Bah AA nulis: "Sigana mah, masih untung harita kaitung loba oge nu percaya ayana Tuhan Sang Pencipta,...".
Saleresna anu dikritik keras pisan ku Al-Quran ngeunaan ka-kapiran kaum Quraisy teh sanes teu percanten ka Gusti anu nyiptakeun alam raya. Tapi kana kapatuhan sareng teu ngaduakeun Gusti nu Maha Suci. Seueur pisan ayat-ayat Al-Quran anu ngaelingan manusa pikeun tafakur, yen Gusti geus nyiptakeun bumi jeung langit, nyiptakeun rejeki bungbuahan tina hujan, anu mere rasa aman kan batin urang. Eta teh nunjukeun yen kaum kafir Quraisy teh percaya kana ayana Gusti nu Maha Suci, tapi embung tunduk kalawan tartib ngilu kana syari'at Muhammad saw. Tapi anu ditungtut teh konsekuensi-na, lamun geus percaya terus kudu kumaha? Coba geura perhatikeun akhir Al-Baqarah ayat 22 anu diakhiran ku kalimat: "wa antum ta'lamuun", anu bisa dihartikeun "Padahal maraneh oge nyaho/mikanyaho". Mikanyaho kana naon? Nyaeta mikanyaho yeng Gusti Allah teh geus nyiptakeun amparan bumi, nurunkeun hujan, ngaluarkeun rejeki. Nyaho pisan eta urang Quraisy teh, tapi tetep weh sikap kaum Quraisy teh lolobana musyrik, nyaeta mementa pitulung ngaliwatan patekong, Latta jeung Uzza misalna. Tah kaum musyrik Quraisy oge netelakeun yen maranehna tetep percaya ka Allah, tapi tetep oge percaya yen bisa menta ka Allah ngaliwatan patung-patung anu geus lila ayana warisan luluhur maranehna. Jadi maranehna percaya yen patung teh bisa mere barokah, mere energi positip pikeun nepikeun kahayang maranehna ka Gusti nu Maha Suci. Tah perilaku nu kitu anu dikritik ku Al-Quran teh. E.. eh... naha atuh lamun kitu mah naon bedana jeung lolobana urang jaman ayeuna. Pan urang oge loba anu ngaku iman ka Gusti Anu Maha Suci, tapi tetep weh sok mementa ka dukun, sok percaya kakuatan jin jeung siluman bisa mere kauntungan, sok percaya yen di gunung anu sok aya anu ngageugeuh. Atawa percaya yen anu bisa nyilakakeun urang teh atasan urang dina pagawean. Atawa percaya yen urang bagja teh lamun bisa naek pangkat tur loba harta. Tah di mana atuh Gusti Allah posisina. Ih Gusti Allah mah ngan saukur dipercaya eksistensina (kaayaanana) tapi ari prak-prakan dina kahirupan mah urang teh sabenerna teu boga kayakinan batin jeung hubungan personal (pribadi) jeung Gusti nu Maha Suci teh. Makana hate/batin loba kasieun loba hariwang. Makana resep pisan nonton serial misteri dina TV teh, da asa sarua jeung kakosongan batin jadi menta dieusi ku prasangka jin jeung jurig. Orang-orang Arab Badui itu berkata: "Kami telah beriman". Katakanlah (kepada mereka): "Kamu belum beriman, tetapi katakanlah: "Kami telah tunduk", karena iman itu belum masuk ke dalam hatimu dan jika kamu taat kepada Allah dan Rasul-Nya, Dia tiada akan mengurangi sedikit pun (pahala) amalanmu; sesungguhnya Allah Maha Pengampun lagi Maha Penyayang" (TQS al-Hujurat [49]: 14). Tah, naon bedana urang jeung Arab Baduy anu dicaritakeun dina Quran surat Al-Hujurat ayat 14 di luhur? Urang ge pan indit ka masjid jum'atan teh pedah geus galib weh tatangga atawa pagawe kantor arindit, kumaha atuh lamun urang teu indit? Jadi weh ngilu indit sholat jumat. Pas bulan puasa nya ngiluan atuh puasa da kumaha ceuk batur lamun urang teu ngilu puasa? Pas kawin atuh maca syahadat jeung ijab kabul da batur ge kitu galibna, maenya urang teu ngilu kitu. Tapi kumaha batin urang, ngilu teu? Pan meureun batin urang mah sabenerna teu ngarti kudu kumaha? Upami sim kuring lepat, berarti sae pisan, anu maca teh tos iman, sanes mung tunduk ku kaera jeung kasieun ka masyarakat wae (kolot, baraya, FPI jeung sajabana). Dina tauhid Islam sok diterangkeun, aya tauhid Rubbubiyah jeung aya tauhid Uluhiyah. Percanten kana ayana Gusti nu Maha Suci anu nyiptakeun bumi jeung langit teh Tauhid Rubbubiyah. Tapi upami hate pasrah teu ngaduakeun Gusti nu Maha Suci eta lebetna kana tauhid Uluhiyah. Jiga kumaha mikacinta Gusti nu Maha Suci teh anu leres teh atuh? Asa leres weh pan urang mah geus teu nyembah patung. Ih lain kitu wungkul, eta mah tingkatan primitif. Mangga geura tafakuran ayat di handap ieu: “Katakanlah: “jika bapa-bapa, anak-anak, saudara-saudara, isteri-isteri, kaum keluargamu, harta kekayaan yang kamu usahakan, perniagaan yang kamu khawatiri kerugiannya, dan tempat tinggal yang kamu sukai, adalah lebih kamu cintai dari Allah dan Rasul-Nya dan dari berjihad di