Re: [Urang Sunda] Re: wilujeng ka menteri ti us
Amrik anu GDP na $ 16.000 Milyard Menterina ngan 14 urang, Indonesia anu GDPna ngan $ 560 Milyard Menterina 34 urang On 10/23/09, Roro Rohmah roro.roh...@sidola.com wrote: Marty, tadinamah sugan teh sanes urang Sunda da nganggo y, biasana mah Marti. Komo jaman kiwari mah i tungtung nami teh ngaruh pisan, meh rada “ngota”…ari dipiwarang ngeja nami ni sok omat-omatan… “Awas nya make way lain i” Pas ningali tungtungna Kartalegawa, ah yakin ieu mah urang Sunda, da Jawa mah pasti o hehehe… Punten heureuy ah, Pa Marty! Iseng we nembe mah ngawangkong sareng nu gigireun kaleresan carogena urang Garut, trah menak .. “Pajar urang Garut, sugan wawuh jeung Kang Marty nu jadi Menlu”. “Wawuh mah henteu, ngan emang rada dulur… kapi-kapi…” Hr…. jauh atuh ari kapi-kapi mah, komo ngan saukur sabrayna misan mah heuheu… Leres Bah Wil… sanaos saur Kang Irpan tea mah “embel-embel” Raden teh warisan kolonial, tapi ningan ku Den Marty mah masih keneh dianggo, ngangken keneh anjeunna terah menak Garut. Untung anjeuna pameget, masing nikah ka urang Thailand ge pala putrana kaci nganggo gelar Raden, pami istri mah tos laer panginten… licik silsilah getih biru mah nya?... Paingan atuh Gan EsBiWay mercantenkeun jabatan Menlu ka anjeuna da ti anom keneh apaleun kana kaayaan luar nagri. Kamari noong na koran, urang Ambon daremo pedah teu aya nu ngawakilan janten mentri. Ari keukeuh unggal seler kedah aya wawakil janten mentri mah, kacipta seueur pisan jabatan menteri teh diaya-ayakeun. sigana. Wilujeng, ngiring reueus ka US nu janten mentri, ro2 waluya2...@yahoo.co.id 10/23/09 03:48PM Dudi Herlianto dudi.herlia...@... wrote: tina kieu kuring mah jadi hayang nanya, keur naon atuh urang ngobrolkeun hal ieu di dieu? daningmun urang hayang jadi nu dianggap sacara nasional atawa regional nepi ka internasional teh teu kudu jadi urang sunda? lain ari kahayang ieu milis teh nanjeurkeun sundana oge teu ukur urang sundana wungkul? Hehehehe...Kang Dud, nu dimaksud nanjeurkeun sunda teh naon? Pan nu dimaksud teh jelemana. Jelema boga asal-usul, jeung umumna jelema perlu asal-usul ieu. Tingali we aran Marty Natalegawa nu teu leupas ti Raden, dalah anakna wae make Raden. Hartina Marty reueus kana asal-usul turunana nu asal Sunda. Ku aran wae, Marty Natalegawa sabenerna geus ngelebetkeun bandera Sunda! Baktos, WALUYA
Re: [Urang Sunda] Re: wilujeng ka menteri ti us
he he .. he he he ... ngarana wungkul kang aya sundana bigorafina mah ti sd keneh jakarta tp teuing ketang ncan pernah panggih2 an... ngan nu jadi fikiran anger we... SBY katurunan majapahit ... piraku tek jadi pengikut majapahit terus he heh e he he he.. ah neangan urek we yuk urang ngurek belut lah... 2009/10/23 mj ja...@itenas.ac.id Nuhun konfirmasi mah bah. Nu penting ayeuna aya US nu milu manggung ngurus nagara. Bahwa maranehna ituh tidak atawa kurang malire sunda, cek saha. Can tangtu. Boa maranehna ituh baroga katineung, milu prak ngan urang teu nyaho. Jadi ulah boga mental barangmaen atawa ngaharep us sejen/batur nu rek ngamajukeun sunda teh. Da ari pajabat nasional mah mikirna oge kudu nasional, sanagaraeun. Nu ngurus jawa barat-banten, pupuhuna nya gupernur. Ngamajukeun sunda, carana bisa ku ngamajukeun diri sorangan heula. Ari tugasna mah nya kabehan we nu ngaku jeung hayang US maju. Nya kari maju. Sabisana sanepina. -- *From:* urangsunda@yahoogroups.com [mailto:urangsu...@yahoogroups.com] *On Behalf Of *Waluya *Sent:* Thursday, October 22, 2009 11:24 AM *To:* urangsunda@yahoogroups.com *Subject:* [Urang Sunda] Re: wilujeng ka menteri ti us mj ja...