Sampurasun Baraya,
Asa kagere ku Mang Kabayan, tina hal panalungtikan ilmiah urang Sunda. Leres 
pisan kitu. Bangsa deungeun mah "motekar" kana sagala hal elmu pangaweruh. Dina 
mieling ulang taun UNPAD 27 Oktober 2008, Pak Gandjar (Rektor UNPAD) ngayakeun 
acara "Talkshow Kasundaan" khususna ngeunaan "Tanah Sunda" (Sunda Land). Ieu 
tema dibahas ku Jurusan Geologi kumargi "Sunda Land" anu dipopulerkeun ku para 
ahli Geologi beh dieunakeun aya tanda tanda dikriminilisasi ku para ahli 
Politik. Anu janten nara sumber  kawilang inohong anu tos moyan nyaeta Prof. 
DR. Kusumadinata sareng Prof.DR. Adjat Sudradjat. Ari Sim Kuring mah maparkeun 
"gagasan wungkul" ukur ngahihidan ngiring ngageuing kapara akademisi UNPAD 
supados ngayakeun panalungtikan ngeunaan fenomena "Sunda Land" (ku simkuring 
disebut Geosunda) naha ngaran "SUNDA" dipake dina istilah "Geologi" jeung 
"Geografi". Boa-boa teu samanea, bisa jadi cikal bakal peradaban dunya. Tah ti 
saprak harita, asa nyambung nu mobok
 mangging gorowong, Dinas Parawisata Provinsi Jabar ngayakeun seminar/kongres 
"Reinventing Budaya Sunda" di Bogor, diloyogkeun jeung hipotesa aya "Benua 
Atlantis" anu karem ku laut jauh samemeh ayana peradaban Mesir. Nya jadi 
haneuteun.... 

Tapi diantos antos teh memang sesah geuning dugi ka ayeuna teu acan kakuping 
aya Doktor wedalan UNPAD anu geus hasil nalungtik fenomena/misteri Geosunda" 
dikaitkeun jeung peradaban dunya.

Ieu mah sanes "Theis", tapi saukur "implengan" manawi aya anu kageuing 
neraskeun panalungtikan, mangga uninga wae dina lampiran aya "paparan pdf" Sim 
Kuring dina acara "Talkshow Kasundaan" di UNPAD kasebat di luhur. Intina 
nembrakeun hipotesa yen bisa jadi asalna peradaban Nusantara (atawa dunya?) teh 
ti Tatar Sunda (Sunda Land) didasarkeun kana fakta ayana titinggal fosil manusa 
purba, kala Sunda, legenda jeung rupa rupa budaya Nusantara oge hasil 
panalungtikan ahli genetika. Ditambah "daya tarik" anu tacan bisa dijelaskeun 
sacara ilmiah, yen ayeuna kabuktian di "Sesa Tanah Sunda" (Jabar, Banten) geus 
jadi pusat kagiatan Pemerintahan RI kaasup Ibu Kotana aya didinya, jadi pusat 
ilmu jeung teknologi, kawuwuh ayana urang "Baduy" anu kukuh ngagem budaya 
"Kasundaan"....  Sajabina ti eta aya sifat urang Sunda anu bisa jauh ngumbara, 
teu weleh hayang balik ka sarakan najan di tempat anyar geus beunghar... Malah 
"bangsa deungeun" anu harayang cicing di Tanah
 Sunda (Nusantara) oge bisa jadi katarik ku lelembutan nana pedah meureun 
baheulana katetesan DNA Sunda. Boa-boa enya DNA urang geus katarik ku 
"Gravitasi Tanah Sunda" sabab asalna oge tidinya. Wallohu'alam.

Wilujeng ngimpleng...



________________________________
 From: mang kaby <dkaba...@gmail.com>
To: UrangSunda <urangsu...@yahoogroups.com>; Baraya_Sunda 
<baraya_su...@yahoogroups.com>; Kisunda <kisunda@yahoogroups.com> 
Sent: Thursday, July 25, 2013 4:53 AM
Subject: [kisunda] Re: [Urang Sunda] Re: Sawarga
 


  
Eduuuuun nya euy bule mah tuh daraekan kitu nalungtik nu antik-2 teh hehehehe.

