haha...kang Hendri, hanjakal nu pangalaman jadi presiden teh ngan duaan, ceu Mega 
jeung Gus Dur. nu duanana oge asana gagal. hamzah haz pangalaman jadi penggembira, 
wapres. tah atuh keun we Agum tandang, da ngan ukur penggembira, wapres mah ngan purah 
seuri jeung keprok. tapi Agum boga terah tangtara. sugan we nagreg teh teu hareeng bae 
soal hankamna.

Agum sukses jadi letnan jendral jeung jendral pangsiun. kapake jadi menteri ti jaman 
kusut, habibie, gus dur, mega. ari soal kareta tiguling ngapal murag mah, ti jaman 
menhubna Danutirto oge geus karitu. pesawat atawa parabot karetana sigana geus karolot 
geus karahaan.

oge ngurus PSSI. ti baheula ge, PSSI hayeuh moyodok. lain soal nu ngurus eta mah. 
mentalna urang mah teu boga mental juara. 

siga ayeuna, kondisi kusut, salahkeun presiden. ari rt, rw, lurah, walikota camat 
gubernur atawa instansi terkait (teuing ku naon kakaitna)

ieu kieu teh alatan HMS salila 30-an taun leuwih nyiptakeun kondisi nu teu numbuhkeun 
sikep2 nu alus. kaasup adat suradat korupsi. jadi rada hese sigana ngahadeanana.

conto cetek mah, baheula, loba msiswa malaysia sarakola di urang, ayeuna mah tibalik. 
hartina aya proses mundur. hiks.  jadi dina sagala rupana, moyodox bangsa dewek teh...

Agum teu jagoan dina ngurus ekstrakurikuler sarupaning olah ragi. da ongkoh sagala oge 
paralel jeung kamajuan nu sejen. Agum teh kuda hitam. mun teu aya manehna, teuing tah 
dekrit presiden gus dur tea teuing kumaha ieu nagreg jadina. da cenah Agum nu riweuh 
harita. da manehna nu masih keneh bisa deukeut kakuasaan. apan wiranto ku gus dur sina 
ngundurkeun diri, jsb.

ayeuna, saha deui US nu manggung di jakarta? paling Hasan Wirayuda, menlu. Rochmin 
Danuri, menteri kalautan, urang cirebon.

Agum di tangtarana ti kopassus. komando pasukan susah terus. wiranto jeung sby lain. 
Mj

http://geocities.com/mangjamal



Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
     http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
     [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
     http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke