Taaah sigana kitu MJ eta leuwih make sense keur Mamang :).

Katambah-2 ceuk kolot baheula ceunah Adam teh ti Tatar Sunda nya Wallohualam 
oge.

Ngan rada make sense lamun Urang Arabs ngimpleng Tropis teh sabage Surga / 
Kebon Janah / Eden Park tea. 

Kunaon pek weh tempo ayeuna urang Arabs resep pisan Indehoy di Puncak neangan 
"Hawa-2" xixixi. Malahan ayeuna geus nepi ka Ciwidey, Ciater, kulantaran nya 
ngeunah tiiis, loba bubuahan termasuk loba CINYUSU hahaha.  

Tah bisa jadi euy Adam ieu Urang Arab manehna ngulampreng ka Tatar Sunda 
manggih Hawa / Sunan Ambu anu pituin Sunda kawin weh terus sumebar weh.

Pan kacaritakeun tina peradaban mesir kuno dina Mummy aya Lada diasupkeun kanu 
irung, eta lada asalna ngan ti Sundaland. Kuring nempo peradaban mesir Kuno oge 
ternyata ceunah 4500-an tahun oge bieu nempo di ingternet, aya kalung anu 
umurna sekitar eta. Artina ieu ampir sajaman jeung Adam anu panjang umur tea. 

Taaaah boa yeuuuh bisa jadi Adam keur ukuran jelema Urang Sunda mah 
katinggalina siga buta jangkuuung badag hehehe. Hawa misal yeuh pituin urang 
lembur paling pan jangkungna 150cm taah nempo Bangsa Arya / Arab anu jangkung 
gede anu 2.2M kanyutna sagede kohkol pasti anyiiiiir ceunah raksasa buta tah. 
Bisa jadi kitu hehehe. Bisa Jadi Adam n' Hawa dipanggihkeun di Sundaland terus 
nyieun paradaban anyar meureun ketang hehehe.

Wallohualam :). 

nuhuuuuns,
mang kabayan
www.udarider.com

-----Original Message-----
From: "mang jamal" <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Thu, 18 Jul 2013 15:14:42 
To: <[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] RE: Monotheisme jeung Tauhid ( Re: [kisunda] Re: 
Sawarga)



Enya kitu pisan bah. Saacan adam sigana aya malah mungkin loba mahluk 
sarupaning atawa sebut we ras manusa ngan sebut we beda dna. Wkwkw

Arkeolog nu sok aprak-aprakan ngali situs jst sok manggihan rangka sejenis 
manusa. Boh tangkorak  atawa tulang taleng. Direkonstruksi. Sigana adam jenis 
manusa homo sapiens tea (sapien duka naon hartina). Aya jenis pitecantropus 
Jeung rupa-rupa 'penampakan" manusa purba.

Dina postingan saacan ieu,  nu tina wikipedia dijentrekeun adam species nu 
leuwih unggul. Jst adam manusa munggaran dina species atawa rasna. Da pikeun 
boga turunan, adam ngawin-ngawinkeun anakna ka anakna deui. Da can aya manusa 
species manehna atawa ras sejen tos tumpur diganti ku ras adam. .

Adam manusa munggaran dina jenisna. Mun ningal kaayeunakeun manusa loba rasna, 
sanes ras inget tapi jenisna:  bisa jadi adam teh ras kaukasoid (bule), semit 
(timur tengah),  negroid (afrika), polinesia. asia kitu. Beh dieu loba ras 
campuran alatan kawin silang. Hehe 

Pikeun nangtukeun adam ras mana kudu diimpleng kira2 rebuan taun baheula ras 
mana nu kabudayaanana geus maju-luhur. Hipotesis atawa pamanggih herwig atawa 
santos soal atlantis di nusantara sundaland bisa dikaitkeun sugan tambah jembar 
atawa nambah lieur.

Cara hawa diturunkeun ka bumi pastina di wewengkon nu bisa dieusi kalayan 
layak. Cek kaby mah nya di tropis nu loba bubuahan kari metik kari am.

Sakadar ilustrasi kumaha manusa purba diajar ngembangkeun budayana mertahabkeun 
eksistensina aya di widang antropologi: utamana dina tahapan peradaban manusa. 
Jaman batu jaman logam jst. Aya tahapan moro, meramu bercocok tanam/pepelakan, 
jst nepi ka ayeuna industri pasca industri.

Sigana manusa adam mah dipasihan pangaweruh kumplit ku pangeran da disebutna 
kelas nu mulia.

Di wewengkon sejen aya manusa nu perlu rratusan/rebuan taun pikeun bisa maju. 
Cara dina tahapan perdaban. Mimiti moro, terus ngumpulkeun kadaharan meramu, 
terus pepelakan.

Kumaha cenah manusa purba diajar pepelakan? Nya nenjo/diajar ka alam. Buah nu 
murag sok jadi tangkal. Manusa nempo tangkal jadina tina siki. Ti dinya manusa 
melak siki. Kaasup siki pare hehe.




