Sae pisan bah AA, idinan sim kuring hoyong nambihan.
Saurna, upami bade gagaro dina sholat, sing sadar yen urang teh gagaro pikeun 
nyingkirkeun gangguan sholat. Gagarona ulah gurung gusuh, tapi kudu ku 
kasadaran. Ulah gegetret tepikeun poho sadetik dua detik mah yen urang teh keur 
sholat.  Jadi ti mimiti leungeun urang ngarongkong tempat nu ateul tepi keung 
ka gerak ngagaro, terus leungeun urang balik deui kana tempatna teh kudu 
dibarengan ku kasadaran yen urang teh ngalakukeun eta dina rarangka keur 
nyampurnakeun sholat (supaya teu kaganggu).

Wallahu'alam

Febi
===




________________________________
 Von: Abbas Amien <[email protected]>
An: [email protected]; [email protected] 
Gesendet: 8:04 Mittwoch, 17.Juli 2013
Betreff: [kisunda] Usik di na waktu keur SHALAT
 


  
Usik di na Shalat

Sacara prinsip/pada dasarnya dalam shalat ; lamun urang keur shalat saenyana 
teu meunang usik, atawa moyeg; ari lain oyag ku sabab ngarenghap mah.
Tapi ddi na satiap shalat aaya GERAK, nu teu meunang henteu kudu dilakukeun, 
nya eta saat urang nuju ka RUKU; eta mah gerakna memang kudu dilakukeun, masing 
teu kaasup rukun oge.
Tah di na waktu urang PINDAH ti na AJEG ka ruku; di dinya urang meunang gagaro !
Saterusna ti na Ruku nuju I’tidal, ieu ge waktu gerakna wenang gagaro; tapi di 
na posisi RUKU jeung I’tidalna mah sarua kudu manteng; teu meunang usik.
Tuluy waktu pindah ti I’tidal ka sujud ( ieu rada lila meueusan ); tah eta 
meunang bari gagaro atawa dehem; tapi sanggeus aya na posisi SUJUD, kudu 
manteng deui. Teu meunang moyeg, ngarenghap mah teu naon2.
Jadi cohagna mah urang teh ngaagunakeun fasilitas gagaro, lamun keur pindah ti 
hiji RUKUN ka Rukun sejenna. Tapi di na keur laku ajeg, Ruku, I’tidal, Sujud 
jeung Diuk; sama sakali teu meunang MOYEG prinsipna.
Kumaha mun teu bisa nahan ? Nya eta mah pasrahkeun we ka Gusti; ngan urang 
keukeuh kudu USAHA ulah MOYEG, batuk atawa dedeheman.
AAA


 

Kirim email ke