Enya kitu ...Mang J, kabehdieunakeun teh sagala rupa dage urang mah. Euweuh
pisan agulkeuneun. Aya ketang eta Jang Alexander Saa ? (duh hilap), Budak
SMA ti irian (teu wani nyebut "jaya" da kanyataanana mah susah) nu jadi
pinunjul dina ngadu pinter widang fisika sa dunya. Lieur milihan politisi
dalam karung keur jenengkeuneun persiden teh. Hayang milih urang sunda, tapi
mandeg mayong sieun ngerakeun.  

Kungsi kuring heureuy jeung babaturan, pan ayeuna mah sagala profesi ge
ceunah kudu digarap ku professional nu hiji saratna teh nya pangalaman,
kumaha mun urang kontrak we juragan clinton urut persiden pinunjul ti AS.
Teu jadi deui persiden soteh lain pedah rea ulin peuting jeung neng monik
(lewinsky ?), tapi kabates ku jatah nu ngan dua kali ngadeg di ditu mah. 

-----Original Message-----
From: mj [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Wednesday, May 12, 2004 7:35 AM
To: [EMAIL PROTECTED]
Subject: [UrangSunda] re:capres+cawapres anyar euy!



haha...kang Hendri, hanjakal nu pangalaman jadi presiden teh ngan duaan, ceu
Mega jeung Gus Dur. nu duanana oge asana gagal. hamzah haz pangalaman jadi
penggembira, wapres. tah atuh keun we Agum tandang, da ngan ukur
penggembira, wapres mah ngan purah seuri jeung keprok. tapi Agum boga terah
tangtara. sugan we nagreg teh teu hareeng bae soal hankamna.

Agum sukses jadi letnan jendral jeung jendral pangsiun. kapake jadi menteri
ti jaman kusut, habibie, gus dur, mega. ari soal kareta tiguling ngapal
murag mah, ti jaman menhubna Danutirto oge geus karitu. pesawat atawa
parabot karetana sigana geus karolot geus karahaan.

Agum teu jagoan dina ngurus ekstrakurikuler sarupaning olah ragi. da ongkoh
sagala oge paralel jeung kamajuan nu sejen. Agum teh kuda hitam. mun teu aya
manehna, teuing tah dekrit presiden gus dur tea teuing kumaha ieu nagreg
jadina. da cenah Agum nu riweuh harita. da manehna nu masih keneh bisa
deukeut kakuasaan. apan wiranto ku gus dur sina ngundurkeun diri, jsb.

ayeuna, saha deui US nu manggung di jakarta? paling Hasan Wirayuda, menlu.
Rochmin Danuri, menteri kalautan, urang cirebon.

Agum di tangtarana ti kopassus. komando pasukan susah terus. wiranto jeung
sby lain. 
Mj


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor ---------------------~-->
Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70
http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
---------------------------------------------------------------------~->

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
     http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
     [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
     http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke