|
kuring mah rek ngadukung Gus Dur ngarah
tetep jadi calon presiden ... sanajan enya moal milih manehna oge ... he .. he
...
lamun gus dur angger maju jadi capres ..
sora NU pecah jadi 3, tangtu wae mega jeung wiranto moal loba meunang suara ...
tah dina putaran kadua berarti tinggal 3
pasang calon ... hamzah-agum, sby-kalla, amien-siswono ...
selanjutnya terserah anda ... he .. he
...
\budhi
oritate permai
----- Original Message -----
Sent: Wednesday, May 12, 2004 9:34
AM
Subject: [UrangSunda]
re:capres+cawapres anyar euy!
haha...kang Hendri, hanjakal nu pangalaman jadi
presiden teh ngan duaan, ceu Mega jeung Gus Dur. nu duanana oge asana gagal.
hamzah haz pangalaman jadi penggembira, wapres. tah atuh keun we Agum tandang,
da ngan ukur penggembira, wapres mah ngan purah seuri jeung keprok. tapi Agum
boga terah tangtara. sugan we nagreg teh teu hareeng bae soal
hankamna.
Agum sukses jadi letnan jendral jeung jendral pangsiun.
kapake jadi menteri ti jaman kusut, habibie, gus dur, mega. ari soal kareta
tiguling ngapal murag mah, ti jaman menhubna Danutirto oge geus karitu.
pesawat atawa parabot karetana sigana geus karolot geus karahaan.
oge
ngurus PSSI. ti baheula ge, PSSI hayeuh moyodok. lain soal nu ngurus eta mah.
mentalna urang mah teu boga mental juara.
siga ayeuna, kondisi kusut,
salahkeun presiden. ari rt, rw, lurah, walikota camat gubernur atawa instansi
terkait (teuing ku naon kakaitna)
ieu kieu teh alatan HMS salila 30-an
taun leuwih nyiptakeun kondisi nu teu numbuhkeun sikep2 nu alus. kaasup adat
suradat korupsi. jadi rada hese sigana ngahadeanana.
conto cetek mah,
baheula, loba msiswa malaysia sarakola di urang, ayeuna mah tibalik. hartina
aya proses mundur. hiks. jadi dina sagala rupana, moyodox bangsa dewek
teh...
Agum teu jagoan dina ngurus ekstrakurikuler sarupaning olah
ragi. da ongkoh sagala oge paralel jeung kamajuan nu sejen. Agum teh kuda
hitam. mun teu aya manehna, teuing tah dekrit presiden gus dur tea teuing
kumaha ieu nagreg jadina. da cenah Agum nu riweuh harita. da manehna nu masih
keneh bisa deukeut kakuasaan. apan wiranto ku gus dur sina ngundurkeun diri,
jsb.
ayeuna, saha deui US nu manggung di jakarta? paling Hasan
Wirayuda, menlu. Rochmin Danuri, menteri kalautan, urang cirebon.
Agum
di tangtarana ti kopassus. komando pasukan susah terus. wiranto jeung sby
lain. Mj
http://geocities.com/mangjamal
Komunitas
UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor |
ADVERTISEMENT
![click here]() | |
![]() |
Yahoo! Groups Links
|