Siga Neng Alix Landmann tea anu urang Jerman manehna oge nalungtik Baduy keur 
nyieun Disertasi asana mah.

nuhuuuuns,
mang kabayan
www.udarider.com
________________________________

From:  "mang jamal" <ja...@itenas.ac.id> 
Sender:  urangsu...@yahoogroups.com 
Date: Wed, 24 Jul 2013 21:30:45 +0000
To: <urangsu...@yahoogroups.com>
ReplyTo:  urangsu...@yahoogroups.com 
Subject: Re: [Urang Sunda] Re: Sawarga
  

Di KITLV leiden aya meneer Tom van Den Berge disertasina ngeunaan "elmu jeung 
seni dina puisi sunda mangsa kolonial"

Mang edi s ekadjati kungsi dipasihan disertasi eta terus disumbangkeun ka pusat 
studi sunda. Hanjakal basa londo.

Tom kungsi cas cis cus nyarita basa sunda ngan paroho deu cenah da tara dipake. 
S3na di leiden adi kelas sasemester kang mikihiro moriyama.

munggaran dipanggihan di leiden  bari netelakeun jejer disertasi uing manehna 
sasadu teu bisa mantuan ngan daek diajak diskusi (uing butuh peer grup keur 
diskusi) manehna mere nginjem masajalah antik poesaka soenda. Majalah eta 
kusnet boga di wa sas kiriman kang rektor unpad nu harita atase dikbud kbri 
paris.



Powered by du'a indung bapa
________________________________

From:  "mang jamal" <ja...@itenas.ac.id> 
Sender:  urangsu...@yahoogroups.com 
Date: Wed, 24 Jul 2013 21:18:55 +0000
To: <urangsu...@yahoogroups.com>
ReplyTo:  urangsu...@yahoogroups.com 
Subject: Re: [Urang Sunda] Re: Sawarga


Urang sunda gampang narima islam salah sahiji alesan hipotetikalna nya kusabab 
us boga akar monoteis.

Eta oge nu jadi sabab basa asup hindu nu boga tilu dewa tea diposisikeun di 
handapeun level sunan ambu.

Alesan khas mang kaby naha us gampang narima islam sabab dina islam kaci 
nyandung bilangan opat. Wkwkwkw

Powered by du'a indung bapa
________________________________

From:  "mang kaby" <dkaba...@gmail.com> 
Sender:  urangsu...@yahoogroups.com 
Date: Wed, 24 Jul 2013 21:03:29 +0000
To: UrangSunda<urangsu...@yahoogroups.com>; Kisunda<kisunda@yahoogroups.com>; 
Baraya_Sunda<baraya_su...@yahoogroups.com>
ReplyTo:  urangsu...@yahoogroups.com 
Subject: [Urang Sunda] Re: Sawarga

Mang Engkus,
Hade tur jero pisan tah pedaran teh Mang. Tah eta salah sahiji kakurangan 
ajaran Ageman anu dianut ku Urang Indonesia jaman ayeuna nyaeta kurang na 
ngulik hakekat euy. Pernah maca oge dina Blog jeung Internet ngeunaan 
Naqsabandyah Abah Anom tea anu asalna eta aliran teh ti Abu Bakar As Sidiq 
malah tibalik ngaheulakeun heula hakekat kakara geus kitu syareat ceunah. 
Soalna lamun geus ngarti ngeunaan hakekat ngajalankeun syareat mah gampang da 
tinggal syareatna jeung leuwih ikhlas jeung khusu da apal hakekatna. 

