Nuhun ka na saranna. Kahiji juz amma maah pang tungtungna; atuh kaduana atos cenah ku baraya sanesna. Atuh katiluna; urang nyoba napsirkeun Qur_an nuturkeun berendelanana Al Qur_an; atuh cenah teu anggeus kaburu maraot; keun we nepi ka mana we jucungna. Ari soal nomer urut; pan aya we nu haat ngabejaan. Alhamdulillah pisan.
Ieu guaran tafsir teh Alhamdulillah pisan. Sahenteuna keur uing sorangaan. Naon sabaabna ? Jadi nimu loba pisan tambahan pangaweruh. Nu tadina dianggap biasa we geuning jadi aya luar biasana ! Samodel Wa bil aakhirati hum yuu qinuun. Geuningan bisa ditafsirkeun beda2 ! Hahaha. Alhamdulillah. Paingan atuh cenah ulah gagaabaah. Tah ieu ge di na raragaa bisi aya kasalahan di kayakinan kuring napsirkeun Qur_an; da ari pikeun sasoranganeun mah asa geus CUKUP. Eeeeeh pan ari geus dialungkeun mah tah kaciri dimana kakurangan urang tawa uing pribadi teh. Nu matak sagala ge pasti aya HIKMAHNA. Kitu tah KH. Jadi uing yakin GUSTI ge moal ngantep. Bari jeung ngingetin uing ulah RIYA ! Kitu tah KH. Kumaha keukeuh kudu balik deui ka na juz Amma atawa antep uing ngajalujur Qur_an merele saperrti merelena Al Qur_an ? Hehehehe --- On Wed, 12/6/13, Ki Hasan <[email protected]> wrote: From: Ki Hasan <[email protected]> Subject: Re: [kisunda] Tapsir Qur_an Basa Sunda ka-4 To: "Ki Sunda" <[email protected]> Received: Wednesday, 12 June, 2013, 12:04 AM Ieu sakadar saran we nya. Ninggali nu enggeus-enggeus, mindeng pacorok nganomeran misalna. Boa bakal leuwih kagarap bari rada gampang nguruskeun dokumentasina, mun ngagarapna dimitian ku surat-surat nu parondok, pilih Juz Amma. Da puguh Al-Baqoroh mah surat pangpanjangna, biheung anggeus biheung moal. 2013/6/11 Abbas Amien <[email protected]> Ayeuna urang teruskeun deui. Saterusna ayat 4. Walladziina yu_minuuna bimaa unzila ilaika wa maa unzila min qablik. Wa bil Aakhirati hum yuu qinuun. Wa = jeung; ladziina = nerangkeun manusa takwa tadi yu_minuuna = ngayakinkeun atawa iman; bimaa = ka na ; unzila = nu diturunkeun ; ilaika = ka maneh ( Muhammad ); min qablika = saacan maneh ( Muhammad ) Jadi cenah ciri jelema takwa teh ngiman atawa percaya ka na risalah2 nu diturunkeun ku Allah; boh nu ayeuna boh nu bareto saacan Nabi Muhammad. Jeung maranehna percaya pisan bakal ayana poe akhir. Tah etaa harti diluhur ku urang kudu dijeroan neuleumanana; anu hartina napsirkeun naon sanyata Gusti ngawahyukeun eta ayat 4. Memang geus jelas neruskeun ti na ayat 3; nya eta ngajelaskeun jelema Muttakien tea. Tapi di na napsirkeun ayat kudu jelas deui wae Ti Saha ? Ka saha ? Keur saha ? Ti saha nya pasti ti Allah; ka saha nya ka Rasul Muhammad Saw; keur saha keur sagemblengna manusa; tapi dikhususkeun ka nu ngadu’a Ihdinash shiraatal mustakiem tea. Naon cenah ? Eta jelema muttakien teh cirina deui nya eta iman ka na risalah2 nu diturunkan Allah, ka para Rasul/NabiNa. Boh risalah nu ayeuna boh nu bareto saacan Nabi nu ayeuna. Naon sababna harti ieu kudu dijelaskeun ? Sabab di na eta ayat ngudukeun iman ka sakabeh risalah nu diturunkeun ku Gusti. Ieu Kudu atawa WAJIB. Nanya deui keur saha WAJIBNA ? Jawabanana keur jelema takwa tea. Boh umat Muhammad, boh umat Nabi saacan Muhammad. Ieu hartina leuwih jauh, mun umat Muhammad teu IMAN ka na Injil misalna; eta teu kaasup Jalma Takwa. Nerangkeun nu ieu bakal leuwih panjang mun dikaitkeun ka na ayat Innalladziina kafaruu atawa waminannasi man yakuluu. Ku sabab kitu, keur ayat 4; dicukupkeun sakieu wae. Ngeunaan tungtung ayat nu iman ka na poe akhirat; engke ditunda di na nu aya hubunganana jeung ayat2 sejenna. Ayat 5 – Ulaaika ‘alaa hudan min Rabbihim wa ulaaika humul muflihuun. Ulaika = tah maranehna teh; ‘alaa = nu ; hudan =hidayah/pituduh; min = ti; Rabbihim = Tuhan maranehna ; wa = jeung ; ulaaika = tah maranehna teh ; humu = maranehna; almuflihun = meunang; nu meunang untung. Jadi harti eta ayat 5; Tah maranehna ( jelema takwa ); nu meunang pituduh ti Gusti jeung maranehna nu bakal jadi WINNER. Maranehna nu bakal salamet; meunang untung. Jadi jelema takwa nya eta nu Iman ka Allah ka Para Malaikat, Terus nyembah ka Allah ( henteu ka malaikat jeung jin mah ); terus infak ti na rizki nu meunang usaha manehna papaarin Gusti; Iman ka na sakabeh risalah nu diwahyukeun ku Allaah; nu ayeuna jeung nu baheula; terus percaya atawa iman ka na poe akhir. Tah eta jelema takwa teh. Eta nu bakal dipiridha ku Allaah. Jadi Allah nujukeun Risalahna keur nu boga sipat2 saperti nu ditulis; nya eta jalma takwa tea. HANCA