@... wrote: 1. Armida Alisyahbana. Putrina Mochtar Kusumaatmadja, dosen FE Unpad. Ngan adat istri US mun nikah, tukangna sok make ngaran keluarga caroge, dina kasus bu Armida ka fam Alisyahbana, alias minantu Sutan Takdir Alisyahbana-urang minang meureun. MJ, tepatna minantu INCU Sutan Takdir, caroge Armida teh putrana Prof Iskandar Alisyahbana nu rektor ITB tea. Pak Iskandar oge istrina urang Sunda (dr Anna, spesialis Anak, nu gaduh yayasan Suryakanti di deukeut imah kuring di Cimuncang). Janten caroge Armida oge (Andi Alisyahbana) satengah sunda Keun we di Sunda oge aya nu ngaharib-harib, Mang Sobana ..hahaha Baktos, WALUYA -- --- AGUS PAKUSARAKAN +62 812 837 7662 www.blogs.garutleather.com --- www.independen.wordpress.com
Re: [Urang Sunda] Re: wilujeng ka menteri ti us
tina kieu kuring mah jadi hayang nanya, keur naon atuh urang ngobrolkeun hal ieu di dieu? daningmun urang hayang jadi nu dianggap sacara nasional atawa regional nepi ka internasional teh teu kudu jadi urang sunda? lain ari kahayang ieu milis teh nanjeurkeun sundana oge teu ukur urang sundana wungkul? naha ngobrol di dieu teh ukur nepi ka sakadar reueus? kitu deui perkara nganiley malire henteuna kana sunda, nu kabaca ku kuring mah, jiga analisisna kang agus paku tetep hade, sakuduna dilobakeun. sugan we ka hareupna urang bisa nimu ketak kasundaan si inohong. komo mun dibarung ku kanyahoan yen sby milih inyana teh salasahijina kulantaran ketak eta. barina oge da dina enyana ge si eta tokoh boga katineung bari urang teu nyaho naha nu disalahkeun urang? di dieu memang euweuh nu salah, nu jadi kahanjelu kuring mah, mj, (nya pedah anjeunna nu nyarios kuring nyieun balesan ieu, da dihenteu-henteu ge beliau teh kuncen di dieu) nu jigana mah sarua teu nyahona kana katineung sang menteri urang sunda kana sunda, ukur nyieun pernyataan samodel kitu. boa maranehna baroga katineung, cenah. ukur boa!! kuring mah inggis ku mj nyieun pernyataan cara kitu, urang bakal anggeus ngomongkeun urang sunda jadi menteri ukur semet ka sakadar reueus!!! sakitu we heula dudi kubunuh waktu kuhidu bau tubuh busuknya 2009/10/23 Waluya waluya2...@yahoo.co.id mj ja...@... wrote: Nu penting ayeuna aya US nu milu manggung ngurus nagara. Bahwa maranehna ituh tidak atawa kurang malire sunda, cek saha. Can tangtu. Boa maranehna ituh baroga katineung, milu prak ngan urang teu nyaho. Leres kitu MJ. Kuring mah sakadar reueus aya turunan sunda anu DIANGGAP sacara nasional, komo lamun internasional mah. Perkara malire sunda henteuna mah gumantung kana naon profesina. Tuafik Hidayat nu jago badminton kelas dunia, tanggtu we rada hese dipikareueus lamun make kriteria malire Sunda mah, sabab nu dipalire ku manehna mah jelas-jelas kok jeung raket ...hehehe. Taufik Hidayat jadi hebat, teu leupas ti pangaruh jago-jago badminton nu tiheula asal sunda siga Iie Sumirat. Tah samodel kitu nu diharepkeun teh, tina mimitina mah miboga kareueus ka nu boga prestasi, akhirna jadi DORONGAN KUAT keur urang sunda sejenna pikeun boga prestasi nu pikareueuseun. Contona Taufik Hidayat nu kadorong ku prestasina Iie Sumirat. Ulah kieu, pas aya urang sunda naek kaluhur, lain reueus, tapi kalahka hayang murangteng. Leuheung lamun nu dipurantengan teh kuateun. Lamun teu kuateun? Nya ngagebru kabeh atuh Baktos, WALUYA _,___ -- d-: dudi herlianto :-q kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
RE: [Urang Sunda] Re: wilujeng ka menteri ti us
