Sim kuring tadi tos ngirim email tapi teu tembus, sapertosna nuju aya gangguan 
di server groups.yahoo.com:
"We're upgrading our systems and some 
functions of Yahoo! Groups will be unavailable for a few hours. Emails 
sent to your groups will be delivered late during this time. Thank you 
for your patience and understanding."

Ieu sim kuring kirim deui, hapunten upami torojol deui nyusul anu tos kantos 
diposting sateuacana anu eusina sami.

***

Bah AA nulis: "Sigana mah, masih untung harita kaitung loba oge nu percaya 
ayana Tuhan Sang Pencipta,...".

Saleresna anu dikritik keras pisan ku Al-Quran ngeunaan ka-kapiran kaum Quraisy 
teh sanes teu percanten ka Gusti anu nyiptakeun alam raya. Tapi kana kapatuhan 
sareng teu ngaduakeun Gusti nu Maha Suci. 

Seueur pisan ayat-ayat Al-Quran anu ngaelingan manusa pikeun tafakur, yen Gusti 
geus nyiptakeun bumi jeung langit, nyiptakeun rejeki bungbuahan tina hujan, anu 
mere rasa aman kan batin urang. Eta teh nunjukeun yen kaum kafir Quraisy teh 
percaya kana ayana Gusti nu Maha Suci, tapi embung tunduk kalawan tartib ngilu 
kana syari'at Muhammad saw. Tapi anu ditungtut teh konsekuensi-na, lamun geus 
percaya terus kudu kumaha?

Coba geura perhatikeun akhir Al-Baqarah ayat 22 anu diakhiran ku kalimat: "wa 
antum ta'lamuun", anu bisa dihartikeun "Padahal maraneh oge nyaho/mikanyaho". 
Mikanyaho kana naon? Nyaeta mikanyaho yeng Gusti Allah teh geus nyiptakeun 
amparan bumi, nurunkeun hujan, ngaluarkeun rejeki. Nyaho pisan eta urang 
Quraisy teh, tapi tetep weh sikap kaum Quraisy teh lolobana musyrik, nyaeta 
mementa pitulung ngaliwatan patekong, Latta jeung Uzza misalna. Tah kaum 
musyrik Quraisy oge netelakeun yen maranehna tetep percaya ka Allah, tapi tetep 
oge percaya yen bisa menta ka Allah ngaliwatan patung-patung anu geus lila 
ayana warisan luluhur maranehna. Jadi maranehna percaya yen patung teh bisa 
mere barokah, mere energi positip pikeun nepikeun kahayang maranehna ka Gusti 
nu Maha Suci. Tah perilaku nu kitu anu dikritik ku Al-Quran teh.

E.. eh... naha atuh lamun kitu mah naon bedana jeung lolobana urang jaman 
ayeuna. Pan urang oge loba anu ngaku iman ka Gusti Anu Maha Suci, tapi tetep 
weh sok mementa ka dukun, sok percaya kakuatan jin jeung siluman bisa mere 
kauntungan, sok percaya yen di gunung anu sok aya anu ngageugeuh. Atawa percaya 
yen anu bisa nyilakakeun urang teh atasan urang dina pagawean. Atawa percaya 
yen urang bagja teh lamun bisa naek pangkat tur loba harta. Tah di mana atuh 
Gusti Allah posisina. Ih Gusti Allah mah ngan saukur dipercaya eksistensina 
(kaayaanana) tapi ari prak-prakan dina kahirupan mah urang teh sabenerna teu 
boga kayakinan batin jeung hubungan personal (pribadi) jeung Gusti nu Maha Suci 
teh. Makana hate/batin loba kasieun loba hariwang. Makana resep pisan nonton 
serial misteri dina TV teh, da asa sarua jeung kakosongan batin jadi menta 
dieusi ku prasangka jin jeung jurig.

Orang-orang Arab Badui itu berkata: "Kami telah beriman". Katakanlah (kepada 
mereka): "Kamu belum beriman, tetapi katakanlah: "Kami telah tunduk", karena 
iman itu belum masuk ke dalam hatimu dan jika kamu taat kepada Allah dan 
Rasul-Nya, Dia tiada akan mengurangi sedikit pun (pahala) amalanmu; 
sesungguhnya Allah Maha Pengampun lagi Maha Penyayang" (TQS al-Hujurat [49]: 
14).

