Muhun leres aya hadits anu nerangkeun kitu Ki Hasan :)
Ari sim kuring mah moal ragu, batin kang jeng Nabi waktos sholat tetep khusuk 
sanajan bari ngagendong-ngecagkeun putuna.
Kagiatan ngagendong-ngecagkeun putu teh kanggo kangjeng Nabi mah 'mung nu 
kitu', mung kagiatan anu teu asup hate, da hate na mah dina sholat.
Tah jalmi anu tos kalatih mah memang bakal tiasa kitu.

Sumangga weh tiasa diukur ku nyalira. Eta wangsa arab atawa baduy atawa afrika 
anu sarolat di masjidil haram bari ngakod budak, hatena dina sholat atanapi di 
mana. Upami dina sholat nya sae. urang oge upami tiasa misahkeun hate dina 
sholat sareng 'kagiatan darurat' sapertos ngakod budak nya sae pisan. Ieu oge 
anu dimaksad ku sim kuring dina tulisan sateuacanna: gangguan budak gandeng, 
eta mah alami, ulah napel kana hate ulah dituturkeun ku hate lamun urang keur 
sholat.


Wallahu'alam

Febi Ahmad Hazairin
==============


 


________________________________
 Von: Ki Hasan <[email protected]>
An: Ki Sunda <[email protected]>; Urang Sunda 
<[email protected]> 
Gesendet: 20:53 Mittwoch, 17.Juli 2013
Betreff: Re: [Urang Sunda] Re: [kisunda] Usik di na waktu keur SHALAT
 


  
Asana aya katerangan dina Sahih Bukhari nu nyebutkeun yen Kanjeng Nabi kungsi 
solat bari ngais putuna, nalika sujud diecagkeun, nalika ngadeg digendong deui.



2013/7/17 Abbas <[email protected]>

 
>  
>Kamari upami teu lepat KH narosskeun nu kumahaa shalat nu bener ? Tah tos 
>dijawab; tapi rupinaa KH mah resep keneeh nu santai, ti batan nu shalat 
>dijiwaan teh. Nya eta mah teu langkung da kanggo salira ku anjeun ieuh atuh.
>
>
>--- In [email protected], Ahmad Hazairin <don_febi@...> wrote:
>>
>> Sumuhun leres pisan Ki Hasan :)
>
> Eta geura mangga parios asbaabun nuzulna Al-Baqarah ayat 238.  Eta ayat teh 
> diturunkeun kumargi dina waktos eta para sahabat nabi teh upami nuju sholat 
> bari dagang (dagang bari sholat?).  Di tengah sholat teh bisa marentah itu 
> ieu heula ka pagawe, terus sholatna diteruskeun.  Janten weh supados tartib 
> diturunkeun ayat 238 ti Surat Al-Baqarah.  Dina hadits diterangkeun yen 
> waktos eta Nabi sholat jamaah jeung shohabat.  Ngan dua baris anu tartib. 
> Baris katilu ka tukang mah luak lieuk jelema teh bari sholat, aya oge anu 
> ngaladangan dagang bari sholat.
>
>> 
>> Janten mangga weh bade pieunteungeun mah tiasa ti mana wae panginten :)
>> 
>> Wallahu'alam
>> 
>> Febi Ahmad Hazairin
>> ==============
>> 
>> 
>> 
>> 
>> ________________________________
>
>  Von: Ki Hasan <khs579@...>
>
>> An: Ki Sunda <[email protected]> 
>> CC: Urang Sunda <[email protected]> 
>> Gesendet: 15:51 Mittwoch, 17.Juli 2013
>> Betreff: [Urang Sunda] Re: [kisunda] Usik di na waktu keur SHALAT
>> 
>> 
>> 
>
>   
>
>> Mani kayungyun eta model solat Bah AA jeung Kang Febi. Leuwih tegang jiga 
>> tangtara baris-berbaris jigana teh. Uing mindeng bareng solat jeung 
>> mangpirang bangsa ti kawasan Arab, Yaman, Afrika, Irak, jeung sajabana. Si 
>> eta mah solat teh nyalse we teu nepi ka kereng jiga tangtara. Aya anakna 
>> ngencar ti gigireunana, ditewak heula sina balik deui ka tempatna, aya hape 
>> ngirining dikodok heula dipareuman. Nu encan manggihan teh, nu solat bari 
>> capek-rahem we.
>> 
>> 
>> 
>> 
>
> 2013/7/17 Abbas Amien <abas_amin08@...>
>> 
>> 
>> >  
>
>> >Usik di na Shalat
>> >
>> >Sacara prinsip/pada dasarnya dalam shalat ; lamun urang keur shalat 
>> >saenyana teu meunang usik, atawa moyeg; ari lain oyag ku sabab ngarenghap 
>> >mah.
>> >Tapi ddi na satiap shalat aaya GERAK, nu teu meunang henteu kudu 
>> >dilakukeun, nya eta saat urang nuju ka RUKU; eta mah gerakna memang kudu 
>> >dilakukeun, masing teu kaasup rukun oge.
>> >Tah di na waktu urang PINDAH ti na AJEG ka ruku; di dinya urang meunang 
>> >gagaro !
>
> >Saterusna ti na Ruku nuju I’tidal, ieu ge waktu gerakna wenang gagaro; 
> >tapi di na posisi RUKU jeung I’tidalna mah sarua kudu manteng; teu meunang 
> >usik.
>> >Tuluy waktu pindah ti I’tidal ka sujud ( ieu rada lila meueusan ); tah 
>> >eta meunang bari gagaro atawa dehem; tapi sanggeus aya na posisi SUJUD, 
>> >kudu manteng deui. Teu meunang moyeg, ngarenghap mah teu naon2.
>> >Jadi cohagna mah urang teh ngaagunakeun fasilitas gagaro, lamun keur pindah 
>> >ti hiji RUKUN ka Rukun sejenna. Tapi di na keur laku ajeg, Ruku, I’tidal, 
>> >Sujud jeung Diuk; sama sakali teu meunang MOYEG prinsipna.
>
>> >Kumaha mun teu bisa nahan ? Nya eta mah pasrahkeun we ka Gusti; ngan urang 
>> >keukeuh kudu USAHA ulah MOYEG, batuk atawa dedeheman.
>> >AAA
>> >
>>
>
>

 

Kirim email ke