Ayeuna urang teruskeun deui.
Saterusna ayat 4. Walladziina yu_minuuna bimaa unzila ilaika wa maa unzila min qablik. Wa bil Aakhirati hum yuu qinuun. Wa = jeung; ladziina = nerangkeun manusa takwa tadi yu_minuuna = ngayakinkeun atawa iman; bimaa = ka na ; unzila = nu diturunkeun ; ilaika = ka maneh ( Muhammad ); min qablika = saacan maneh ( Muhammad ) Jadi cenah ciri jelema takwa teh ngiman atawa percaya ka na risalah2 nu diturunkeun ku Allah; boh nu ayeuna boh nu bareto saacan Nabi Muhammad. Jeung maranehna percaya pisan bakal ayana poe akhir. Tah etaa harti diluhur ku urang kudu dijeroan neuleumanana; anu hartina napsirkeun naon sanyata Gusti ngawahyukeun eta ayat 4. Memang geus jelas neruskeun ti na ayat 3; nya eta ngajelaskeun jelema Muttakien tea. Tapi di na napsirkeun ayat kudu jelas deui wae Ti Saha ? Ka saha ? Keur saha ? Ti saha nya pasti ti Allah; ka saha nya ka Rasul Muhammad Saw; keur saha keur sagemblengna manusa; tapi dikhususkeun ka nu ngadu’a Ihdinash shiraatal mustakiem tea. Naon cenah ? Eta jelema muttakien teh cirina deui nya eta iman ka na risalah2 nu diturunkan Allah, ka para Rasul/NabiNa. Boh risalah nu ayeuna boh nu bareto saacan Nabi nu ayeuna. Naon sababna harti ieu kudu dijelaskeun ? Sabab di na eta ayat ngudukeun iman ka sakabeh risalah nu diturunkeun ku Gusti. Ieu Kudu atawa WAJIB. Nanya deui keur saha WAJIBNA ? Jawabanana keur jelema takwa tea. Boh umat Muhammad, boh umat Nabi saacan Muhammad. Ieu hartina leuwih jauh, mun umat Muhammad teu IMAN ka na Injil misalna; eta teu kaasup Jalma Takwa. Nerangkeun nu ieu bakal leuwih panjang mun dikaitkeun ka na ayat Innalladziina kafaruu atawa waminannasi man yakuluu. Ku sabab kitu, keur ayat 4; dicukupkeun sakieu wae. Ngeunaan tungtung ayat nu iman ka na poe akhirat; engke ditunda di na nu aya hubunganana jeung ayat2 sejenna. Ayat 5 – Ulaaika ‘alaa hudan min Rabbihim wa ulaaika humul muflihuun. Ulaika = tah maranehna teh; ‘alaa = nu ; hudan =hidayah/pituduh; min = ti; Rabbihim = Tuhan maranehna ; wa = jeung ; ulaaika = tah maranehna teh ; humu = maranehna; almuflihun = meunang; nu meunang untung. Jadi harti eta ayat 5; Tah maranehna ( jelema takwa ); nu meunang pituduh ti Gusti jeung maranehna nu bakal jadi WINNER. Maranehna nu bakal salamet; meunang untung. Jadi jelema takwa nya eta nu Iman ka Allah ka Para Malaikat, Terus nyembah ka Allah ( henteu ka malaikat jeung jin mah ); terus infak ti na rizki nu meunang usaha manehna papaarin Gusti; Iman ka na sakabeh risalah nu diwahyukeun ku Allaah; nu ayeuna jeung nu baheula; terus percaya atawa iman ka na poe akhir. Tah eta jelema takwa teh. Eta nu bakal dipiridha ku Allaah. Jadi Allah nujukeun Risalahna keur nu boga sipat2 saperti nu ditulis; nya eta jalma takwa tea. HANCA