Tah, naon bedana urang jeung Arab Baduy anu dicaritakeun dina Quran surat 
Al-Hujurat ayat 14 di luhur? Urang ge pan indit ka masjid jum'atan teh pedah 
geus galib weh tatangga atawa pagawe kantor arindit, kumaha atuh lamun urang 
teu indit? Jadi weh ngilu indit sholat jumat. Pas bulan puasa nya ngiluan atuh 
puasa da kumaha ceuk batur lamun urang teu ngilu puasa? Pas kawin atuh maca 
syahadat jeung ijab kabul da batur ge kitu galibna, maenya urang teu ngilu 
kitu. Tapi kumaha batin urang, ngilu teu? Pan meureun batin urang mah sabenerna 
teu ngarti kudu kumaha? Upami sim kuring lepat, berarti sae pisan, anu maca teh 
tos iman, sanes mung tunduk ku kaera jeung kasieun ka masyarakat wae (kolot, 
baraya, FPI jeung sajabana).

Dina tauhid Islam sok diterangkeun, aya tauhid Rubbubiyah jeung aya tauhid 
Uluhiyah. Percanten kana ayana Gusti nu Maha Suci anu nyiptakeun bumi jeung 
langit teh Tauhid Rubbubiyah. Tapi upami hate pasrah teu ngaduakeun Gusti nu 
Maha Suci eta lebetna kana tauhid Uluhiyah. Jiga kumaha mikacinta Gusti nu Maha 
Suci teh anu leres teh atuh? Asa leres weh pan urang mah geus teu nyembah 
patung. Ih lain kitu wungkul, eta mah tingkatan primitif. Mangga geura 
tafakuran ayat di handap ieu:

“Katakanlah: “jika bapa-bapa, anak-anak, saudara-saudara, isteri-isteri, kaum 
keluargamu, harta kekayaan yang kamu usahakan, perniagaan yang kamu khawatiri 
kerugiannya, dan tempat tinggal yang kamu sukai, adalah lebih kamu cintai dari 
Allah dan Rasul-Nya dan dari berjihad di jalan-Nya, maka tunggulah sampai Allah 
mendatangkan keputusan-Nya.” Dan Allah tidak memberi petunjuk kepada 
orang-orang yang fasik. ” [At Taubah 9:24]

Aduh beurat pisan geningan nya....
Lain beurat wungkul, tapi oge sok disalah artikeun. Ku teroris anu song nga-bom 
teh diartikeun daek ngorbankeun diri demi Gusti Allah bari mawa paeh ka loba 
jelema anu can tangtu salahna. Padahal eta jelema anu nge-bom teh iman kana 
amarah dirina, nuturkeun rasa amarah dina dirina. Lain iman ka Gusti, da lamun 
iman ka Gusti mah hatena bakal lembut...

Insya Allah bakal disambung deui....
Kalawan wallahu'alam bis shawaab....


Febi Ahmad Hazairin
===================





________________________________
 Von: Abbas Amien <[email protected]>
An: [email protected]; [email protected] 
Gesendet: 10:18 Montag, 24.Juni 2013
Betreff: [kisunda] Tafsir Qur_an Sunda 10
 


