Saterusna ayat 22 Alladzii = Anjeunna nu ; Ja’ala =
nyadiakeun ; lakum = pikeun maraneh sakabeh ; al ardhi = bumi ; firaasan = nu
ngampar ; assamaa_a = awang2 ; binaa_an = hateup ; wa anzala = sareng Anjeunna
nu nurunkeun ; minassamaa_i = ti awang2 ; maa_an = hujan ; fa_akhraja = nu
ngalantarankeun ; bihii = ti na eta hujan ; minatstsamaraati = ngajadikeun
buah2an ; rizqallakum = jadi rizki keur maraneh sakabeh ; fa laa = ku sabab
kitu, teu meunang ; taj’aluu = maraneh ngajadikeun ; lillahi = ka Allah ;
andadaan = tandingan; wa antum ta_lamuun = maraneh apal; nyaho.

Inti sari ti na ieu ayat ngalarang manusa midua ka Allah.
Jadi mun dihijikeun jeung ayat 21; nu parentah kahiji Allaah nya eta manusa
kudu nyembah Allah; maka mun dihijikeun jadina : Parentah Tauhid kahiji; Laa
Ilaa Ha Illallah. Teu aya Pangeran/Tuhan nu wajib disembah anging Allah.

Mun dipikirkeun deui ka na Tuhan marentah ka saha ? nya
ayyuhannas ! Tah ieu hartina ka manusa sakabehna nu dianggap sagolongan NETRAL;
maka ieu teh parentah syahadat ka nu rek asup Islam; nya eta ngaku Allah
hiji2na Rabb atawa Illah nu WAJIB disembah. Syahadat = 
pangakuan/nyaksian.Sareng ngayakinkeun yen nu mawana ( Muhammad ) eta tos 
meunang paidin ti Allah. Jadi lengkepna Asyhadu Anlaailaaha illallah; wa 
asyhadu anna MuhammadanRasuulallaah



Ayat 23 – Wa in kuntum fii raibin mimmaa nazzalnaa ‘alaa
‘abdinaa fa_ tuu bisuuratin min mitslih, wad-‘uu syuhadaa-a kum minduunillahi in
kuntum shaadiqiin. = Lamun maraneh masih ngaragukeun benerna Al Qur_an nu 
diturunkeun
ka  Hamba Kaula ( Muhammad ) , sok
maraneh nyoba2 nyieun SAAYAT we anu nyarua_an Qur_an ; sok ajakan batur2
maraneh supaya ngabantuan nyieun eta ayat, Mun enya mah maraneh nu BENER.

Ayat 24 – faillam taf aluu wa lan taf a luu fattaqunnaara llatii
wa quuduhannasu wal hijarah; u ‘iddat lil kaafiriin. = Lamun maraneh teu bisa
nyieun eta ayat; jeung pasti moal bisana, maka maraneh kudu ngajaraga diri
maraneh ulah nepi ka asup ka naraka; dimana eta seuneu naraka teh bahan2 ti na
jelema2 jarahat jeung batu2an pikeun ngahuru jelema kapir.


Tapsiran ayat 23 jeung 24 :

Ku sabab Nabi Muhammad geus mitembeyan ngenalkeun Rabb ka
para manusa harita, nya eta nu 3 golongan tea, Nabi bener2 susah pisan
nyanghareupan para manusa waktu eta. Dimana nu Muttaqien ge can aya hiji2 acan;
aya ge muttaqien cek kayakinan sa_acanna; ditawaran asup Islam nya eta jalan
anyar pikeun jadi jelema Muttaqien; nya rata2 maranehna nolak.


Nya asup akal oge; lantaran ngaranna ge jalan anyar, can
kapanggih bebeneranana; jadi mun ditarolak tea mah wajar. Meureun ceuk nu milu
agama2 heubeul teh nanya : Mana SANAD na ? Mana MATANNA ? Mana Dalil2na ?
sangeunahnaa wae anjeun Muhammad ngajak ka urang sarerea ganti agama ? Ganti
kayakinan ? Jeung mana buktina anjeun teh bener2 mawa Wahyu ti Gusti Allah ?


Sigana mah, masih untung harita kaitung loba oge nu percaya
ayana Tuhan Sang Pencipta, jadi enya ge maranehna teu daraek asup Islam nu
dibawa ku Nabi Muhammad, tapi maranehna teu ngamusuh musuh teuing. Tapi
salian anu Tauhid samodel Kristen; loba oge nu ngarasa boga Tuhan sorangan;
tah ieu golongan Agnostik tea. Nya maranehna loba mentog, nanya itu nanya ieu
ka Nabi Muhammad. Kangjeng Nabi bingung terus rekes ka Pangeran, kumaha tah
ngatasina cenah. Nya Allah nurunkeun wahyu ka Nabi; supaya bisa ngajawab
pangjejeleh ti para agnostik eta. Da ari golongaan kapir mah, ku itu ku ieu ge
moal daek diajak; da teu percaya ayana Sang Pencipta tea. 
HANCA

Kirim email ke