Tah ka dinya maksudna mah, Kang Yadi. Da uing mah, aya laleur atawa reungit
nyoco leungeun. Nya sina nyingkah we. Tinimbang ateul sapanjang solat.
Hehehe


2013/7/18 YADI supriadi wendy <[email protected]>

> **
>
>
> On 2013-07-18 12:25, Ki Hasan wrote:
> > Hehehe. Lain kitu, uing mah panasaran ku hadis di handap ieu geura.
> > Tah meungpeung Bah AA keur sumanget jadi jurus tafsir, cing kumaha
> > tah
> > kamandangna?
> >
> > ===
> >
> > “Bahwa Rasulullah shallallahu ‘alaihi wa sallam pernah shalat
> > sambil menggendong Umamah binti Zainab binti Rasulillah shallallahu
> > ‘alaihi wa sallam, putri dari Abul ‘Ash bin Rabi’ah. Apabila
> > beliau sujud, beliau letakkan Umamah & jika beliau berdiri, beliau
> > menggendongnya.”
> >
> > Dalam lafadz yang lain: “Saya melihat Rasulullah shallallahu
> > ‘alaihi wa sallam mengimami jamaah, sementara Umamah binti Abil
> > ‘Ash (cucu Nabi shallallahu ‘alaihi wa sallam) berada di gendongan
> > beliau” (HR. Bukhari & Muslim)
> >
> >
> Conto ekstrim, kaparengkeun urang shalat sisi ranjang. Di tengah shalat
> budak nu tadi sare dina ranjang hudang terus ngagulitik ka sisi rek
> labuh. Cik kumaha sikep urang? Diantep budak sina labuh? Henteu pan...!
>
> Conto sejen mun aya sato nu ngabahayakeun, atawa aya kondisi nu
> ngabahayakeun - seuneu! Naha urang rek cicing bae? Moal pan! Ah atuda
> eta mah kaayaan darurat. Tah kitu.....! sebut we sarupaning gagaro,
> mangku budak ge sarua jeung kaayaan darurat. Beres deh....!
>
> Atawa kaparengkeun urang keur jadi imam shalat, pek aya rukun nu
> kaliwat. Kumaha sikep ma'mum? Nyebut "subhanallah" ngingetan. Mun harita
> urang "khusyu", meureun panggeuing ma'mum teh moal kadenge, beu......!
>
> Jadi ari ceuk kuring mah, salila masih dina kaayaan "normal" (maksud nu
> teu normal teh keur shalat, hayeuh bujur gutak-gitek nyaruaan tatabeuhan
> dina radio tatangga)
>
> Kitu manawi ari kuring mah, repot amat :)
>
> --
> --
> Wassalam,
>
> Yadi Supriadi Wendy
> .: dikirim ku kadeudeuh :.
>

Kirim email ke