Haha. nya kumaha atuh, da lahir gede di jakarta, di moskow di london di cibiuk teh lain kahayang. Tapi da kabawa kolot. Lain soal kudu lahir di bandung, atawa di tatar sunda, tapi nu penting aya us, dina kategori naon bae, nu milu ngurus nagara. Meh rada boga kareueus, teu era teuing, ngan ukur jadi tukang lalajow, ngan ukur jadi pelengkap penderita cek elmuning basa mah. haha _ From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:urangsu...@yahoogroups.com] On Behalf Of Urang Sunda Hudang Euyyy Sent: Friday, October 23, 2009 2:08 PM To: urangsunda@yahoogroups.com Subject: Re: [Urang Sunda] Re: wilujeng ka menteri ti us he he .. he he he ... ngarana wungkul kang aya sundana bigorafina mah ti sd keneh jakarta tp teuing ketang ncan pernah panggih2 an... ngan nu jadi fikiran anger we... SBY katurunan majapahit ... piraku tek jadi pengikut majapahit terus he heh e he he he.. ah neangan urek we yuk urang ngurek belut lah... Connect with others. . http://geo.yahoo.com/serv?s=97359714/grpId=1862056/grpspId=1705013556/msgId =143238/stime=1256281695/nc1=1/nc2=2/nc3=3
RE: [Urang Sunda] Re: wilujeng ka menteri ti us
Maksudna boa teh ulang boga adat suudon. Ngan ukur nganiley mun aya us jadi inohong di jkt sok malik, naon si eta gawena atawa ketakna pikeun kasundaan. Siga urang nu nyaho kabeh ketak urangsunda. Ari cek si kuring mah ku jadi inohong oge, jadi jelema, geus cukup, keur saheulanana, dina ieu konstestasi nasional, bersaing jeung seler sejen. Bahwa aya urang sunda jadi menteri nya nuhun, milu reueus. Sanajan teu ngaruh ka diri pribadi (biasana urang sok ngukur diri pribadi, cara saha oge walikota bandung atawa presiden teu ngaruh pikeun nasib diri sorangan -sikep fatalis nu ngagadekeun nasib ka pamingpin, padahal urang oge dibekelan akal jeung boga pangeran nu leuwih nangtungkeun). Baheula nyieun kaos make basa sunda, teh mun make konsepna mah kampanye reueus sunda. Sugan ku reueus timbul kacinta. Tangtu teu langkung masing-masing da si kuring oge teu boga kahadean pikeun susundaan. Sugan bisa ngadorong nu sejen sangkan bisa ningkatkeun prestasi. Cara carita taufik hidayat bah willy dina badminton, nu kapangaruhan ku iis sumirat. Model kang Yaya di Korea atawa kang Herman di IAEA, sanajan teu loba (boa loba, ngan urang teu nyaho) pikeun conto yen sabenerna urang oge bisa. Pikeun nyumangetan bangsa nu cenah pareumeun obor. Da boa oborna oge teu kungsi boga. Haha Geus heula ah, keur neangan tempat kos di leiden, insya alloh kemis hareup ngapung _ From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:urangsu...@yahoogroups.com] On Behalf Of Dudi Herlianto Sent: Friday, October 23, 2009 2:10 PM To: urangsunda@yahoogroups.com Subject: Re: [Urang Sunda] Re: wilujeng ka menteri ti us tina kieu kuring mah jadi hayang nanya, keur naon atuh urang ngobrolkeun hal ieu di dieu? daningmun urang hayang jadi nu dianggap sacara nasional atawa regional nepi ka internasional teh teu kudu jadi urang sunda? lain ari kahayang ieu milis teh nanjeurkeun sundana oge teu ukur urang sundana wungkul? naha ngobrol di dieu teh ukur nepi ka sakadar reueus? kitu deui perkara nganiley malire henteuna kana sunda, nu kabaca ku kuring mah, jiga analisisna kang agus paku tetep hade, sakuduna dilobakeun. sugan we ka hareupna urang bisa nimu ketak kasundaan si inohong. komo mun dibarung ku kanyahoan yen sby milih inyana teh salasahijina kulantaran ketak eta. barina oge da dina enyana ge si eta tokoh boga katineung bari urang teu nyaho naha nu disalahkeun urang? di dieu memang euweuh nu salah, nu jadi kahanjelu kuring mah, mj, (nya pedah anjeunna nu nyarios kuring nyieun balesan ieu, da dihenteu-henteu ge beliau teh kuncen di dieu) nu jigana mah sarua teu nyahona kana katineung sang menteri urang sunda kana sunda, ukur nyieun pernyataan samodel kitu. boa maranehna baroga katineung, cenah. ukur boa!! kuring mah inggis ku mj nyieun pernyataan cara kitu, urang bakal anggeus ngomongkeun urang sunda jadi menteri ukur semet ka sakadar reueus!!! sakitu we heula dudi kubunuh waktu kuhidu bau tubuh busuknya 2009/10/23 Waluya waluya2...