] Subject: Re: Spam RE: [Urang Sunda] Re: [kisunda] Asal Kecap SUNDA India jaman tahun saeuncanna masehi pan bahasana make bahasa Sangsekerta. Boa-boa kecap sunda ieu teh asalna tina basa Sangsekerta. mrachmatrawyani --- On Thu, 5/23/13, nandar <[email protected]> wrote: >From: nandar <[email protected]> >Subject: Re: Spam RE: [Urang Sunda] Re: [kisunda] Asal Kecap SUNDA >To: "Kusnet" <[email protected]> >Date: Thursday, May 23, 2013, 4:26 PM > > > >Tah, lebah dieu, pikeun anu ngamadhab ka sasakala urang sunda (indonesia?) nu >asalna/loba kacampuran ku india, atawa kapangaruhan budaya india, data ieu >ngadukung pisan. >________________________________ > >From: Ki Hasan <[email protected]> >Sender: [email protected] >Date: Thu, 23 May 2013 17:09:15 +0800 >To: Urang Sunda<[email protected]> >ReplyTo: [email protected] >Cc: Ki Sunda<[email protected]>; Baraya >Sunda<[email protected]> >Subject: Re: Spam RE: [Urang Sunda] Re: [kisunda] Asal Kecap SUNDA > > >Aya hal sejen nu perlu ditoong, aya kota di wates India-Pakistan, make ngaran >Sunda: > > >Sunda Map — Satellite Images of Sundaoriginal name: Sunda >geographical location: Bahawalnagar, Punjab, Pakistan, Asia >geographical coordinates: 29° 45' 0" North, 73° 18' 0" East >http://www.maplandia.com/pakistan/punjab/bahawalnagar/sunda/ > > > > >2013/5/22 mj <[email protected]> > > >> >> >>Hahaha bisa jadi kang, buktina urang arab sok jarah ka puncak. Wewengkon sunda tah. Wkwkwkw >> >> >>Versi sejen mah kecap Sunda ti India, hartina bodas. Cenah harita pelaut india ngulampreng ka asia tenggara, nya meureun sisi pulo jawa bagian barat, aya gunung puncakna bodas bakat ku jangkung duka halimun duka salju. Nya disebut we Sunda. Gunung Sunda (gunung bodas). Cek geologis duka saha, he love, gunung sunda eta bitu. Tuuuuuu! Jelegur meureun ari bitu mah nya. Tah kota bandung ayeuna, atawa dano bandung baheula asalna mah cenah kaldera atawa kawah sesa gunung Sunda nu bitu tea. Sesana aya keneh tangkubanprahu burangrang jeung kabeh gunung sabudeureun bandung nu aslina mah suku gunung Sunda >> >>Wallohu alam >> >>From:[email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf >>Of Sam Soemadipradja >>Sent: Thursday, May 23, 2013 1:12 PM >>To: [email protected] >>Subject: Bls: [Urang Sunda] Re: [kisunda] Asal Kecap SUNDA >> >> >> >> >> >>sunda.... jelas lain tina basa arab! >> >> >>________________________________ >> >>Dari:mang kaby <[email protected]> >>Kepada: Kisunda <[email protected]>; UrangSunda <[email protected]>; Baraya_Sunda <[email protected]> >>Dikirim: Kamis, 23 Mei 2013 13:07 >>Judul: [Urang Sunda] Re: [kisunda] Asal Kecap SUNDA >> >> >>Pernah ngadenge carita samodel kitu... Berarti Arab samemeh Islam nya? >> >>Soalna kecap Sunda geus aya samemeh Islam aya? Sundapura jaman Purnawarman eta abad ka 4-5 M sementara Islam / Nabi Muhammad SAW abad ka-6 :). >>nuhuuuuns, >>mang kabayan >>www.udarider.com >> >>________________________________ >> >>From: MRachmat Rawyani <[email protected]> >>Sender: [email protected] >>Date: Wed, 22 May 2013 22:55:31 -0700 (PDT) >>To: urangsunda urangsunda<[email protected]> >>ReplyTo: [email protected] >>Cc: <[email protected]> >>Subject: [kisunda] Asal Kecap SUNDA >> >> >>Kamari dina hiji radio aya anu ngadadarkeun perkara kajayaan Islam di widang >>maritim. Asana teh ahlina salah saurang Profesor..... anu ngadosen di IAIN >>SUnan Gunung Jati Bandung. >>Ceuk cenah mah, Islam teh sumebar ka sakuliah dunya ku cara make jalan laut. Jadi dina perkara elmu falak jeung kalautan urang Islam harita tos palinter. Hiji mangsa, pelaut urang Walanda meunang peta titinggal pelaut Islam, da dina peta eta teh pinuh ku aksara arab. >>Pulo jawa ditandaan ku kecap sin-nun-dal. Urang Walanda tea teu ngarti basa arab, eta tilu huruf teh dibaca jadi "SUNDA". >> >>Sok geura titenan peta-peta di jaman walanda, masih make kecap pulau sunda besar, pulau sunda kecil. >> >>mrachmatrawyani >> >> >> >> >> >
