Ieu dongeng teh saduran jigana mah nya. Mun teu hilap aya dina buku
"Elementary/Intermediate/Advanced Reading" tulisan T. Hill. Punten ah ieu mah
sakadar koreksi nya.
kacaturkeun .....salah saurang anu
dianggap teroris di jero tahanan pulisi, sebut wae mang K (punten bilih
kasebat nami .. ), nampa surat ti indungna. "K, sakeudeung deui mangsa melak
jagong. Ti saprak (sanes tikuprak ..) anjeun ditahan, saha anu rek mantuan
ema macul di kebon tukangeun imah ?". Amir gancang ngabales eta surat, "Ema,
kade ulah macul di kebon pengkereun bumi, sabab di dinya abdi nyumputkeun
bom, bisi kapacul heg ngabeledug".
Sapoe samemeh eta surat nepi ka
indungna, datang pulisi sakompi ti JIHANDAK (meureun ieu mah ... ). Ku
pulisi dipaculan kebon anu tukangeun imah
mang K teh, meureun eta surat teh disensor ku pulisi samemeh
dikirimkeun ka indungna mang K.
Pasosore, pulisi mulang ka markasna
bari teu mawa hasil nanaon, teu manggihan bom atawa bahan bakuna
oge. Sabaraha poe ti harita, indungna mang K teh ngirim surat deui. "K,
sapoe samemeh ema nampa surat, datang sakompi pulisi terus maculan kebon
urang. Ayeuna ema kudu kumaha atuh ?"
Mang K ngajawab, "Ema teu kedah
ringrang, teu kedah sieun. Malah mah Ema kedah nganuhunkeun ka para pulisi
kumargi tos masihan bantosan kanggo mangmaculkeun kebon anu di pengker
tea".
\budhi
oritate permai