Anu panasaran tah Mang Engkus mangihan ajaran karuhun eta timana sumberna Mang? 
Mun aya bukuna atawa pdf-na alungkeun atuh Mang panasaran hayang apal euy 
xixixi. Tah Mang terus ti jaman iraha atawa ti taun sabaraha eta ajaran teh 
geus aya/ kumelenang? Terus kumaha perkembangan ajaran karuhun eta ti taun ka 
taun, asupna hindu, budha, islam, jrrd? Ayeuna populasi jelema anu masih 
ngalaksanakeun ajaran karuhun eta estimasi sabaraha jelema Mang jeung dimana 
wae? 

Mamang boga hipotesa tea boa bener Ajaran karuhun urang pang kolotna tea 
sumebar kamamana terus dimarodif ku para nabi geus kitu ayeuna eta baralik deui 
ka urang?

Soalna mun nempo kronologis pan aya blank spot ti Adam anu 6000-an SM (Saacan 
Masehi) tea ka paradaban samemehna. Kitu deui ti Adam ka Ibrahim 2000SM Bapana 
Ageman Samawi bedana 4000-an taun. Tah di taun 3000-an SM geus aya perdagangan 
antara Bangsa Urang jeung Mesir Kuno, buktina dina Mummy aya lada ti urang anu 
diasupkeun kana irung Mummy. Sementara pan ceuk Mang Yani Gunung Padang anu 
ahli ti UI eta 25000SM. Lamun bisa nyieun kawasan Gunung Padang eta nepika kitu 
pan jelema-2 Sunda jaman baheula geus pinter tah geus boga katauhidan pan 
hartina geus boga kayakinan ngeunaan Kapangeranan. 

Hipotesa eta oge didukung yen pangaruh Hindu oge sabage ajaran ageman anu pang 
kolotna ceuk MJ wayahna ngan asup ka na level 3 hehehe. Artina ajaran Ageman 
karuhun ieu oge flexible/ adaptable tea narima pangaruh oge, ngan anu inti-2na 
eta ajaran teu leungit nyaeta Nu Kawasa n' Nu Ngersakeun anu cicing dina buana 
nyungcung (level 1) jeung Nyi Pohaci/ Sunan Ambu anu sahandapeun (level 2) nana 
teu kaganggu, kakara eta dewa-2 Hindu asup kana level 3. 

Tah kunaon Islam baheula bet leuwih ditarima ku Urang Sunda boa-2 nyakitu 
kusabab secara hakekatna jero-2an na  ampir sarua palebah kapangeranan hartina 
Alloh SWT ieu teh persis pisan jeung Nu Kawasa Nu Ngersakeun tea anu cicing di 
Buana Nyungcung?

Tah Islam asup ka Tatar Sunda oge ceunah Abad ka-7, maca di bukuna Mang Edi S 
Ekadjati. Berarti ti jaman Rosul hirup keneh atawa teu jauh sangeusna rosul 
hirup Islam nerekel asup ka Tatar Sunda. 

Sigana hade tah lamun aya anu daek nalungtik eta dijadikeun Skripsi, Thesis, 
atawa Disertasi.

Anu hedeeed mah euy Urang Walanda mah Coster De Witsman nyieun Disertasi taun 
1929 teh ngeunaan Si Kabayan hehehe. Ditalungtik ditaliktik dikotektak diguar 
nepika jadi Disertasi Doktoral, urang Sunda aya anu kitu oge diantarana nya MJ 
hahaha Boboko jeung Seeng oge ditalungtik jadi weh Doktor Seeng jeung Boboko 
wkkkkkk.

nuhuuuuns,
mang kabayan
www.udarider.com
________________________________

From:  engkus ruswana <engkusrusw...@yahoo.com> 
Sender:  urangsu...@yahoogroups.com 
Date: Thu, 25 Jul 2013 03:30:47 +0800 (SGT)
To: urangsu...@yahoogroups.com<urangsu...@yahoogroups.com>
ReplyTo:  urangsu...@yahoogroups.com 
Subject: Bls: [Urang Sunda] Re: Sawarga
  
Sampurasun Bah AA,
Sapamanggih simkuring, ajaran jeung atikan ti karuhun Sunda dina nitah bener 
jeung nyaram salah teh, lain ku cara ngabibita jeung nyingsieunan da cara kitu 
mah paragi keur ka budak. Karuhun Sunda mah sangkan  jalma dina hirupna balener 
teh ku cara pangartian.... diajak ngarti..., ngarti sajarah dirina (nyaho kana 
purwadaksina), ngarti soal hirup-hurip jeung naon tugas hirupna di dunya 
(ngamandala, ngertakeun bumi lamba), jeung ngarti kana jati dirina ku cara 
"Nyungsi Diri Nyuay Badan Angelo Pesan Tunggal). 

Tah ku cara kitu kajeun urang mana atawa bangsa mana oge, tangtu bakal deuheus 
ka dirina, deuheus ka indung-bapa jeung luluhur bangsana sorangan, deuheus 
jeung nyaah ka lemah-caina sorangan, mikanyaah ka budayana sorangan (kaasup 
bahasana)....... Hirup bakal boga pamadegan sabab tuntunan hirupna
 teu ditangtukeun kumaha ceuk batur jeung teu dumasar kana cenah jeung beja nu 
can tangtu benerna.

Sanggeus ngarti kana hakekat hirup jeung kahirupan, tangtu jalma jadi boga 
ugeran, boga 
pamilih, hirupna moal nepi kaleuleuwihi atawa kamalinaan, jadi teu payus eta 
bah AA boga 
panyangka goreng ka luluhurna sorangan (aya paribasa "luluhur batur 
diugung-ugung, karuhun dianggap sigung") make disakompetdaunkeun jeung 
Hegel, Karl Marx, Dawkins jeung Luling sagala..... pamali eta teh bah....

Bener ceuk Mang Kabayan, jalma jahat teh lain kulantaran teu percaya ka sorga 
jeung naraka,...nyatana di bangsa urang ayeuna nu korupsi ceuk bah AA, naha aya 
bukti eta dilakukeun ku nu ngagem ajaran karuhun?.. Tapi sabalikna loba 
koruptor nu ngalakonan syareat agamana leket, malah teu kurang koruptor nu geus 
ka hajina ge sabaraha kali, malah aya oge nu boga pangkat tokoh agama.... 
maranehna percaya sorga jeung naraka.  ,Tapi kulantaran can tepi kana pangarti 
hakekat hirup jeung kahirupan, oge mungkin kanyahona, ku cara naek haji bakal 
meunang ganjaran sakitu kali lipet, tambah sanggeus beres ngajalankeun puasa 
dirina bakal fitrah alias suci deui,..... Ahirna  nya kitu tea... syareat  
agama dilaksanakeun, korupsi jalan terus.....................

Kitu deui mun ngabandungan nu jadi teroris, manehna percaya pisan kana sawarga 
jeung naraka, malah ku
 kayakinan eta maranehna kalawan sadar tur senang mergasa jeung ngabinasa jalma 
lianna nu teu tuah teu dosa, da boga anggapan bakal mati syahid jeung asup ka 
sawarga bageanna.
 
pun tabe
ER
       

Baraya_Sunda <baraya_su...@yahoogroups.com>; Kisunda <kisunda@yahoogroups.com> 

Dikirim: Rabu, 17 Juli 2013 20:13angtu benerna.

Judul: [Urang Sunda] Re: Sawarga
 


  
Bah AA teori nu jahat teh kulantaran teu percaya surga naraka eta oge rada 
kurang pas hehehe. Soalna dina prak-2an nana loba anu percaya ka surga jeung 
naraka tapi tetep weh kalakuan teu eucreug hehehe.

Saperti nu dicaritakeun ku MJ sabalikna jalma-2 di nagara Eropah Skandinavia 
anu geus mulai ninggalkeun ageman justru perilakuna leuwih eucreug. 

Sigana perilaku masyarakat ieu hubunganna jeung sistem kanagaraan anu dipake, 
kapamingpinan, jeung epektip henteuna eta sistemna dimasyarakat. 

