Hahahaha ... sami wae.ieu ge pan hasilna mah tos ayaa; najan kakara sapotong. Da memang atuh ngaranna napsirkeun Qur_an piraku dimimitian ku ayat2 panungtung. Teu runtut caritana. Mangga we ku Ki Hasaan tengetan. Pan ti Fatihah ka Al Baqarah mah nyambung pisan. Nerangkeunana ge ngageuleuyeung.
Tah mun ujug2 ayat akhir; moal nyambung. Hebat oge nu jol2 napsirkeun ayat akhir; bari teu napsirkeun ayat2 mimiti Qur_an. Tapsir benten sareng TARJAMAH. Nya ari nyundakeun mah tti na tarjamah Qur_an; bakal leuwih gampang. Taapi napsirkeun deui nu geus ayaa tarjamah eta rada hese beleke. Laantaran naon ? Kapan uraang teh kudu NGEKER naon nya GUSTI nurunkeun ayat A sareng ayat B ? sanggeus ngeker2 terus neangan harti nu pang paasna; kakara diosundakeun. Tah kitu. Tapi ari jol2 surat2 akhir Al Qur_an mah asa teu ngageuleuyeung caritana. Manggaa diantos komentarna deui , ki Hasan. Nuhun pisan --- On Fri, 28/6/13, Ki Hasan <[email protected]> wrote: From: Ki Hasan <[email protected]> Subject: [kisunda] Re: [Urang Sunda] Nyundakeun tapsir Qur_an To: "Urang Sunda" <[email protected]> Cc: "kisunda" <[email protected]> Received: Friday, 28 June, 2013, 9:12 AM Numatak ceuk uing harita, heulakeun nu parondok heula: juz amma. Ngarah aya hasilna. Ari aya hasilna mah sok nambah sumanget ka urangna ngagaweanana. Ari ngagawean nu panjang teh, kurang-kurangna keyeng mah sok kaserang ku sangeuk, asa taya hasilna, da jauh kana anggeusna. Komo bari kakara deuih migawena teh. Jaba euweuh buruhna. Tambah hoream we kadituna teh. 2013/6/28 Abbas Amien <[email protected]> Karasa ayeuna mah hese belekena teh. Bener2 nu disebutkeun ku kuring teh haqqul yaqin benerna, yen laamun rek neuleuman Qur_an kudu aya 5 tingkatan : 1. Kudu bisa macaana kalawaan hade jeung bener 2. Kudu apal 3. Kudu apal hartina atawa taarjamahna. 4. Kudu apal ka na tujuaan eta ayat diwahyukeun; ieu hartina napsirkeun jeung neuleuman 5. Kudu dipraktekkeun. Ayeuna karek nepi ka 12; geus sakieu hesena. Saencaanna ge geus ngawangwang yen hese; tapi ku sabab can kaalaman; hese na ge kakaraa dina lamunan; cek pikiran teh aah kudu di lakukeun heula, kakara apal pait peuheurna. Lamun urang wanoh ka na kaheseanana; tada teuing capena mufassir2 jaaman bihari; urang jadi bisa ngahargaan ka aranjeunna; lantaran urang apal ka na kaheseanana.