@yahoo. mailto:waluya2...@yahoo.co.id co.id mj ja...@... wrote: Nu penting ayeuna aya US nu milu manggung ngurus nagara. Bahwa maranehna ituh tidak atawa kurang malire sunda, cek saha. Can tangtu. Boa maranehna ituh baroga katineung, milu prak ngan urang teu nyaho. Leres kitu MJ. Kuring mah sakadar reueus aya turunan sunda anu DIANGGAP sacara nasional, komo lamun internasional mah. Perkara malire sunda henteuna mah gumantung kana naon profesina. Tuafik Hidayat nu jago badminton kelas dunia, tanggtu we rada hese dipikareueus lamun make kriteria malire Sunda mah, sabab nu dipalire ku manehna mah jelas-jelas kok jeung raket ...hehehe. Taufik Hidayat jadi hebat, teu leupas ti pangaruh jago-jago badminton nu tiheula asal sunda siga Iie Sumirat. Tah samodel kitu nu diharepkeun teh, tina mimitina mah miboga kareueus ka nu boga prestasi, akhirna jadi DORONGAN KUAT keur urang sunda sejenna pikeun boga prestasi nu pikareueuseun. Contona Taufik Hidayat nu kadorong ku prestasina Iie Sumirat. Ulah kieu, pas aya urang sunda naek kaluhur, lain reueus, tapi kalahka hayang murangteng. Leuheung lamun nu dipurantengan teh kuateun. Lamun teu kuateun? Nya ngagebru kabeh atuh Baktos, WALUYA _,___ -- d-: dudi herlianto :-q kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
Re: [Urang Sunda] Re: wilujeng ka menteri ti us
naon nya? mun make definisi yen etnis teh bangsa nu nyicingan hiji wilayah tangtu sabenerna mah sunda teh geus euweuh dikieuna! ngan urang teu bisa mungkir urang sunda kiwari masih loba nu ngaku, nu asa jadi ahli waris kabudayaan karajaan sunda masih rea. titingalna oge masih keneh rea nu dipake. ku kituna najan wilayahna mah sacara de jure geus leungit, tapi budaya sundana mah masih aya, diaku sacara yuridis ku nagara indonesia. tah kusabab karereanna mun ngomongkeun budaya hiji bangsa nu geus 'euweuh' leuwih nujul ka wilayah kasenianna nya sahenteuna eta we heula nu para inohong ditanjeurkeun. ti marty urang bisa ngudag sangkan nambah babarikeun grup-grup kasenian nu rek makalangan di luarnegri misalkeun. keur nu sejenna mah hayu urang pikiran babarengan :) heueuh nulis kieu teh da bane we aya di milis urangsunda, da sabenerna mah sunda keur kuring ukur romantisme, jeung alat komunikasi ka kulawarga jeung ka sobat. teu leuwih! teu penting deui sunda (etnis sacara kasaluruhan) mun deuk dibabawa ka politik mah. maksudna mun dina emprona taun 2019 kuring jadi presiden ge kasangtukang etnis moal ieuh dipadulikeun keur milih pembantu kuring! :)) ngan salaku jalma nu dina danget ayeuna masih keneh resep ka kasenian jeung resep kukulayaban neang titingal sunda, kuring embung mun eta karesep dileuleungit!! nya meureun lamun kuring rek ngumaha masalah ieu ka nu keur makalangan di nasional, taya sanes nu munggaran ku kuring didatangan tangtu urang sunda!! lamun eta inohong euweuh anleh kana kasundaan mah atuh meureun kuring teh ngabentur cadas. ngan kuring ge satuju jeung mj palebah da ieu mah inohong sa-indonesia nya tangtuna oge si urang sunda teh teu wae hayang nanjeurkeun kasundan tapi oge kajawan, kabatawen, kamalayon jeung ka-an-ka-an bangsa-bangsa pembentuk bangsa anyar indonesia sakabehna! teu meunang ponteng jeung cueut ka sunda wungkul!! gayana mah, dina hal ieu sikep mah kuring jiga hiji pentolan JIL nu mangsa ditangtang ku lawanna sangkan ninggalkeun agama atawa ngaganti agama unggal waktu ku jalaran si