Mun di Indonesia sistem ayeuna kurang epektip jalanna, hukum masih keneh 
kusyut, sistem pajeg oge leuwih loba disikat ku nu teu eucreug, kitu oge 
pangwangunan hehehe.

Meureun ketang...

nuhuuuuns,
mang kabayan
www.udarider.com
________________________________

From:  Abbas Amien <abas_ami...@yahoo.com> 
Sender:  urangsu...@yahoogroups.com 
Date: Wed, 17 Jul 2013 20:26:29 +0800 (SGT)
To: urangsu...@yahoogroups.com<urangsu...@yahoogroups.com>
ReplyTo:  urangsu...@yahoogroups.com 
Subject: Re: Bls: Spam RE: [Urang Sunda] Sawarga
  
Sae pisan eta guaran teh kang engkus Ruswana. Sim kuring ampir we surak, muji ka
na kasantikaan nyeraat eta masalaah sorgamaniloka.

Paingan atuh paingan seueur koruptor; da meureun seueur oge nu ngiring ka na
patekadan nu diserat ku kang Ruswana. Pokona SURGA teh didunya. Geus paeh mah
paling ge jaddi kadahaaran CACINGH ! Tah puas2keun hirup di dunya ! Kumaha we
carana mah; rek meres rek korupsi asal ulah kapanggih !!!
Sigana mah karuhun teh sajalaan jeung bangsana Hegel, Karl Marx jste.
Sarua oge jeung cecekelan ki Dawkins jeung oge meureun LULING tea.
Mangga we da sadaya bebas kagungan pamadegan sewang2an.



________________________________
 From: engkus ruswana <engkusrusw...@yahoo.com>
To: "urangsu...@yahoogroups.com" <urangsu...@yahoogroups.com> 
Sent: Wednesday, 17 July 2013 6:02 PM
Subject: Bls: Spam RE: [Urang Sunda] Sawarga
 


  
Sampurasun! Mang Jamal, oge dulur-dulur, hampura simkuring rek mairan nyoko 
kana ajaran kolot.
 
Mun ngimeutan kana ajaran luluhur urang nu disilokakeun dina wayang,  sawarga 
teh disebutna swargamaniloka, nu asal tina kecap sa-waruga-mani-loka, nu 
hartina sawaruga = sadiri sakujur, mani (keur awewe manikem) =  bahan diri, 
loka = tempat, jadi hartina "sadiri sakujur nu asal jeung tempat mani", nu 
ngawasana disebut Sanghyang Manikmaya (manik=mani, maya=cahaya) nu hartina 
"gaib nu nempatan dina cahaya mani" ....cing saha jalma nu lain asal tina 
cahaya mani??.

Eta Manikmaya disebut oge Batara Guru, nu hartina saha bae jalma bakal guguru 
teh ka nu aya dina diri, salah jeung bener kumaha ceuk dirina liwat pangawasa 
Gusti nu aya dina diri, nyaeta nu disebut guriang tujuh (guru hyang tujuh), 
nyaeta pangawasa, pangersa/kadaek,
 hirup, uninga, rungu, tingali, ngandika, seperti nu digambarkeun dina carita 
sangkuriang jeung Mundinglayadikusumah. Nya ngolahna make alat anggauta badan 
nu sok diistilahkeun "wali sasanga" salapan lahir jeung sifat batinna, nyaeta 
1. uteuk jeung elinganna, 2. ceuli jeng dengena, 3. panon jenug tingalina, 4. 
sungut jeung ucapna, 5.irung jeung ambeuna, 6. hate jeung pikirna, 7. syaraf 
jeung rasana, 8. leungeun jeung obahna, 9. suku jeung langkahna. Tah eta wali 
sasanga nu 9 lahir jeung 9 batin nu jumlahna jadi 18, ku luluhur ahli seni 
disimbulkeun dina 18 senar kacapi, oge disimbulkeun dina kendang indung ku 9 
tali paragi ngantengkeun kulit nu nyambung wengku (nu disebut rarawat)... 
meureun hartina diri urang kawengku ku salapan pangawasa nu kudu dirarawat.

