Na ari Kang Tito solat sok bari peureum kitu? Uing mah solat teh nu
gigierun kenca-katuhu, hareupeun ge da sok kareret ku juru panon. Hehehe.


2013/7/18 Tito Suryana <[email protected]>

> **
>
> atuh Ki Hasan teh solatna bari nitenan nu solat nya hahahaha
>
> salam,
> Tito Suryana / WITEL JABAR TIMUR
> ---------------------------------------------------
> Business Account Manager
> Flexi : 0231 333 4000
> Email : [email protected]
> ------------------------------------------
>
> ----- Original Message -----
> *From:* Ki Hasan <[email protected]>
> *To:* Ki Sunda <[email protected]>
> *Cc:* Urang Sunda <[email protected]>
> *Sent:* Wednesday, July 17, 2013 3:51 PM
> *Subject:* [Urang Sunda] Re: [kisunda] Usik di na waktu keur SHALAT
>
>
>
> Mani kayungyun eta model solat Bah AA jeung Kang Febi. Leuwih tegang jiga
> tangtara baris-berbaris jigana teh. Uing mindeng bareng solat jeung
> mangpirang bangsa ti kawasan Arab, Yaman, Afrika, Irak, jeung sajabana. Si
> eta mah solat teh nyalse we teu nepi ka kereng jiga tangtara. Aya anakna
> ngencar ti gigireunana, ditewak heula sina balik deui ka tempatna, aya hape
> ngirining dikodok heula dipareuman. Nu encan manggihan teh, nu solat bari
> capek-rahem we.
>
>
> 2013/7/17 Abbas Amien <[email protected]>
>
>> **
>>
>>
>> Usik di na Shalat
>>
>> Sacara prinsip/pada dasarnya dalam shalat ; lamun urang keur shalat
>> saenyana teu meunang usik, atawa moyeg; ari lain oyag ku sabab ngarenghap
>> mah.
>> Tapi ddi na satiap shalat aaya GERAK, nu teu meunang henteu kudu
>> dilakukeun, nya eta saat urang nuju ka RUKU; eta mah gerakna memang kudu
>> dilakukeun, masing teu kaasup rukun oge.
>> Tah di na waktu urang PINDAH ti na AJEG ka ruku; di dinya urang meunang
>> gagaro !
>> Saterusna ti na Ruku nuju I’tidal, ieu ge waktu gerakna wenang gagaro;
>> tapi di na posisi RUKU jeung I’tidalna mah sarua kudu manteng; teu meunang
>> usik.
>> Tuluy waktu pindah ti I’tidal ka sujud ( ieu rada lila meueusan ); tah
>> eta meunang bari gagaro atawa dehem; tapi sanggeus aya na posisi SUJUD,
>> kudu manteng deui. Teu meunang moyeg, ngarenghap mah teu naon2.
>> Jadi cohagna mah urang teh ngaagunakeun fasilitas gagaro, lamun keur
>> pindah ti hiji RUKUN ka Rukun sejenna. Tapi di na keur laku ajeg, Ruku,
>> I’tidal, Sujud jeung Diuk; sama sakali teu meunang MOYEG prinsipna.
>> Kumaha mun teu bisa nahan ? Nya eta mah pasrahkeun we ka Gusti; ngan
>> urang keukeuh kudu USAHA ulah MOYEG, batuk atawa dedeheman.
>> AAA
>>
>
>

Kirim email ke