sim kuring pernah maca dongen model kieu. sanes di text book basa ingris tapi di buku anu judulna....duka judulnamah hilap tapi eusina bodor-bodor ABU NAWAS. kuring meser buku ie di kareta purwojaya pangaosna rp. 2.500. Mirah da..bukunateh leutik ukurana kira-kira 15x10cm. kandelnamah paling-paling.....sasenti. Kertasna nganggo kertas buram.
 
Caritana mirip. Harita abunawas di penjara ku raja pedah tas 'ngerjain' raja. Tapi di lain pihak abu nawas kudu melak kentang di kebon tukangen imah manehna da tos wayahna usum melak kantang. Kulantaran akalna anu brilian Teras abunawas ngintun surat ka istrina anu aya di rorompok ........(teu kedah di lanjutkeun da..caritana ampir sarua).
 
Wasalam,
DURAHMAN 
----- Original Message -----
Sent: Thursday, May 13, 2004 3:29 PM
Subject: Re: [UrangSunda] dongeng teroris

Ieu dongeng teh saduran jigana mah nya. Mun teu hilap aya dina buku "Elementary/Intermediate/Advanced Reading" tulisan T. Hill. Punten ah ieu mah sakadar koreksi nya.

Budhi Setiawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
kacaturkeun .....salah saurang anu dianggap teroris di jero tahanan pulisi, sebut wae mang K (punten bilih kasebat nami .. ), nampa surat ti indungna. "K, sakeudeung deui mangsa melak jagong. Ti saprak (sanes tikuprak ..) anjeun ditahan, saha anu rek mantuan ema macul di kebon tukangeun imah ?". Amir gancang ngabales eta surat, "Ema, kade ulah macul di kebon pengkereun bumi, sabab di dinya abdi nyumputkeun bom, bisi kapacul heg ngabeledug".


Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke