|
kacaturkeun .....salah saurang anu
dianggap teroris di jero tahanan pulisi, sebut wae mang K (punten bilih kasebat
nami .. ), nampa surat ti indungna. "K, sakeudeung deui mangsa melak jagong. Ti
saprak (sanes tikuprak ..) anjeun ditahan, saha anu rek mantuan ema macul di
kebon tukangeun imah ?". Amir gancang ngabales eta surat, "Ema, kade ulah macul
di kebon pengkereun bumi, sabab di dinya abdi nyumputkeun bom, bisi kapacul heg
ngabeledug".
Sapoe samemeh eta surat nepi ka indungna,
datang pulisi sakompi ti JIHANDAK (meureun ieu mah ... ). Ku pulisi
dipaculan kebon anu tukangeun imah mang K teh, meureun eta
surat teh disensor ku pulisi samemeh dikirimkeun ka indungna mang
K.
Pasosore, pulisi mulang ka markasna bari
teu mawa hasil nanaon, teu manggihan bom atawa bahan bakuna oge.
Sabaraha poe ti harita, indungna mang K teh ngirim surat deui. "K, sapoe samemeh
ema nampa surat, datang sakompi pulisi terus maculan kebon urang. Ayeuna ema
kudu kumaha atuh ?"
Mang K ngajawab, "Ema teu kedah ringrang,
teu kedah sieun. Malah mah Ema kedah nganuhunkeun ka para pulisi kumargi tos
masihan bantosan kanggo mangmaculkeun kebon anu di pengker tea".
\budhi
oritate permai
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Yahoo! Groups Links
|
- [UrangSunda] beruang.... Edwin Bastian
- [UrangSunda] Re: dongeng teroris Budhi Setiawan
- [UrangSunda] Re: dongeng teroris kumincir
- Re: [UrangSunda] dongeng teroris Hasan Garut
- Re: [UrangSunda] dongeng teroris Budhi Setiawan
- Re: [UrangSunda] dongeng teroris Hasan Garut
- Re: [UrangSunda] dongeng teroris durahman