Eta Manikmaya oge sok disebut Hyang Jagatnata...nu hartina ngatur 
jagat/dunya...dunya gede (buana) nya dunya leutik (diri)....cing saha nu ngatur 
jagat teh mun lain eta hyang/sukma nu aya dina
 sadirina-sadirina da jalma paeh (nu geus teu aya hyangna) mah tong boro bisa 
ngatur dunya... ngatur dirina ge teu mampu alias kudu diatur ku batur. 
Manikmaya oge disebut Hyang Pramesti nu asal tina kecap prama-hesti (nu 
ngutamakeun pikir).... jadi lain ngandelkeun otot. Lian ti eta masih keneh aya 
ngaran-ngaran alias lianna nu intina ngagambarkeun fungsina diri jeung 
pangawasa gaib nu nyicingan swarga, matak sok disebut oge Kahyangan (tempat 
hyang atawa Kagustian/KaTuhanan).

Tah nu ngajaga swargamaniloka teh nyaeta dewa Patuk (sungut) jeung Dewa Tumboro 
(beungeut), matak sing saha bae nu rek asuk ka swarga kudu taranjang (sagala 
kadaharan nu rek asup kana diri kudu dibuka/leupaskeun cangkang/bungkusna), tah 
dina gerbang swarga ku dewa Patuk dipariksa mun aya nu aneh sok 
diusir/diutahkeun, nya atuh Dewa Tumboro ge ngilu tugenah (roman beungeut jadi 
robah).

Disebutkeun swargamaniloka teh tempat sagala kanikmatan jeung kamewahan, loba
 widadari (Widya-ndari), sok we pan ngeunah dahar, ngeunah nginum, nikmat sare, 
nikmatna sapatemon laki-bini, genahna tutupakan, genahna nganikmati imah, 
pamandangan jsb.....make naon mun teu make diri... mun teu make diri sarua 
jeung ngalamun alias menghayal...... jadi dimana urang geus mulih ka jati 
mulang ka asal, asal diri (nu disebut dulur papat) geus baralik ka sa-asalna 
deui, asal seuneu balik ka seuneu, asal angin/udara balik deui ka angin/udara, 
asal cai balik ka cai, asal bumi balik ka bumi. ......dina asup ka sawarga 
ngeunah-genah-merenah-tumaninahna rek make naon????. 

Tah di swargamaniloka disebutkeun aya kawah "candradimuka" (candra = 
gambaran, muka = beungeut) dimana mun aya nu asup teu dipiharep boh nu 
teu katingali atawa nu wujudna katingali eta kawah sok ngagolak, matak 
mun meunang kaaambek/kakeuheul/kasedih pon kitu deui panyakit, eta 
beungeut sok robah jadi beureum atawa pias, sungut/kawah nyorocos 
ngaluarkeun lahar ku nyarekan laklak dasar, mun panyakit sok rumahuh 
atawa sasar, teu ngeunah barangdahar jeung teu genah cicing. Tah kaayaan dina 
kitu diri teh jadi tepat sagala katugenahan alias jadi naraka.   

Jadi ceuk ajaran luluhur Sunda mah sawarga jeung naraka teh nya aya dina diri, 
jeung dina kaayaan keur hirup, mun hayang manggih sawarga nya kudu ku cara 
ngajaga diri sangkan cageur, kalakuan sing bageur, kanyaho sing bener, pamilih 
sing pinter (ulah nu enya dilain-lain nu lain di enya-enya) dijiwaan ku sikep 
jujur, tangtu salamet, mun teu kitu tangtu pinanggih jeung naraka.