jalan-Nya, maka tunggulah sampai Allah mendatangkan keputusan-Nya.” Dan Allah tidak memberi petunjuk kepada orang-orang yang fasik. ” [At Taubah 9:24] Aduh beurat pisan geningan nya.... Lain beurat wungkul, tapi oge sok disalah artikeun. Ku teroris anu song nga-bom teh diartikeun daek ngorbankeun diri demi Gusti Allah bari mawa paeh ka loba jelema anu can tangtu salahna. Padahal eta jelema anu nge-bom teh iman kana amarah dirina, nuturkeun rasa amarah dina dirina. Lain iman ka Gusti, da lamun iman ka Gusti mah hatena bakal lembut... Insya Allah bakal disambung deui.... Kalawan allahu'alam bis shawaab.... Febi Ahmad Hazairin =================== ________________________________ Von: Abbas Amien <[email protected]> An: [email protected]; [email protected] Gesendet: 10:18 Montag, 24.Juni 2013 Betreff: [kisunda] Tafsir Qur_an Sunda 10 Saterusna ayat 22 Alladzii = Anjeunna nu ; Ja’ala = nyadiakeun ; lakum = pikeun maraneh sakabeh ; al ardhi = bumi ; firaasan = nu ngampar ; assamaa_a = awang2 ; binaa_an = hateup ; wa anzala = sareng Anjeunna nu nurunkeun ; minassamaa_i = ti awang2 ; maa_an = hujan ; fa_akhraja = nu ngalantarankeun ; bihii = ti na eta hujan ; minatstsamaraati = ngajadikeun buah2an ; rizqallakum = jadi rizki keur maraneh sakabeh ; fa laa = ku sabab kitu, teu meunang ; taj’aluu = maraneh ngajadikeun ; lillahi = ka Allah ; andadaan = tandingan; wa antum ta_lamuun = maraneh apal; nyaho. Inti sari ti na ieu ayat ngalarang manusa midua ka Allah. Jadi mun dihijikeun jeung ayat 21; nu parentah kahiji Allaah nya eta manusa kudu nyembah Allah; maka mun dihijikeun jadina : Parentah Tauhid kahiji; Laa Ilaa Ha Illallah. Teu aya Pangeran/Tuhan nu wajib disembah anging Allah. Mun dipikirkeun deui ka na Tuhan marentah ka saha ? nya ayyuhannas ! Tah ieu hartina ka manusa sakabehna nu dianggap sagolongan NETRAL; maka ieu teh parentah syahadat ka nu rek asup Islam; nya eta ngaku Allah hiji2na Rabb atawa Illah nu WAJIB disembah. Syahadat = pangakuan/nyaksian.Sareng ngayakinkeun yen nu mawana ( Muhammad ) eta tos meunang paidin ti Allah. Jadi lengkepna Asyhadu Anlaailaaha illallah; wa asyhadu anna MuhammadanRasuulallaah Ayat 23 – Wa in kuntum fii raibin mimmaa nazzalnaa ‘alaa ‘abdinaa fa_ tuu bisuuratin min mitslih, wad-‘uu syuhadaa-a kum minduunillahi in kuntum shaadiqiin. = Lamun maraneh masih ngaragukeun benerna Al Qur_an nu diturunkeun ka Hamba Kaula ( Muhammad ) , sok maraneh nyoba2 nyieun SAAYAT we anu nyarua_an Qur_an ; sok ajakan batur2 maraneh supaya ngabantuan nyieun eta ayat, Mun enya mah maraneh nu BENER. Ayat 24 – faillam taf aluu wa lan taf a luu fattaqunnaara llatii wa quuduhannasu wal hijarah; u ‘iddat lil kaafiriin. = Lamun maraneh teu bisa nyieun eta ayat; jeung pasti moal bisana, maka maraneh kudu ngajaraga diri maraneh ulah nepi ka asup ka naraka; dimana eta seuneu naraka teh bahan2 ti na jelema2 jarahat jeung batu2an pikeun ngahuru jelema kapir. Tapsiran ayat 23 jeung 24 : Ku sabab Nabi Muhammad geus mitembeyan ngenalkeun Rabb ka para manusa harita, nya eta nu 3 golongan tea, Nabi bener2 susah pisan nyanghareupan para manusa waktu eta. Dimana nu Muttaqien ge can aya hiji2 acan; aya ge muttaqien cek kayakinan sa_acanna; ditawaran asup Islam nya eta jalan anyar pikeun jadi jelema Muttaqien; nya rata2 maranehna nolak. Nya asup akal oge; lantaran ngaranna ge jalan anyar, can kapanggih bebeneranana; jadi mun ditarolak tea mah wajar. Meureun ceuk nu milu agama2 heubeul teh nanya : Mana SANAD na ? Mana MATANNA ? Mana Dalil2na ? sangeunahnaa wae anjeun Muhammad ngajak ka urang sarerea ganti agama ? Ganti kayakinan ? Jeung mana buktina anjeun teh bener2 mawa Wahyu ti Gusti Allah ? Sigana mah, masih untung harita kaitung loba oge nu percaya ayana Tuhan Sang Pencipta, jadi enya ge maranehna teu daraek asup Islam nu dibawa ku Nabi Muhammad, tapi maranehna teu ngamusuh musuh teuing. Tapi salian anu Tauhid samodel Kristen; loba oge nu ngarasa boga Tuhan sorangan; tah ieu golongan Agnostik tea. Nya maranehna loba mentog, nanya itu nanya ieu ka Nabi Muhammad. Kangjeng Nabi bingung terus rekes ka Pangeran, kumaha tah ngatasina cenah. Nya Allah nurunkeun wahyu ka Nabi; supaya bisa ngajawab pangjejeleh ti para agnostik eta. Da ari golongaan kapir mah, ku itu ku ieu ge moal daek diajak; da teu percaya ayana Sang Pencipta tea. HANCA