  
Saterusna ayat 22 Alladzii = Anjeunna nu ; Ja’ala =
nyadiakeun ; lakum = pikeun maraneh sakabeh ; al ardhi = bumi ; firaasan = nu
ngampar ; assamaa_a = awang2 ; binaa_an = hateup ; wa anzala = sareng Anjeunna
nu nurunkeun ; minassamaa_i = ti awang2 ; maa_an = hujan ; fa_akhraja = nu
ngalantarankeun ; bihii = ti na eta hujan ; minatstsamaraati = ngajadikeun
buah2an ; rizqallakum = jadi rizki keur maraneh sakabeh ; fa laa = ku sabab
kitu, teu meunang ; taj’aluu = maraneh ngajadikeun ; lillahi = ka Allah ;
andadaan = tandingan; wa antum ta_lamuun = maraneh apal; nyaho.
Inti sari ti na ieu ayat ngalarang manusa midua ka Allah.
Jadi mun dihijikeun jeung ayat 21; nu parentah kahiji Allaah nya eta manusa
kudu nyembah Allah; maka mun dihijikeun jadina : Parentah Tauhid kahiji; Laa
Ilaa Ha Illallah. Teu aya Pangeran/Tuhan nu wajib disembah anging Allah.
Mun dipikirkeun deui ka na Tuhan marentah ka saha ? nya
ayyuhannas ! Tah ieu hartina ka manusa sakabehna nu dianggap sagolongan NETRAL;
maka ieu teh parentah syahadat ka nu rek asup Islam; nya eta ngaku Allah
hiji2na Rabb atawa Illah nu WAJIB disembah. Syahadat = 
pangakuan/nyaksian.Sareng ngayakinkeun yen nu mawana ( Muhammad ) eta tos 
meunang paidin ti Allah. Jadi lengkepna Asyhadu Anlaailaaha illallah; wa 
asyhadu anna MuhammadanRasuulallaah


Ayat 23 – Wa in kuntum fii raibin mimmaa nazzalnaa ‘alaa
‘abdinaa fa_ tuu bisuuratin min mitslih, wad-‘uu syuhadaa-a kum minduunillahi in
kuntum shaadiqiin. = Lamun maraneh masih ngaragukeun benerna Al Qur_an nu 
diturunkeun
ka  Hamba Kaula ( Muhammad ) , sok
maraneh nyoba2 nyieun SAAYAT we anu nyarua_an Qur_an ; sok ajakan batur2
maraneh supaya ngabantuan nyieun eta ayat, Mun enya mah maraneh nu BENER.
Ayat 24 – faillam taf aluu wa lan taf a luu fattaqunnaara llatii
wa quuduhannasu wal hijarah; u ‘iddat lil kaafiriin. = Lamun maraneh teu bisa
nyieun eta ayat; jeung pasti moal bisana, maka maraneh kudu ngajaraga diri
maraneh ulah nepi ka asup ka naraka; dimana eta seuneu naraka teh bahan2 ti na
jelema2 jarahat jeung batu2an pikeun ngahuru jelema kapir.

Tapsiran ayat 23 jeung 24 :
Ku sabab Nabi Muhammad geus mitembeyan ngenalkeun Rabb ka
para manusa harita, nya eta nu 3 golongan tea, Nabi bener2 susah pisan
nyanghareupan para manusa waktu eta. Dimana nu Muttaqien ge can aya hiji2 acan;
aya ge muttaqien cek kayakinan sa_acanna; ditawaran asup Islam nya eta jalan
anyar pikeun jadi jelema Muttaqien; nya rata2 maranehna nolak.

Nya asup akal oge; lantaran ngaranna ge jalan anyar, can
kapanggih bebeneranana; jadi mun ditarolak tea mah wajar. Meureun ceuk nu milu
agama2 heubeul teh nanya : Mana SANAD na ? Mana MATANNA ? Mana Dalil2na ?
sangeunahnaa wae anjeun Muhammad ngajak ka urang sarerea ganti agama ? Ganti
kayakinan ? Jeung mana buktina anjeun teh bener2 mawa Wahyu ti Gusti Allah ?

Sigana mah, masih untung harita kaitung loba oge nu percaya
ayana Tuhan Sang Pencipta, jadi enya ge maranehna teu daraek asup Islam nu
dibawa ku Nabi Muhammad, tapi maranehna teu ngamusuh musuh teuing. Tapi
salian anu Tauhid samodel Kristen; loba oge nu ngarasa boga Tuhan sorangan;
tah ieu golongan Agnostik tea. Nya maranehna loba mentog, nanya itu nanya ieu
ka Nabi Muhammad. Kangjeng Nabi bingung terus rekes ka Pangeran, kumaha tah
ngatasina cenah. Nya Allah nurunkeun wahyu ka Nabi; supaya bisa ngajawab
pangjejeleh ti para agnostik eta. Da ari golongaan kapir mah, ku itu ku ieu ge
moal daek diajak; da teu percaya ayana Sang Pencipta tea. 

HANCA 
 

Kirim email ke