Powered by du'a indung bapa

-----Original Message-----
From: Abbas Amien <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Thu, 18 Jul 2013 22:46:26 
To: [email protected]<[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] RE: Monotheisme jeung Tauhid ( Re: [kisunda] Re: 
Sawarga)

Tapi eta ge teu nangtukeun yen SUDAH ada manusia selain Adam. Paling ada 
makhluq mirip manusia; itu pun masih belum tentu begitu. Malaikat bisa tahu 
mungkin saja atas panjelasan Tuhan sendiri yang seterusnya diharewoskeun ku 
Iblis nu ngahaja niup2 malaikat supaya protes ! yen engke teh maanusa baakal 
silih paehan jeung bakal ngaaruksak dimuka bumi. 
Mungkin oge kanyaho Malaikat ngan semet sakitu; nu matak ku Gusti disebutkeun 
Kami nyaho nu maraneh teu nyaho.
Pangpangna mah naon sababna TUHAN nyiptakeun ADAM ? 
NYa latar belakangna mah IBLIS tea rek disingkapkeun kalakuan MAKARNA !
Untung Malaikat gancang saladar.
Tah jadi moal disebutkeun rek ngajadikeun Adam sabage khalifah mun saacanna 
ayaa manusa lain !?
Atuh meureun teu kudu disabit sabit deui ? Nu matak dikhususkeun riwayatna na 
Qur_an pasti aya istimewana. Lamun manusa geus lobaa samemeh Adam; keur naon 
atuh ayaa carita Iblis ? Naha teu disebutkeun : Malaikat jeung manusa katut 
JIN/Iblis kudu sujud ka ADAM ! Mun enya mah geus aya MASNUSA lain !?
Moal enya ngan UKUR malaaikat nu dipiwarang ? Ari manusa lain diantep onaamaan 
!?
jeung ku naon disebutkeun katurunan Adam bakal silih musuhan silih paehan !? 
naha maanusia mun enya geus aya teu disebut sebut ? 
Mun enya eta para manusa nu jadi CONTO kanyaho Malaikat, naha teu diasupkeun 
sakaturunan jeung Adam ? Nu bakal silih paehan di na ayat2 saterusna pan 
turunan Adam; laain manusa sejeenna; mun enya aya manusa sejenna saacan Adam !?




________________________________
 From: mang jamal <[email protected]>
To: [email protected] 
Sent: Thursday, 18 July 2013 9:21 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] RE: Monotheisme jeung Tauhid ( Re: [kisunda] Re: 
Sawarga)
 


  

Nyelang heula, ku ngadadarkeun surat al baqarah ayat 30: ku basa nasional da 
meunang copas:



"Dan (ingatlah) ketika Tuhanmu berfirman kepada malaikat: "Sesungguhnya Aku 
hendak menjadikan seorang khalifah di bumi". 

Mereka bertanya (tentang hikmat ketetapan Tuhan itu dengan berkata): "Adakah 
Engkau (Ya Tuhan kami) hendak menjadikan di bumi itu orang yang akan membuat 
bencana dan menumpahkan darah (berbunuh-bunuhan), padahal kami sentiasa 
bertasbih dengan memujiMu dan mensucikanMu?" 

Tuhan berfirman: "Sesungguhnya Aku mengetahui akan apa yang kamu tidak 
mengetahuinya". 

[Surah Al-Baqarah ayat 30.]


Tilik malaikat ngawalon bewara pangeran. Malaikat geus apal kalakuan manusa. 
Hartina saacan adam aya jenis manusa nu kalakuanana geus kapanggih nya sawareh 
goreng adat sok silih paehan/perang jsb. Eta kalakuan masih keneh dipilampah 
manusa tug nepi ka kiwari. 






Powered by du'a indung bapa
________________________________

From:  Abbas Amien <[email protected]> 
Sender:  [email protected] 
Date: Thu, 18 Jul 2013 22:03:18 +0800 (SGT)
To: [email protected]<[email protected]>
ReplyTo:  [email protected] 
Subject: Re: [Urang Sunda] RE: Monotheisme jeung Tauhid ( Re: [kisunda] Re: 
Sawarga)

Mangga aayeuna urang ngiring ka na logika kang Yadi. Adam sanes manusa mimiti. 
Teras manusa mimiti nu mana atuh ?



________________________________
 From: YADI supriadi wendy <[email protected]>
To: [email protected] 
Sent: Thursday, 18 July 2013 3:43 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] RE: Monotheisme jeung Tauhid ( Re: [kisunda] Re: 
Sawarga)
 


  
On 2013-07-18 15:33, Abbas Amien wrote:
> Naha kang Yadi cangcaya ka na Kun Fayakun ?
>
>
Percaya!
Mung bae kuring mah percaya oge yen sunatullah teu pernah robah. Jadi 
ngahartikeun kun fayakun lain siga sulap, tapi peryogi proses.
>
>
> Carita penciptaan Adam ieu
> ge nyaurkeun teciptana manusia awal tea ! Cing iraha atuh awal manusa
> teh ? Ti amuba heula ?
>
>
Cobi dina kalimah mana yen Adam salaku manusa munggaran? Nu aya ge 
salaku KHALIFAH! Alquran teu pernah ngabahas perkawis asal muasalna 
manusa munggaran. Carita Adam manusa munggara asal muasalna tina carita 
kitab-kitab agama sanes nu tos dibebeskeun kana uteuk sareng polo manusa 
kaayeunakeun. Dugi ka tos siga bener kitu kajadianana. Ieu hubunganana 
sareng dosa munggaran, dikaitkeun sareng penebusan dosa nu kedah 
dilakukeun ku anak manusa pikeun ngabebaskeun tina dosa warisan tea.

Kitu manawi, mugi janten waspaos
--
Wassalam,

Yadi Supriadi Wendy
.: dikirim ku kadeudeuh :.



 

Kirim email ke