Kumaha mun urang geus paeh?..... ceuk kolot urang teh ngan ukur ngubara di 
dunya, mun urang geus beak lalakon, nya balik deui ka asalna nu disebut "alam 
padang pwe panjang nagara tunjung sampurna"... nu asal ti alam balik deui ka 
alam (seuneu jeung haneutna, angin jeung hiliwirna, cai jeung tiisna, bumi 
jeung tetepna). Tah nu asal ti Gusti nya baik deui ka Gusti (manunggaling 
kawula-gusti), sabab ingsun/kuringna mah lain
 urang dunya tapi nu asal ti Gusti manunggul deui jeung Gusti nu teu nitis deui 
ka dunya (mangga imeutan Siksakandang karesian sok sanajan make istilah-istilah 
jiga Hindu, tapi eusina asali Sunda). Matak dina kapapatenan ceuk sunda mah 
disebutna teh "Mulih ka Jati Mulang ka Asal"

Haar....atuh urang teu bisa ngarasakeun nikmatna sawarga mun urang geus 
paeh......... pan tadi disebutkeun hayang ngarasakeun nikmatna sawarga mah nya 
di dunya keur hirup keur make keneh diri..... mun urang boga cita-cita geus 
paeh hayang ka sawarga nu digambarkeun alamna endah, loba widadari, cai cur-cor 
dimana-mana, kadaharan sagala aya, papakean sagala alus...... apan eta mah 
gambaran sifat jeung nafsu duniawi,  atuh eta mah sarua jeung beurat keneh ka 
dunya...rek kumaha bisa mulih ka Jati mun kitu???.... matak mungkin ku hal eta 
loba jalma nu geus paeh tapi masih sumpang-simpang teu bablas ngarah ka jalan 
paasalan, da mungkin neangan sawarga.

Ceuk ajaran luluhur nu bener mulihna mah mun "geus teu naon-naon ku naon-naon" 
lir ibarat bayi (sing saha nu teu ngabenerkeun yen bayi mah masih suci???? 
ngacung).... tah kabeh urang ngalaman jadi bayi heula....cing aya nu inget 
kumaha urang keur bayi?...apan eta sarua jeung teu naon-naon ku naon-naon.... 
jadi ajaran luluhur mah dina urang geus beak lalakon teh kudu balik deui suci 
jiga bayi dan urang teh digumelarkeun ka dunya dina kaayaan suci. Mun jalma 
dina beak lalakon bisa model kitu, tinangtu bakal bisa "ngahyang"....... ceuk 
kolot urang gubrag gumelar ka dunya babarengan antara lahir-batin jeung 
kuringna......, naha dina mulang bet teu babarengan? kuringna jeung batina 
balik tiheula, ari lahirna bet pandeuri...... mangtaun-taun karek bisa balik 
deui ka asalna... atuh teu adil teu kompak.

Tah matak ceuk kuring mah soal ngahyangna sababaraha luluhur urang, ceuk 
pangarti kuring lain hayalan, sabab ceuk ajaran
 datang ka dunya jeung balik ti dunya teh sabenerna kudu babarengan ulah silih 
tinggalkeun antara lahir (waruga) - batin (uga) jeung kuingNa (isun).

Cag ah.... guaran simkuring panjang nya??...... tapi sugan we bisa nambahan 
kanyaho kana ajaran luluhur Sunda. 

Rampes.
pun tabe 
Engkus nun




________________________________
 Dari: mj <ja...@itenas.ac.id>
Kepada: urangsu...@yahoogroups.com 
Dikirim: Selasa, 16 Juli 2013 15:23
Judul: Spam RE: [Urang Sunda] Sawarga
 


  
 


hese nyaritakeun sawarga nu saeunyana mah,
kabeh ge ngan ukur ngimpleng, boh dumasar katerangan quran boh imaji
science-fiction/sci-fi.
Hiji-hiji
cara sangkan nyaho persis mah, nya kudu maot heula. Tapi nya kudu asup sawarga,
da mun asup naraka mah rek kumaha ngadongengkeun sawarga?
Wkwkwkw.
Bilih aya nu bade ti payun mangga pisan. Ke we dongengkeun di milis kusnet ieu
kumaha-kumahana sorga kiwari. Geus make ac sigana mah
wkwkww
 
 






 

Kirim email ke