JIL eta nganggap kabeh agama sarua. si JIL ukur ngawaler, ah cape kudu kikituan mah. geus we neruskeun nu dicekel ti kamari, toh kabeh ge pan sarua. pindah atawa ngaganti ku nu sarua mah pan kateuteuari. kitu deui kamandang kuring dina peretnisan, nganggap kabeh etnis sarua, ngan bubuhan kuring dijurukeun di sumedang nya kapaksa etnis nu nempel dina awak teh *sunda, *kagok borontokna kapaksa oge kudu micinta haha da lamun teu cape guntaganti mah hayang unggal minggu kuring ganti, minggu ieu sunda minggu isuk asmat misalkeun haha halah jadi ngalantur nya? intina mah, maksud kuring keukeuh peuteukeuh sangkan urang ulah ukur nepi ka reueus wungkul ku ayana urang sunda nu makalangan jadi menteri teh nya kusabab hiji kuring aya di milis urangsunda, kadua sabab kuring dipaksa kudu jadi urang sunda!! ku kituna ngarasa reueus keur kuring mah kurang kacida kuring embung kelebet sunda teh ukur kelebet bobodoan... *** ngeunaang kasang tukang, atawa kabutuh urang ka kasangtukang, keur kuring mah lamun bisa nyieun sorangan naha kudu ngumaha terus ka karuhun!! hahaha !dudi nb:ngeunaan noong kasundaan tina ngaran geus bias ayeuna mah, loba ngaran menak nu geus di'paling' ku cina. pan ngaran asep wae ge aya nu urang batawi. 2009/10/23 Waluya waluya2...@yahoo.co.id Dudi Herlianto dudi.herlia...@... wrote: tina kieu kuring mah jadi hayang nanya, keur naon atuh urang ngobrolkeun hal ieu di dieu? daningmun urang hayang jadi nu dianggap sacara nasional atawa regional nepi ka internasional teh teu kudu jadi urang sunda? lain ari kahayang ieu milis teh nanjeurkeun sundana oge teu ukur urang sundana wungkul? Hehehehe...Kang Dud, nu dimaksud nanjeurkeun sunda teh naon? Pan nu dimaksud teh jelemana. Jelema boga asal-usul, jeung umumna jelema perlu asal-usul ieu. Tingali we aran Marty Natalegawa nu teu leupas ti Raden, dalah anakna wae make Raden. Hartina Marty reueus kana asal-usul turunana nu asal Sunda. Ku aran wae, Marty Natalegawa sabenerna geus ngelebetkeun bandera Sunda! Baktos, WALUYA -- d-: dudi herlianto :-q kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
RE: [Urang Sunda] Re: wilujeng ka menteri ti us
Nuhun konfirmasi mah bah. Nu penting ayeuna aya US nu milu manggung ngurus nagara. Bahwa maranehna ituh tidak atawa kurang malire sunda, cek saha. Can tangtu. Boa maranehna ituh baroga katineung, milu prak ngan urang teu nyaho. Jadi ulah boga mental barangmaen atawa ngaharep us sejen/batur nu rek ngamajukeun sunda teh. Da ari pajabat nasional mah mikirna oge kudu nasional, sanagaraeun. Nu ngurus jawa barat-banten, pupuhuna nya gupernur. Ngamajukeun sunda, carana bisa ku ngamajukeun diri sorangan heula. Ari tugasna mah nya kabehan we nu ngaku jeung hayang US maju. Nya kari maju. Sabisana sanepina. _ From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:urangsu...@yahoogroups.com] On Behalf Of Waluya Sent: Thursday, October 22, 2009 11:24 AM To: urangsunda@yahoogroups.com Subject: [Urang Sunda] Re: wilujeng ka menteri ti us mj ja...@... wrote: 1. Armida Alisyahbana. Putrina Mochtar Kusumaatmadja, dosen FE Unpad. Ngan adat istri US mun nikah, tukangna sok make ngaran keluarga caroge, dina kasus bu Armida ka fam Alisyahbana, alias minantu Sutan Takdir Alisyahbana-urang minang meureun. MJ, tepatna minantu INCU Sutan Takdir, caroge Armida teh putrana Prof Iskandar Alisyahbana nu rektor ITB tea. Pak Iskandar oge istrina urang Sunda (dr Anna, spesialis Anak, nu gaduh yayasan Suryakanti di deukeut imah kuring di Cimuncang). Janten caroge Armida oge (Andi Alisyahbana) satengah sunda Keun we di Sunda oge aya nu ngaharib-harib, Mang Sobana ..hahaha Baktos, WALUYA