Numatak ceuk uing harita, heulakeun nu parondok heula: juz amma. Ngarah aya
hasilna. Ari aya hasilna mah sok nambah sumanget ka urangna ngagaweanana.
Ari ngagawean nu panjang teh, kurang-kurangna keyeng mah sok kaserang ku
sangeuk, asa taya hasilna, da jauh kana anggeusna. Komo bari kakara deuih
migawena teh. Jaba euweuh buruhna. Tambah hoream we kadituna teh.


2013/6/28 Abbas Amien <[email protected]>

> **
>
>
> Karasa ayeuna mah hese belekena teh. Bener2 nu disebutkeun ku kuring teh
> haqqul yaqin benerna, yen laamun rek neuleuman Qur_an kudu aya 5 tingkatan
> : 1. Kudu bisa macaana kalawaan hade jeung bener  2. Kudu apal  3. Kudu
> apal hartina atawa taarjamahna. 4. Kudu apal ka na tujuaan eta ayat
> diwahyukeun; ieu hartina napsirkeun jeung neuleuman  5. Kudu dipraktekkeun.
>
> Ayeuna karek nepi ka 12; geus sakieu hesena. Saencaanna ge geus
> ngawangwang yen hese; tapi ku sabab can kaalaman; hese na ge kakaraa dina
> lamunan; cek pikiran teh aah kudu di lakukeun heula, kakara apal pait
> peuheurna.
> Lamun urang wanoh ka na kaheseanana; tada teuing capena mufassir2 jaaman
> bihari; urang jadi bisa ngahargaan ka aranjeunna; lantaran urang apal ka na
> kaheseanana.
>
>
>
>  
>

Kirim email ke